Katarimakeun Kang Ilen, wilujeng Taun Anyar 1 Sura 1938 Saka. Rupina 
masih nganngo sistem anu lami nya Kang kalaiderna? heunteu sawios, 
anu mana bae. Pamugi urang dina candrasangkala "Hoyaging Karsa Tresna 
Bumi" ieu, urang leres-leres tiasa tetep renggenek cinta ka lemah 
cai, mageuhan beungkeutan bangsa, persatuan jeung kesatuan tea.

Sakantenan bae Kang, bade tumaros. Dupi taun anu kalangkung 
Candrasangkalana naon nya? Hapunten, upami ieu patarosan teh janten 
kalebet "ngalieukan ka tukang". Dupi anu taun 2003 mah saurna: Sunda 
Saguning Rat Tri Tangtu", naha leres kitu? Diantos pedaranana.

Baktos,
manAR
(Sun Rawayan Raksaning Gusti. PS: ieu mah minangka pangdu'a sakalian 
keur candrasangkala taun kalahiran, pamaparin ti hiji sepuh)



--- In [email protected], ilen kardani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Wilujeng Taun Baru 1 Sura 1938 Saka,
> 
> Taun ayeuna teh ninggang dina taun Jim Ahir, winduna Windu Adi, 
dikawiran 
> ku dinten Jumaah Wage.
> Dupi Candrasangkalana "HOYAGING KARSA TRESNA BUMI", hartosna, "Dina 
kaayaan 
> rentagna hate, perasaan tagiwur, pikiran kalut ku rupa-rupa 
masalah, tapi 
> urang kudu tetep cinta ka Bangsa jeng Lemah Cai, urang bina 
persatuan jeung 
> kesatuan bangsa urang ku saling pikanyaah jeung pikaasih (Tresna).
> 
> 
> ilen kardani





PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke