Wa'alaikum salam wr. wb.,

Haturan Teh Sri...bagea sumping di milist kisunda. Hapunten, leuir 
pisan ieu pangbagea teh.

Leuh, kutan nuju ngumbara di Amerika, kalintang atuh lamparna? 
Mangga, diantos posting-postingna. Ku cara mindeng posting di milist 
kasundaan, Insya Alloh basa Sunda urang ngaronjat sareng kapulasara.

Aya kapanasaran sakedik, manawi heunteu rengat galih. Eta, id 
salira, "penampon" tea. Bet asa ngemutan kana hiji jurus silat di 
Sunda. Manawi heunteu lepat, moal kitu salira teh salah sawios murid 
ti aliranana Abah Nampon anu ti Padalarang tea? Ceuk beja, pusara 
Abah Nampon teh aya di Ciwidey, naha leres? Mun seug leres, bagja 
teuing tepang sareng wargi ti dunya pasilatana. Nambihan kawargian, 
sapertos patepunglawungna di alam maya sareng Kang Yan.


Mangga Teh, geura pedar oleh-olehna, boh naon rupa pangalaman di 
pangumbaraan, ngeunaan jurus Nampon, oge nu sanesna. Diantos, hatur 
nuhun.

Baktosna,
manAR
--- In [email protected], Sri Muliani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> 
> 
> Assalammualaikum wr. wbr.
> 
> Sampurasun, nepangkeun sim kuring
> 
> Wasta: Sri Muliani
> Kawit: ti Bandung
> Linggih: ayeuna nuju ngumbara di USA.
> 
> Hoyong ngiringan tiasa ngobrol dina basa Sunda, mugi-mugi bae 
janten
> nambihan baraya, bari manjangkeun silaturahmi.
> 
> HAtur nuhun.
> Wassalam.
> 
> 
>               
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
>  Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'
> 
> [Non-text portions of this message have been removed]





PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke