Haturan Baraya....,

Upami si Kuring ngabandungan kahirupan tujuh taun katukang,salaku  
urang sunda di lembur kalawan jujur, ebreh katingal, yen kisunda teh 
jiga anu "ragrag martabat", seueur kulawarga anu teu mibanda rasa 
agul kana kasundaan, tong boro hayang nuluy keun jeung ngarojong 
kana tapak lacak kasundaan  supaya ajeg nanjeur bisa salaras 
ngimbangan kana kahirupan modern, dalah keur ngajarkeun basa sunda 
ka barudakna bae geus ngabogaan rasa rada gengsi di banding jeung 
ngajarkeun make basa nasional, majarkeun basa sundateh disebutna 
kampungan....,upami ayeuna masih keneh, kitu..???

Kukituna si Kuring diajar neuleuman hate adi2 anu aya di sakolaan,  
rata-rata ngabogaan imajinasi anu di pangaruhan kupikiran2 modern 
ngaliwatan musik, film2 Holywood, jeung tokoh-tokoh kaliber 
internasional anu jadi anutan maranehna, tug nepi kana hiji obrolan 
kieu; "Kang kuringmah bingung ieu teh naon anu bisa di agulkeun/di 
banggakeun ku kuring salaku urang sunda,kabogoh kuring bae gengsi 
lamun keur apel diajak ngomong sunda, keun bae da basa nasional oge 
nu urang keneh..... jst".

Tah ieu oge tiasa di buktoskeun ku ayana pakumpulan milis sunda anu 
seuseueurnamah di lebetan ku angkatan2 kapungkur, kirang di minati 
kugolongan barudak ayeuna, malah maranehna ngumpulna teh di Rohangan-
rohangan kusus kaluaran yahoo messengger anu  ngabogaan kalaluasaan 
anu leuwih, cenah.

Janten pamungkas.., naon atuh anu bisa di agulkeun ku urang sunda 
anu bisa ditepikeun ka barudak ayeuna anu bisa ngeusian kabutuhan 
tokoh, atanapi pigure anu salaras jeung daya imajinasi kamajuan 
jaman keur maranehna...???( atanapi wartoskeun bae kitu ayeuna aya 
urang sunda anu tos nyepeng di unggal parapatan di NYC... Abah Joe 
tea...he...he..hampura bah...


Punten ngacapruk....bilih atos aya obrolan anu sapertos kieu, nya di 
langkung sajah ....



Baktos

 
Asep Oeking-Fl










PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke