Upami nu kasebat "anak kolong" naha bet jadi anak
tangtara ?  Sugan osok tiarap di kolong ?

MZ
 
--- oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Wararaas Kang, enya asa kaingetan pangalaman keur
> leutik ku tulisan ngeunaan kolong teh. Inget keneh
> bae keur meujeuhna kembang pakarangan ceuk babasan
> mah harita teh, ari ti peuting lamun hayang
> kahampangan teh sok milarian kolong. Praktis da
> pacilingan teh sasatna di jero imah, lebah manah bae
> asal aya conggang (di Garut mah "rongrang" tea lain,
> istilahna) dina balagbag (palupuh) imah, nya didinya
> hajat leutik teh dilepaskeunana.
>  
> Aya deui Kang, kolong teh biasana nampeu ka balong.
> Da nyakitu, di tempat anu loba balongan mah, balong
> teh mindeng papipir jeung imah. Tah, lebah
> ngabedahkeun balong, kolong teh sok jadi pamiceunan
> leutak anu geus lila nyaeuran balong. 
>  
> Sigana enya, baheula, kahirupan masyarakat Sunda teu
> lepas oge ti kolong. Kolong imah, nyimpen sagala
> rupa panineungan jeung sajarah anu nyicingan eta
> imah. Ieu teh, pakait jeung  judul jejer, asa
> ngailhaman ngeunaan hiji babasan. Boa-boa, ka
> hareup, babasan "tungkul ka jukut, tanggah ka
> sadapan" teh meujeuhna ditambahan nu "noong ka
> kolong".
>  
> baktosna,
> manAR 
>  
>  
>  
> 
> 
> mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> barudak sunda kiwari mah jigana, utamana nun
> digedekeun di kota, boa apal boal heunteu kana naon
> anu disebut kolong. pikeun urang sunda entragan
> 70-an
> katukang mah tangtu arapal, sabab loba panineungan
> jeung nu disebut kolong teh. paling heunteu, pernah
> make kolong dina kaayaan walurat, upama tengah
> peuting
> geus teu katahan hayang kiih. nya sok diponcorkeun
> kana rongrang, lolongkrang palupuh, terus mancer ka
> kolong.
> 
> loba deui kagunaan kolong teh. salian sok dipake
> liang
> pancuran walurat, oge sok dipake kandang
> ingon-ingon.
> baheula mah ngukut ingon-ingon jiga hayam, marmot,
> jeung kelenci teh kandangna sok di kolong. numatak
> kitu, najan teu aya weker oge, wayah janari
> kasubuhnakeun urang lembur mah geus ting karuniang
> hudang, sabab kageuingkeun ku hayam jago
> kongkorongok
> di kolong. 
> 
> urusan kolong teh geuning lain tempat, lain wandana.
> 
> kolong imah urang sunda ukuranana biasanya kurang ti
> satengah meter. beda deui jeung kolong imah urang
> banjar misalna, kolong imahna teh leuwih luhur, bisa
> dipake keur kandang ingon-ingon jiga embe jeung
> sabangsana. 
> 
> salam,
> mh
> 
> 
> =====
> dapur: http://free.angeltowns.com/studio579/
> 
> 
>             
> __________________________________ 
> Do you Yahoo!? 
> Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile
> phone. 
> http://mobile.yahoo.com/maildemo 
> 
> 
> PENTING..!
> 
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada
> seluruh member.
> 
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini
> akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
> 
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express,
> dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
> 
> 
> 
> Yahoo! Groups SponsorADVERTISEMENT
> 
> 
> ---------------------------------
> Yahoo! Groups Links
> 
>    To visit your group on the web, go to:
> http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
>   
>    To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>   
>    Your use of Yahoo! Groups is subject to the
> Yahoo! Terms of Service. 
> 
> 
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam
> protection around 
> http://mail.yahoo.com 
> 
> [Non-text portions of this message have been
> removed]
> 
> 



        
                
__________________________________ 
Celebrate Yahoo!'s 10th Birthday! 
Yahoo! Netrospective: 100 Moments of the Web 
http://birthday.yahoo.com/netrospective/


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke