Wa'alaikum Wr. Wb.,
Ngiring belasungkawa anu kalintang ageungna ka dulur-dulur urang, boh anu tilar
dunya atanapi katalangsara alatan musibah taneuh (tumpukan runtah) urug di TPA
Cireundeu (kawentar salaku TPA Leuwih Gajah) di wewengkon Cimahi. Ka nu
ngantunkeun, pamugi ditampi Iman-Islamna; ka kulawargi anu dikantunkeun/kenging
musibah, pamugi aya dina katawekalan; atuh ka sugri anu nandangan musibah
sanesna, pamugi masing enggal damang sareng walagri deui sakumaha bihara-bihari.
Nyaeta atuh Kang, jaman "gagak ngelak dina luhur tutunggul" tea kitu ieu teh?
Musibah patungturun, ngadatangan urang teras-terasan. Sabagean memang papasten
anu rusiahna aya di Pangeran, sabagean deui meureun kulantaran laku arurang
keneh kawitna. Kungsi aya posting ngeunaan mangsa "panen musibah" anu keur
disanghareupan ku bangsa urang ayeuna. Paralun, sanes miharep tambah-tambah
musibah, namung seueur pisan kakirangan-kakirangan urang salami 32 taun
langkung katukang anu balukarna karandapan ayeuna.
Soal TPA bae contona. Antara tahun 1980-1990 teh aya panalungtikan aspek
geologi lingkungan ngeunaan lahan anu tiasa dianggo TPA kalayan aman pikeun
wewengkon anu disebut "Cekungan Bandung Raya" ("The Greater Bandung Region"),
anu ngawengku kacamatan-kacamatan di Kota Bandung, Kabupaten Bandung jeung Kota
Cimahi. TPA Dago, Leuwigajah, Cicabe, Pasir Impun, eta kalebet TPA-TPA anu
diusulkeun sangkan HEUNTEU diteruskeun salaku tempat miceun sampah (TPA). Pon
kitu deui, panalungtikan teh maparinan usul lokasi TPA anu sae (sacara geologis
rada kirang ngandung resiko bencana). Namung nyakitu, sok sanaos eta oge aya
TPA anu ditutup (TPA Dago, upamana),. rupina aya sabagean tina anu TPA diwagel
anu masih terus dianggo (beroperasi).
Sanesna ti eta, unsur jeung panalungtikan ngeunaan kaamanan TPA-TPA di urang
kalintang kirangna. Atuh sababaraha kali sim kuring nyakseni usulan pikeun
ngamanfaatkeun runtah kanggo gemuk NPK lengkep (kandungan organik sareng hormon
cekap) anu bahanna diantarana ngamanfaatkeun runtah, heunteu aya
lajuninglakuna. Padahal, upamana bae eta runtah teh unggal dinten langsung
kaserep ku industri gemuk (anu bahan bakuna tina runtah), sigana urang teh moal
pusing atawa moal seueur teuing masalah pakait jeung/alatan tempat miceun
sampah (TPA).
Baktosna,
manAR
Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ass. Wr. Wb.
Ngabandungan kaayaan di lembur beuki pikasediheun wae. Banjir, longsor
dimana-mana. Nembe pisan kenging wartos (di CNN oge aya), longsor di TPA di
Cireundeu 136 jalmi kaurugan runtah dugi ka teu aya dikieuna. Dugi ka danget
ieu nembe kapendak 7 an. Innalillahi wa inna ilaihi rooji'un.
Ganjar Kurnia
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Sponsor
Get unlimited calls to
U.S./Canada
---------------------------------
Yahoo! Groups Links
To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
---------------------------------
Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/