Abah Joe..... baraya
Ari ngabodor teh sok kamalinaan, bade tomaros abah naon upami "tai 
kotok dilebuan ", naon hububunganana sareng handap asor.
Ieu abdi aya pangalaman ngajar sakola,  gawe wangunan jeung urang 
Yahudi sareng kontraktor Jepang.

Kahiji dina abdi ningali ngajarkeun  eta elmu silat cimande,  murid 
nepi kawani nunjuk-nunjuk kapala sakola, eta bahasanya teu 
nurustunjung, ieu mah tos umum di USA mah, emut abdi gaduh kalakuan 
buraong sok seueur pataros ka dosen  waktos di itb jiganamah moal 
lulus-lulus, da dosen anu karolot  ti itb terkenal boga jiwa feodal 
didikan Walanda. Dina waktos eta mah abdi oge buraong ka dosen nya 
sempet tesis teu diliuk-liuk acan tah  2 tahun di posma, ningali eta 
dosen feodal  pindah ka dosen anu ngora eta tesis 2 bulan janten teras 
lolos janten sarjana sanes "lulus".

Ka dua didamel jeng urang Jepon sareng Yahudi ngabidangan arsitek 
sareng kontruksi wangunan, hiji wangsa tutujuk kusuku nerangkeun eta 
teori
wangunan, Darah abdi mani naek ka uteuk keur nyepeng kampak , eta suku 
anjeuna kuabdi dikampak, etamah urang Jepon  ngorejat namina boss mani 
beungeut beureum. Anjeuna jongkok-jongkok sujud nyium suku abdi / 
hampura2 kuring, ceuk abdi teh kitu atuh ari janten boss teh ulah 
tutunjuk ku cokor atuh, tah kupanangan tangtos sae. Ti dinya gajih abdi 
naik, teras abdi dijantenkeun  mandor..bangunan mimpim 20 barudak urang 
Jepang di USA. Tah ulah handap asor di USA,
kagiles beak, lumayan saparantos eta kajantenan beuteung seubeuh-duit 
weteuh-dapur ngebul.

baktos
Yan NYC

On Thursday, February 17, 2005, at 12:53  PM, Joe Ragan wrote:

>
> Baraya,
>
> Saleresna mah cenah US mah sok handap asor, eta teh leres kedah kitu.
> Tapi mung waktos urang ngamimitian paamprok. Tah didinya urang teh 
> kedah handap asor. Tapi saatosna paamprok, teras urang parantos tiasa 
> "ngukur" kapinteranana, kabisana...tah mun sahandapeun urang, teu 
> salah mun eta kabiasaan handap asor teh ditinggalkeun. Mun didesek 
> urangna,jeung beungeutna beungeut cabokkeun...nya dicabok wae.
>
> Tapi mun tos "kaukur", jeung pangartina boh kanyahona leuwih ti urang. 
> Nya tetep handap asor nya teraskeun wae.  Komo deui mun matak 
> picilakaeun ka urangna, nya handap asor teras ngaleos we. Ngalayanan 
> nu burung mah jang naon, engkena urang sorangan jadi burung.
> Tah ieu "ajian" US sangkan salamet didunia.
>
> Tah kaleuwihan ieu mangga we tingali, seueur US nu kahot jadi 
> Diplomat. Oge dina sagala bidang.  Tapi nyaeta, sok lepat  "handap 
> asor-na" teh dina  nerapkeunana.
> Juragan Jenderal Ali Sadikin. Da geus jadi jenderal (KKO baheula mah), 
> terus  jadiGubernur DKI. Geuning wani we ngalawan eta Sang Prabu lima 
> bintang.  Teu aya salahna.
>
> Mun sersan pateteng-patetteng aksina jiga  Kapten, memang teu merenah 
> malah pikasebeleun. Tapi mun Kapten, popolotot ge ka bawahannya , nya 
> merenah wae da Kapten tea.
>
> Batur ngomongkeun, cenah gede hulu...tantang we...maneh bisa henteu 
> jiga aing !  Sok turutan.. Teu gampil jadi pamingpin nu "berwibawa".  
> Buktina US nu jiga Ali Sadikin ngan anjeuna wungkul. Mashudi, padahal 
> Jenderal nya ngan jadi jendral we. Geus sepuh geus jadi Jendral tetep 
> we bubudakeun....da eta cadel tea !!
>
> Abah Joe
>
>
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi 
> berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk 
> selalu mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>
Please visit
http://www.silatbooks.com/
http://www.silatpdusa.com/
Please write
[EMAIL PROTECTED]
[EMAIL PROTECTED]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke