Wa'alaikum salam,
 
Numbu catur pasualan komunikasi, nyakseni pisan heunteu gampangna perkara 
komunikasi anu nyambung, komo komunikasi efektif mah. Ceuk dina buku "Psikologi 
Komunikasi", saretan Kang Jalal, inohong ahli komunikasi urang Cicalengka tea, 
komunikasi anu efektif teh salian ti nyambung, diantaran oge numuwuhkeun rasa 
gumbira ka satiap pihak anu keur ngalakukeun komunikasina. Sigana, buku-buku 
ngeunaan komunikasi praktis saperti jejer psikologi komunikasi munasabah upama 
diilo ku sing saha bae anu haat merhatikeun pasualan komunikasi.
 
Sapuk pisan perkara ngawangun kaparigelan komunikasi, khususna komunikasi 
migunakeun basa Sunda, ngalangkungan ieu milist. Nyakitu, sim kuring oge ancrub 
di ieu milist teh diantarana dina raraga ngalancarkeun basa Sunda ku cara 
ngawiridkeunana. Pasoalan "wirid" basa Sunda anu sumangetna nerus ka lingkungan 
kulawarga, oge patali jeung pasualan komunikasi, kungsi dipostingkeu di 
milist-milist kasundaan. Diantara ku milist urangsunda disalabarkeun dina 
websitena. Mangga, eta seratan tiasa diuningaan bae di alamat ieu:
http://www.urang-sunda.or.id/komunikasi_manar.htm.
 
Salajengna, ngeunaan panutup pamairan ti Kang Maman, ka adayana bae kalayan 
khususin ka para moderator kisunda (alamat dina bcc) kanggo aspek teknisna, 
dihaturanan mugi kersa mairan atanapi ngemutan kanggo ngabakian pamundut Kang 
Mamang. Nyaeta, ngoropakeun atanapi nyimpen jejer-jejer anu kalebet "best of 
the best" (botb) anu kantos mucunghul di ieu milist dina file directory milist 
kisunda ieu. Mangga nyanggakeun ka sadayana pikeun nyusun kriteria anu kumaha 
posting anu kalebet botb teh, atanapi, kriteria sanesna kanggo ngaarsipkeun 
posting anu tos lebet dina file directory kisunda, kalawan teknisna na mah 
Insya Alloh para moderator tiasa midamelna.
 
Baktos,
manAR. 

Kang Maman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 

Waalaikum salam.
Muhun Kang, komo sim kuring, "kosa kata" sunda teh 
mung sekedik anu dipigaduh, aya oge mung
sakitu-kituna.
Simbol-simbol anu ngarangkai jadi kata teras kalimat,
sok kadangmah sesah ngedalkeunnana. Ku media ieu,
mudah-mudahan tiasa nambih perbendaharaan kosa kata
anu nuju ku sim kuring keur dilakonan.

Kang kantos nganjang ka restoran koperasi indonesia di
paris ? Saurna seeur orang indonesia nu teu tiasa
mulih ka indonesia ?

Hatur nuhun
MZ
Kango ka Kang Oman, kumaha upami dinu karopak(files
direktori) yahoo groups, dilebetkeun "file" anu
topikna kantos diguar di milis ieu, sepertos kintunan
Kang Ilen, perkawis topik "agama sunda"; atanapi
"best of the best" topik nu kantos mucunghul di ieu
milist, ti saha bae.



--- Ganjar Kurnia wrote:

> 
> Assalamu�alaikum Wr.Wb.
> Salah sawios pangajaran penting tina ayana diskusi
> dina rohangan milist ieu, tetela komunikasi teh
> sesah. Sering aya distorsi antawis naon anu
> didugikeun sareng naon ku anu katampi ku ana macana.
> Contona, dina mangsa pribados nyerat teu kedah
> nyebat profesor, amanat anu hoyong didugikeun teh :
> urang kudu bisa nempatkeun diri antara status jeung
> peran. Kusabab pribados ayeuna keur teu nyangking
> status jadi guru besar (hartosna nuju henteu
> ditugaskeun ngajar di paguron luhur) janten
> sapribadoseun mah asa teu kedah disebat profesor.
> > Hatur nuhun. 
> 
> Ganjar Kurnia
> 
> 





__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Mail - You care about security. So do we. 
http://promotions.yahoo.com/new_mail


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.

Yahoo! Groups Links










                
---------------------------------
Do you Yahoo!?
 Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke