On Wednesday, March 9, 2005, at 10:42 PM, sastranegara wrote:
>
> Nepangkeun Kang Engkus Ruswana kumaha damang?
>
> Tos lami pisan abdi palay ngiringan ngawaleran eta "Ti iraha Âagama
> Sunda ayana ??"
> Bade ngejentrekeun ti para ahli artropologi sareng arkeolgi, tangtos
> ditoongan tina kaelmuan kacamata urang barat "yen US teh jalma-jalma
> anu geus loba pangarti jeung loba kaharti keur harayatna. Sareng anu
> namina "AGAMA US" tos aya anu sareng pangkolotna di dunya. US
> nyebutna "GUSTI" atanapi MAHA TUNGGAL.
>
> Waleran abdi nu masih keneh diajar "hirup dijero beuteung pun ibu",
> janten ieu tulisan masih keneh tetecean nyaeta timimiti punbapa mere
> cai mani ngahiji jeung endog, ngagumpal jadi getih mangrupa jalma.
> Teras ngabentuk euteuk, nadi (nerves), irung, biwir, kuping, mata,
> hate, daging jeung kulit, tulang jeung sumsum , bali jeung ususna anu
> mere kadaharan ka kuring. Saparantos tilu bulan ayana hawa nur / sunda.
> Di dieu pribados diajar ngadangukeun, ngarasakeun, ngapredeksi,
> ngambeuan, ngagerakeun nejehan (gerak silat) dijero beutung indung.
> Diajar "hirup" sami diajar "sangsara" da mani po'ek geuningan jeung
> bari hese noongan langit jeung matahari, bulan, mars jeung sajabana
> bintang-bintang.
> Encan ngarasakeun kanyataan panasna bumi,tiisna salju, tiisna angin
> anu nyecep, gerak ombak dilaut, leubeutna tatangkalan, sasatoan nu
> mangrupa maung jajadian.
> Encan ngarasakeun diajar teori-teori dipasantren ITB, jeung teori
> Eisten (gravitasi) cahaya, udara, gravitasi liang bodas jeung liang
> hideung nu jadi tanaga ti sagala nataga sa jagad raya. Anu bisa nyedot
> jeung ngaleungitkeun / ngahancurkeun gumpalan bumi jeung sa eusina;
> kitu oge matahari, bulan, mars jeung bintang-bintang.
> Geuning mani leres sa estuna pitutur Prabu Siliwangi urang ngaleungit
> bari teu kudu ninggalkeun jasad jadi taneuh.
> Da urang teh erek niron sifat "Gusti" nyaeta "liang hideung" jeung
> "liang bodas" anu dijentenkeun pusat tanaga dalam nu ditiron kubarudak
> anu sok menca.
>
> Da abdi teh masih po'ek keneh Kang Engkus anu kedah dipasian Nur ,
> namina oge masih diajar nyerat sareng pihampuraan bilih aya kalepatan
> upami aya cariosan anu teu nyugemakeun , oge hapunten kasadaya aki ,
> abah sareng luluhur US. Pasihan abdi goib sunda supados rada kahartos
> keur ngajarkeun
> urang Amerika, sugan wae maranehna jadi urang sunda anu balalageur.
>
> Ti iraha Âagama Sunda ayana ??
> Tah palebah dieu sim kuring teu tiasa ngawaler nu nyugemakeun, da teu
> acan kapendak, namung upami ngabandungan para ahli sejarah jeung
> antropologi, seueur nu nyindekeun yen Agama Asli di Nusantara (Sunda)
> teh tos aya jauh samemeh agama deungeun abus ka Nusantara, malah aya
> sabagean nu nyebutkeu yen rebuan taun samemeh Masehi agama Sunda geus
> aya, tapi hal ieu tiasa diterangkeun nu kaberik ku pangarti, kahontal
> ku akal, katerangannana kieu : bangsa Sunda kaabus bagja dikersakeun ku
> Gusti gumelar di lemah-cai
> Pasundan-Parahyangan nu endah tur subur-makmur loh jinawi nu ceuk M.A.W
> Brouwer mah diibaratkeun tanah parahyangan teh diciptakeun waktos Gusti
> nuju imut ngagelenyu, meureun baheula mah leuwih subur tibatan ayeuna
> anu tangtu euyeub ku mangrupa-rupa sato hewan
> jeung euyeub ku mangrupa-rupa tatangkalan, oge nu buahna, daunna,
> tangkalna, jeung akarna bisa dijadikeun keur kadaharan, obat-obatan
> jeung papakean nu tangtu luyu jeung tingkatan teknologi di jamanna. Tah
> kulantaran leuwih loba kadaharan tinimbang nu rek ngadaharna, tangtu
> teu susah pikeun neangan pangan, papan jeung sandang teh. Oge tangtu
> yen ti jaman
> karuhun baheula ge teu beda sapoe-sapeuting teh 24 jam , 12 jam beurang
> jeung 12 jam peuting. Oge pasti Ku Gusti ge karuhun urang geus dibere
> parabot jeung
> pangawasa dirina nu lengkep pikeun ngajalankeun tugas kamanusaan di
> dunya. Tah ku anggapan eta asa piraku lamun beurang peuting teh ngan
> ukur dipake sare, da teu siirikna hayang dahar tinggal am, hayang sare
> tinggal dug. Tah kuring boga kayakinan yen kulantaran loba waktu nu
> luang da keur kabutuhan sapopoe harita mah mah teu hese, sedengkeun
> alam nu sakitu kayana, atuh tangtu ti baheula ge luluhur urang
> ngagunakeun waktuna pikeun nalungtik alam jeung pangeusina, nalungtik
> dirina jeung tangtu nepi ka nalungtik pikeun nganyahokeun ka Gustina,
> mangga bandingkeun upama
> digumelarkeun di alam nu werit jeung teu subur susah kadaharan, atuh
> tangtu bae waktuna loba kasita keur neangan pangabutuh diri nu tinangtu
> waktu pikeun nalungtik diri-alam jeung gustina pasti samporet. Eta
> hasil panalungtikan nu tangtuna terus turun tumurun
> mangtaun-taun diwariskeun ngajadikeun hiji budaya, matak teu heran
> lamun ti baheula luluhur urang geus ngahasilkeun jeung budaya
> perhitungan, sitim pananggalan, budaya aksara/tulisan, pangarti soal
> alam, soal perhubungan jeung tangtu soal nu nyangkut spirtual agama.
> Tinangtu lila-lila jadi kaceluk ka awun-aun kakoncara ka janapria (ceuk
> dalang), nu antukna datang bangsa deungeun nu mawa budaya jeung agamana
> ka tanah pasundan oge tinangtu bangsa deungeun ge marawa oleh-oleh
> budaya jeung agama hasil panalungtikan luluhur Sunda pikeun
> disumebarkeun di lemah-caina nu tangtu oge diluyukeun jeung adat-budaya
> maranehna.
>
> Upami noongan seratan Kang Engkus mani jentre pisan sareng loba anu
> kaharti jeung pikartieun US. Ceuk bahasa sakolaan mah mani "ilmiah'.
> Jiganamah US teh tos ngenal RASIO ti baheula keneh tibatan ngandelkeun
> rasa (hate/qalbu). Ngan naha nyatana ayeuna teu aya rasa "NGAHIJI US"
> anu geus dirasiokeun (akal).
> Hiji conto-conto tina elmu : budaya perhitungan, sistim pananggalan,
> budaya aksara/tulisan, pangarti soal alam, soal perhubungan jeung
> tangtu soal nu nyangkut spirtual agama. Ieu sadaya elmu sunda anu
> disebat tiasa NGABEUNGKUT keur mimpin kahareup US.
>
> Ti iraha Âagama Sunda ayana ?? ku abdi badi ditambihan nyatut di
> karangan buku abadi anu tos diterbitkeun di USA ngan punten wae ka
> dulur-dulur nganggo bahasa ingris.
> Eta buku ngadadarkeun perihal "penca" anu aya pakait jeung US nu di
> sebat spiritual agama oge budayana. Geuning US ayeunamah tos melek elmu
> anu seueur rasiona, sagala rupa elmu kedah kaharti jeung kedah
> dijentrekeun keur barudak nu ngarora anu erek neruskeun lululhur budaya
> sunda anu kacida kolotna ete umur ti 7000 - 60.0000 taun masehi.
>
> Ieu judul buku "The Secret of Silat.....Indonesian Martial Arts".
> www.silabooks.com
> Mangga wae diaos ku baraya sakantenan urang sami-sami diajar
> ngadugikeun kanu nyerepkeun budaya penca hususna, budaya sunda umumna,
> mangga nyanggakeun mugi-mugi aya mamfaat keur aranjeuna nu palay terang
> "penca'.
> DA ABDI MAH RUMAOS MASIH KENEH DIAJAR ANYEUNA OGE MASIH KEUR DIJERO
> BEUTEUNG PUN IBU.
>
> Introduction
>
> Pure Spiritual (Kerohanian Asli) of Silat or Pencak Silat from
> 7000 Years Ago Based on the Pure Cultures of Sundae Land
>
> The Sea Level
>
> The data of the pure spiritual Silat or Pencak Silat is nonscientific
> being tested by the hypothesis of using deviance from as many
> disciplines as possible. The Polynesians of the Sundae Land did not
> start their first migration, after the sea level had reached the level
> it is today. Sundae Land was a continent. When the big flood covered
> this continent and the plate got erosion from water (cai) it developed
> into an archipelago now known under the name of Indonesia, this process
> took thousands and thousands of years.
> The orang asli / orang pribumi (owners of the land) and the continent
> disappeared, cultures of orang pribumi the original people or residents
> of the Sundae Land including their advancement and wisdom of Silat or
> Pencak Silat were lost under water (cai.)
> The lost orang pribumi (original people) fertilized great cultures.
> Meaning that the culture of Indonesia was at one time, the center of
> the world. The society on Sundae Land was a great civilization. The
> pure spiritual culture of different tribes is still in existence today.
> Practitioners of Silat are using the same terms of the Sundae Land for
> spiritual Silat or Pencak Silat to obtain inner power (tenaga dalam.)
> Based on the continent of the Sundae Land, which divided into 4
> directions (juru), are Irian Jaya, Kalimantan, Sumatra and Java. These
> big islands represent the magic (gaib) of Silat or Pencak Silat. Four
> juru is the term for direction and langkah the word for steps the
> general action of Silat or Pencak Silat. The spiritual center is kiblat
> in Pencak Silat.
> If you understand that the concept of the pure langkah a spiritual
> movement in Pencak Silat, you will integrate the words of arus (flow)
> and langkah as words for inner power, which represents the center and
> guides people in learning Silat. Four juru translates to Arus and thus
> becomes the channel of the center of inner power in the South East
> Asian martial arts. Four juru is based on the spirit in South East
> Asia.
> The four colors (warna) represent the four directions such as the north
> (utara), south (selatan), east (timur) and the west (barat.) When four
> juru spreads out it evolves into 8 colors and 8 directions becoming
> light (cahaya), afterwards from the cahaya creates life (urip) then
> breath (hawa / napas), from urip it develops into gerak (movements or
> energy), from energy it progresses into the shield (Perisai.) Finally
> finding out who created the urip because of hawa / napas, the answer is
> the creator or God (Gusti.) On Java Island words mean manuggal (only
> one God.) The Silat PD system being close to God itâs action words are
> spoken and thought in bahasa, the specific Java language manunggalangi
> lan kawula Gusti is most traditional. Most people on Sundae Land
> practiced Silat or martial arts using pure spiritual words. They
> performed rituals using music and included movements or dance styles of
> Pencak Silat or Silat.
> Archeologists believe that South East Asia is the cultural center,
> which was destroyed by an unlucky flood in the last Ice Age. The
> descendants are the Polynesians and the Indonesians who lived on Sundae
> Land or on the submerged continents of South East Asia.
> A large continental platform â the so called Sunda shelf â approached
> the size of North America. Genetics can be used to support a model of
> ancient human movements. All of these three disciplines 1. linguistic,
> 2. anthropology, 3. genetic, support the hypothesis of early post â
> glacial immigrations out of South East Asia to the North, West, South
> and East. The new results of the genetics in particular confirm that
> Austronesians had their home in South East Asia back in the Ice Age and
> then spread early to the Pacific and South India. The immigration came
> out of two ethnolinguistic centers of old Sunda Land â the Austronesian
> homeland in Eastern Indonesia around Sabah, Sulawesi, Maluku and the
> Austro â Asiatic homeland which may have spread down the old East Coast
> of Vietnam and into the South China Sea. (Stephen Oppenheimer 1998: 1 -
> 222)
>
> I will try to explain this further along in this book, and answer the
> questions about South East Asian martial arts, the tree of life (pohon
> hidup) and the spirit of martial arts. First how Silat is close to God
> (Gusti), second how to breathe (napas) and about the flood (gerak /
> arus.)
> The concept of the pure spirit forms the basis in building the
> foundation in the Sundae Land martial arts. The tree of life (pohon
> hidup) grows into many concepts, which depend on the perception from
> the different regions in Sundae Land.
>
>
>
> The Beginning of Eastern Polynesia
> The beginning starts with the creation of light (cahaya) by the Gods.
> People from these islands use specific terms for the creation of the
> sky (io.)
> Natives pass on stories about a sky couple, which are represented by
> two children (po) night, and (ao) day. Po and ao gave birth to another
> two children ragima (the bright sky), and rangiuri (the night sky.)
> Mamao symbolizes the space in female form rangiuni is the male sky or
> the father of the sky. Papatuanuku is the mother of the earth, te po
> the night, and te kore the empty void.
> The light - giving qualities of the tree (huppe piyer) are taken by the
> lingo and his brother, and then it is transferred to the sun and moon
> through blood (darah) of a sacrifice. Heaven and earth translates into
> rangi and papa, and the wind translates into tawhiri matea.
> The light shines over the earth (papa) and all creators (io) in the
> Polynesian myths. There is also a cosmic egg involved. Light originates
> either from the egg or the lotus. These stories relate to the power of
> Silat or Pencak Silat and give you an idea about symbols and signs. God
> created the bright â light (ragima) and the night - sky (rangiuri.)
> Light has been processed and it evolves into the power or energy of the
> universe (jagad raya.) This pure light was created by God who brought
> it back to the earth (papa.)
> The light shines on the earth just between nighttime and daytime, at
> dawn, this light is pure (asli) like clear dew (embun.) The power of
> life (urip) when the sun (matahari) passes through the darkness (gelap)
> of the underworld at night, is the seed of life, the power of the
> creator and of the universe. This light is the ragima of the cosmos.
( Sastranegara 2005: 8 - 9 )
>
> Pun Yan NYC nuju ngumbara keur di ajar "hirup"
> On Wednesday, February 23, 2005, at 02:05 PM, engkus ruswana wrote:
>
>>
>> Sampurasun kasadayana para wargi kisunda, hususna ka
>> kang Ganjar nu tos ngahiap sim kuring ngunaan
>> padungdengan Agama Sunda, neda sihapunten nembe tiasa
>> nedunan panghiap ti salira, kumargi sim kuring dina
>> raraga kumawula ka diri nu salawasna nganteur kana
>> kahayang kuring teh, sok ider-ideran ka luar daerah nu
>> antukna jarang tiasa mukaan millist kisunda, nya
>> sakalina kebo mulih pakandangan teh, dimana muka nya
>> saabreg bahan bacaeun sim kuring hasil kamotekaran
>> kidulur sadaya, sadayana oge sok dibaca da matak narik
>> hate pikeun ngabandunganana, nya dimana rada nyalse
>> nembe tiasa mairan. Dina mairan sim kuring biasana sok
>> rada panjang da hoyong sabeuleugeudeurna ulah dugi ka
>> gantung huap, janten peryogi oge waktos nu rada
>> nyalse.
>> Ngeunaan Agama Sunda nu dipadungdengkeun, memang
>> kuring ge kantos paadu hareupan sareng kang Rozak teh,
>> waktos anjeunna nuju nalungtik pikeun desertasina,
>> tapi rupina anjeunna teu mampu ngagali eusina eta
>> ajaran sareng memang biasana sateuacan nalungtik teh
>> biasana tos nyusun heula Âhipotesa numutkeun
>> pamadegan anjeunna, nu tangtos dina nalungtikna eta
>> perkara tos nganggo koridor pikeun diarahkeun kana
>> ngabuktikeun sareng nguatkeun eta hipotesa tea (da
>> kitu teori ilmiah nu dianggo), nya tangtos bae hasilna
>> tiasa benten sareng nu saestuna. Da numutkeun sim
>> kuring mah upami hoyong nalungtik nu objektif
>> (sanyatana), nya kedah diibaratkeun nyandak kertas
>> kosong pikeun dieusi ku naon bae nu kapendak, nembe
>> ditarik hipotesa teras hasilna dikonfirmasikeun deui
>> (naon atuh basa sundana hipotesa jeung konfirmasi
>> nya??). Kitu oge saatos disusun drfat/rancangan
>> tulisanna. Tapi ari ieu nu ku sim kuring kabandungan
>> mung ukur datang 2-3 kali kalayan nyandak sababaraha
>> tulisan/buku teras pleng les terang-terang nonghol di
>> Mangle, padahal ari nalungtik soal ajaran nu nyangkut
>> spiritual mah dugi ka ngartos eusina teh
>> mangtaun-taun, atuh tangtos bae nu katangkepna saukur
>> kulit-kulitna eta ge teu sautuhna.
>> Naha aya kitu Agama Sunda?? mun aya nu kumaha ?? Kitu
>> nu dipadungdengkeun. Di dieu sim kuring bade
>> nandeskeun yen ari kecap agama teh estuning pituin
>> kecap nu urang tina basa Kawi (Asli Sunda-Jawa), da di
>> nagara deungeun mah teu dikenal kecap agama, cenah aya
>> nu nganggap asal ti India/Sanskrit, ku kuring kungsi
>> ditaroskeun ka utusan agamawan urang India, waktos
>> kaleresan sim kuring ngaluuhan ondangan Saresehan
>> International terbatas ngeunaan ÂReligion minority and
>> belief di Colombo Srilangka, nu oge hadir utusan ti
>> India, Pakistan, Srilangka, Nepal, Malaysia,
>> Indonesia, Inggris. Ceuk eta utusan India cenah ari
>> religion ceuk basa Sanskrit mah disebutnaÂDharma ,
>> jadi Hindu Dharma teh hartina Agama Hindu. Kitu oge
>> waktu kungsi padungdengan jeung Sahid Agil Siraj (ahli
>> Fiqih ti NU) jeung Mohamad Sobari, oge padungdeng
>> jeung Nurcholis Madjid dina raraga dialog terbatas di
>> CSIS, oge netelakeun yen di Islam dikenal
>> kecap/istilah Nilah  Milah jeung Din nu hartina dina
>> basa Indonesia mah diterjemahkeun ngan sakecap bae
>> jadi agama, sok sanajan antara nilah, milah jeung din
>> teh aya bedana. Oge aranjeunna percaya yen tiasa bae
>> di Sunda/Jawa jeung suku nu lianna kungsi turun nabi,
>> da cenah Gusti teh nurunkeun sakitu rebu nabi nu lamun
>> diitung jumlah nu turun di timur tengah masih keneh
>> aya rebuan sesana nu mungkin bae sumebar di Nusantara.
>>
>> Tah ku katerangan eta beuki yakin sim kuring yen eta
>> kecap agama teh asli basa nu urang, ku sabagian urang
>> sunda mah sok oge disebut ageman. Tah lamun kitu
>> tangtu bae aya kecap/ngaran pasti aya nu dibere ngaran
>> boh barang, boh laku atawa sipat atawa naon bae pikeun
>> nuduhkeun eta ngaran/kecap. Janten pami kitu teu kaci
>> lamun urang ngahartikeun eta kecap make basa deungeun,
>> jadi jauh teuing lamun dihartikeunana jadi tidak kacau
>> (a=tidak; gama = kacau) duka tina basa nanahaon
>> dicokot eta harti da dina basa Inggris mah teu aya
>> kecap ÂgamaÂ, lamun nyokot tina basa Yunani, naha aya
>> kitu kecap ÂAgamaÂ. Aya oge kecap Âgamma nu sok
>> dipake simbul dina matematik atawa ngaran sinar, tapi
>> nya keun bae da kabiasaan urang mah kitu lamun aya nu
>> tiheula ngucapkeun, nya sok loba nu tuturut munding
>> ngiluan jeung ngaenyakeun, bari jeung duka teuing enya
>> henteuna mah nyahona, lamun seug tea mah diudag. Ceuk
>> pamanggih sim kuring kecap Âagama tina ÂHagama asal
>> tina kecap h(a) = hana = aya atawa nu Aya (Gusti),
>> jeung gama = patokan, (conto lain dina jaman kaemasan
>> Majapait disebut ÂNagara Kartagama nu hartina nagara
>> nu geus make patokan nu beres pikeun karaharjaan
>> rakyatna). Jadi hartina agama teh patokan ti nu Maha
>> Kawasa (Gusti), apan hirup jeung kahuripan urang estu
>> patokan ti Gusti atuh sakuduna urang ulah ingkar tina
>> patokanNa/kersaNa/kudratNa ti nu Maha Kawasa. Lamun
>> urang geus rumasa dikersakeun ku Nu Maha Kawasa jadi
>> manusa atuh ulah ingkar tina kamanusaan, lamun geus
>> rumasa dikersakeun jadi urang Sunda atuh ulah ingkar
>> tina kasundaan, lamun rumasa dikersakeun cukang
>> lantaran dilahirkeun teh ku indung-bapa jeung luluhur
>> Sunda atuh ulah ingkar ti luluhur Sunda, ari ieu
>> geuning teu saeutik nu ngaugung-ugung luluhur batur nu
>> teu hir walahir, ari luluhur sorangan kaluli-luli
>> dianggap euweuh ajenna, naha naon salah luluhur urang
>> Sunda. Kitu deui lamun rumasa dikersakeun ngabogaan
>> lemah-cai Sunda anu sakitu nyatana saripatina geus
>> ngawujud jadi wujud/salira ngalangkungan cai nu
>> kaleueut, kadaharan nu katuang, napas nu kaseuseup,
>> hawa panas jeung panonpoe nu kaserep, asa butek teu
>> ngarti kuring mah lamun aya jalmi nu leuwih ngamumule
>> lemah-cai batur tinimbang lemahcaina sorangan,
>> nganggap suci ka lemah cai batur ari lemah cai
>> sorangan teu dianggap suci, nepi ka teu lebar dijual
>> murah pikeun ngamumule lemah-cai batur (naha bisa kitu
>> urang nyieun lemah cai, apan sagala nu diciptakeun ku
>> Nu Maha Suci tangtos Suci ayana), padahal sakuduna mah
>> diurus hade-hade, dipupusti saestuna jeung dipiara
>> sanyatana, da kawajiban manusa nurutkeun kersaNa
>> pikeun ngurus dunya sabanda-sariksa-sapariboga sangkan
>> awak cageur, kalakuan bageur, kanyaho bener, pamilihna
>> pinter jeung boga budi-daya nu jujur nu tangtos mawa
>> genah-merenah jeung tumaninah nya salamet diri sakujur
>> (namung punteeenn.... pisaaann .... ieu mah pamadegan
>> sim kuring bae).
>> Tah patokan Gusti eta nu ku luluhur Sunda geus prak
>> dipigawe kalayan sanyatana bakat ku nyaah ka
>> anak-turunanna, diterapkeun dina raraga kumawula ka
>> dirina, ka luluhur jeung ka turunannna, ka papada
>> kawula, ka alam-lingkunganna, oge tangtu ka Gustina.
>> Tah harita mah teu acan aya ngaranna ngan disebut bae
>> Agama (da ayana istilah agama Sunda atawa Agama Sunda
>> Wiwitan, Agama Jawa jeung sajabana eta mah
>> kadieunakeun sanggeus agama nu datang marake merek),
>> tapi sanggeus datangna kayakinan/kapercayaan luar ti
>> bangsa deungeun nu ngajarkeun soal kumawula ka sasama
>> mahluk, ka alam jeung ka Gusti numutkeun adat jeung
>> budaya bangsana nu asalna ti kapercayaan Hindu disebut
>> bae agama Hindu, nu datang ti kapercayaan Budha
>> disebut bae agama Budha, nu datang ti Islam disebut
>> Agama Islam, nu datang ti Kristen disebut bae agama
>> Kristen jeung sajabana, ari agama nu aslina teu
>> meunang disebut agama, nya disarebut bae kapercayaan,
>> padahal kecap Aliran Kapercayaan atawa Kepercayaan
>> terhadap Tuhan YME mah nya ti taun 1973 sanggeus abus
>> dina GBHN, samemehna disarebut Aliran Kebatinan atawa
>> Aliran Kerohanian atawa Aliran Kejiwaan, padahal kecap
>> Âbatin jeung Ârohani eta kecap tina basa Arab,
>> sedeng nu diagem ajaran asli, geuning nyata patukeur
>> baju teh, nu ti jero make ngaran deungeun nu ti luar
>> make ngaran pribumi (jati kasilih ku junti). Didieu
>> sim kuring bade ngabandingkeun sareng pangalaman urang
>> nu anyar keneh, ti keur leutik malah nepi kaayeuna ari
>> nyebut pasta gigi teh sok nyebot odol, kajeun merek
>> naon bae aya odol merk pepsoden, aya odol merk
>> Ritaden, merk close-up jsb, teu apal yen odol teh hiji
>> merk pasta gigi nu pangheulana sumebar di urang,
>> sanggeus merk odol teu kaluar deui, ngaran odol teh
>> jadi ngaran Âgenerik pikeun pasta gigi. Kitu oge
>> sababaraha taun katukang ari nyebut tustel, kajeun
>> merk naon bae sok disarebut ÂkodakÂ, padahal kodak teh
>> ngaran merk tustel nu baheula ngamasarakat (populer),
>> tapi sanggeus merk kodak jebul deui, laun-laun jarang
>> nyebut kodak nya tustel bae, conto lain cai mineral
>> lamun urang nitah meuli cai mineral teh sok nyebut
>> pangmeulikeun aqua, sok sanajan nu jebulna merk Vit,
>> nya jarang diprotes da nu dimaksudkeunana cai mineral.
>> Luluhur urang teu kacaritakeun nolak sumawonna nyerang
>> ka eta bangsa jeung agama nu datang ti deungeun, sabab
>> luluhur urang geus make patokan Gusti tea, yen mandang
>> ka diri batur sacara kadirina pribadi moal nandasa ka
>> batur da urang ge embung ditandasa, moal nyerang ka
>> batur dan urang oge embung diserang, dina laku hirup
>> jeung kahuripan teu garah geureuh ka batur sabab boga
>> pamadegan yen saha nu melak bakal metik hasilna. Nya
>> akibatna agama-agama deungeun jadi ngembang kalayan
>> subur sabab teu diganggu, tapi nu tetep mikukuh jeung
>> mituhu kana agama heubeul ti baheula tepi ka kiwari
>> tetep hirup teu leungit sok sanajan ngurangan jeung
>> jadi kalindih. Nu jadi hanjakal pikeun sabagian bangsa
>> urang, oge sabagian urang Sunda kmiwari, nyaeta naha
>> geuning nu ngagem agama asli bet ditandasa,
>> lolongkrang hirup jeung kahirupanana dipager jeung
>> disesered, malahan aya nu ngahaja sangkan leungit,
>> contona kawin nu teu dumasar kana agama deungeun hayoh
>> dianggap kumpul kebo teu disahkeun jadi teu meunang
>> bukti kawin ti nagara, nu antukna boga anak dianggap
>> anak haram jadi teu boga akte lengkep (najan meunang
>> ngan disebut anak indung teu disebut ngaran
>> bapana/haram??), dina digawe jadina teu meunang
>> tunjangan anak-pamajikan da teu boga akte kawin ti
>> pamarentah, dina digawe di pamarentahan lian ti hese
>> abusna, dina abusna tong ngaharepkeun dipromosikeun
>> najan pinter jeung jujur sakumaha oge, hayang jadi
>> tentara atawa pulisi teu bisa da saratna kudu meluk
>> salah sahiji agama ti luar (nu-5), di lingkungan
>> masyarakat sumawonna dianggap aneh, kadang dipikangewa
>> pedah nyepeng kayakinan nu beda ti umumna, padahal
>> boh nu nyepeng pamarentahan, boh masyarakat umumna
>> cenah geus ngagem agama nu suci, naha dina
>> prak-prakanana bet kitu???. Ieu kitu nu ku sabagean
>> urang Sunda sok disarebut ÂJati kasilih ku Junti tehÂ.
>>
>> Saenyana beurat tangtangan ngagem agama luluhur
>> sorangan teh, jadi teu aneh lamun loba nu kapaksa
>> pikeun identitas dirina jadi nyepeng agama nu di
>> kudukeun ku pamarentah/ masyarakat, cenah da bongan
>> dipaksa keun bae itung-itung Ânyumput buni dinu
>> caang supaya teu dikucilkeun. Ana kitu boh
>> pamarentah, boh masyarakat umum geus ngadorong
>> sabagian rahayatna pikeun teu jujur/ngabohong, padahal
>> apan ngabohong teh geus ingkar tina ajaran agama naon
>> bae oge. Buktina waktu ngeusian formulir KTP teu ngaku
>> ngagem salah sahiji agama nu-5, eeh jebulna jadi KTP
>> duka ku Camat atawa Lurah/Kapala Desa sok rajin
>> dieusian jadi ngagem salah sahiji agama, ari diprotes
>> alesanana cenah kitu aturanna jeung euweuh dina
>> komputerna, jadi mun teu dieusi komputerna macet,
>> euuh..... kutan nya manusa eleh ku komputer. Matak
>> pantes lamun akibatna bangsa urang disebut bangsa
>> munafik teh da geuning kanyataana kabohongan teh
>> dirarojong, jeung sok sanajan bangsa Indonesia teh
>> mayoritas ngagem agama suci, geuning kanyataanna
>> tingkat korupsi kaabus pangrongkahna di dunya,
>> kriminalitas lianna oge kaabus rongkah (geuning unggal
>> poe urang ngabandungan jeung nyakseni dina TV sagala
>> bentuk kaingkaran jeung angkaramurka), dina kahirupan
>> sapopoe geuning nu geus jelas nyolok mata buncelik yen
>> nilik kana ukuran gajih teh teu mungkin upamana loba
>> pejabat nu boga kakayaan nu lubak-libuk, tapi geuning
>> ku masyarakat mah tetep dipikaserab jeung diajenen
>> pisan, nyata geuning laku-lampah nu nyimpang teh
>> dirarojong ku masyarakat, jadi dina hal ieu masyarakat
>> ge boga salah pikeun ngadorong perilaku nyimpang teh,
>> matak pantes mun alam geus ngambek jeung nyimpang
>> tina welas asihna, da jalma nu ngeusian ieu alamn geus
>> loba nu ingkar tina kamanusaan jeung leungit
>> kawelas-kaasihna boh ka sasamana boh ka alamna, pan
>> ceuk ajaran kisunda mah antara alam jeung nu ngalaman
>> teh ngabogaan sifat silih gumantung, da buktina nu
>> ngawujud jadi waruga nu ngabogaan daya teh asalna tina
>> sapipatina alam (acining cai-bumi-angin/udara-seuneu
>> jeung sari rasa alam). Mangga urang sami-sami
>> ngalenyepan....
>> Perkawis patarosan ti Kang Ganjar eta biasa sok
>> ditararoskeun dan ngukurna tina acuan agama deungeun
>> tea khususna ti agama Samawi, jadi mun teu sarua jeung
>> patokan eta dianggapna lain agama nu antukna agama
>> seperti Hindu jeung Konghucu nu tadina teu wanoh kana
>> konsep nabi jeung sorga/naraka geuwat ngabebenah diri
>> neangan saha nu dijadikeun nabi jeung nerangkeun
>> sorga/naraka, Konghucu teu ngenal kitab suci, geuwat
>> ngumpulkeun ajaran-ajaran nu dijadikeun kitab suci.
>> Tah biasa patarosan teh soal saha nabina ?, naon kitab
>> sucina ?, kumaha sholatna ?, kamana kiblatna ?, naha
>> aya syahadatna ?, kumaha puasana ?, naha percaya
>> ayana sorga jeung naraka ? kumaha sual konsep dosa ?
>> jeung sajabana. Mangga ku si kuring dipedar, tapi ieu
>> mah mung saukur paupamaan da teu sadayana konsep eta
>> aya wujudna, mung tiasa bae diterangkeun.
>>
>> Soal Saha Nabina?
>> Didieu aya sababaraha katerangan, nyaeta kieu : upama
>> nu dimaksudkeun nabi teh nu ngadugikeun ajaran, nu
>> nungtun pikeun milih antara nu hak jeung nu teu hak
>> nyaeta biwir jeung ucapna nu asal ti Nu Maha Ucap, da
>> eta biwir jeung daya ucapna teh estu kersaning Nu Maha
>> Kawasa da kabeh jalma teh teu aya nu meuli eta biwir
>> sumawonna ucapna estu utusan ti Gusti pikeun
>> ngucapkeun jeung nyoarakeun nu bener nu bersih nu
>> didumasaran ku welas asih da Gusti mah gaduh sifat
>> Maha Welas tur Maha Asih, nu ngandung harti sakabeh
>> jalma kudu jadi nabi da memang tugas manusa di dunya
>> pikeun ngatur dunya nu didasaran ku welas asih. Upama
>> nu dimaksud nabi teh juru salamet, nyaeta Indung Bapa,
>> da urang moal bisa mungkir yen salametna urang tug
>> dugi ka gede jeung boga ajen teh estu gegedena jasa
>> indung bapa urang, urang sarerea pasti tiasa
>> ngarumasakeun sakumaha gedena jasa indung-bapa urang,
>> coba lamun harita keur orok beureum ku indung/bapa
>> urang dipalidkeun atawa ditandasa saperti jaman ayeuna
>> nu sok kabejakeun dina TV, tangtu urang moal hirup
>> tepi kaayeuna. Jadi jelas indung-bapa urang nu jadi
>> juru salamet, atuh tangtu ku lantaran indung bapa
>> urang oge disalametkeun ku nini-aki, nya nini aki ge
>> sebagai juru salamet dan moal aya urang lamun
>> indung-bapa urang teu salamet, nya saterusna nerekel
>> atuh cindekna mah ti indung-bapak tepi ka luluhur
>> urang eta nu jadi juru salamet urang, atuh pantes mun
>> urang boga rumasa miajen jeung ngamumule luluhur
>> sorangan ulah dilalaworakeun. Cobi geura lenyepan sing
>> lantip, naha urang geus pernah husuk sidakep situhu
>> tunggal madep neneda ka Nu Kawasa sangkan sagala
>> puji-puja, rahmat, sapaat, maunat jeung mujizat supaya
>> ditamplokkeun ka indung-bapa jeung luluhur urang,
>> umumna mah geuning sok ditamplokkeun keur luluhur
>> batur, ari kolot jeung luluhur sorangan teu kabagean
>> da sok dianggap bae loba dosa, menta teh sangkan
>> diampunan dosana, padahal Gusti mah Maha Uninga jeung
>> geus netepkeun hukumna dimana melak eta nu metik
>> hasilna malahan sok kaala oge ku anak turunanana, boh
>> alusna boh gorengna.
>>
>> Naon kitab sucina ?
>> Upama nu dimaksud yen kitab suci teh tulisan ti Nu
>> Maha Kawasa nu jadi Sumber Elmu pikeun bekel salamet
>> manusa hirup di dunya, atuh tangtu bae eta tulisan Nu
>> Maha Kawasa mah moal tiasa dipapandekeun jeung moal
>> bisa diturutan ku manusa, kajeun ngan ukur sahurup,
>> manusa ukur bisa maca, ngaji, terus ka ngaos, eta ge
>> mun daek jeung katepi, tapi ari nepi ka tamat ngelmu
>> ti kitab suci Gusti mah asa pamohalan, jeung tinimbang
>> tamat ngelmu mah kalah ka kaburu tamat ngalalakon di
>> dunya, jadi lamun tea mah aya nu umaku geus tamat
>> ngelmu tina Kitab Suci (Elmu) Gusti, bet asa ku
>> kaleuleuwihi, komo bari jeung umaku geus sakitu kali
>> namatkeun elmu gusti mah, sabab mun geus bisa
>> namatkeun elmu Gusti hartina geus sarua tingkatan
>> jeung Gustina, tah ari nu kitu bisa henteu disebut
>> ujub-ria-takabur (teu langkung parawargi, sumangga).
>> Jadi naon atuh kitab sucina. Tah nu dimaksad kitab
>> suci damelan pangeran tempat atanapi sumber elmu
>> kasalametan teh, ceuk luluhur Sunda mah nyaeta alam
>> semesta jeung pangeusina, didinya sumber elmu teh pek
>> geura baraca (maca), terus diaji (ngaji) mun geus
>> kaaji tangtu bisa kaaos (ngaos) kaluhunganana. Cobi
>> bae aya sabaraha surat jeung ayat eta di alam, oge
>> kaasup diri sakujur urang nu mungkin salah sahiji
>> surat elmu Gusti, eta aya sabaraha rebu ayat dina diri
>> urang sakujur, tong boro namatkeun elmu nu aya di
>> alam, maca -ngaji Âjeung ngaos elmu nu aya dina diri
>> nu sapopoe dibabawa, asa pamohalan urang bisa
>> namatkeun tepi ka urang pulih ka jati mulang ka asal,
>> da buktina elmu kadokteran nu geus sabaraha generasi
>> manusa ngotektak ngaguar elmu dina diri, geuning can
>> taramat keneh bae.
>> Upama urang maca jeung ngaji kana tangkal cau contona
>> nu jadi salah sahiji ayat Gusti, urang bisa maca
>> sabagian tina diri tangkal cau, geuning tangkal cau
>> mah geus rumasa jeung tumarima dikudratkeun jadi cau,
>> nya tangkalna tangkal cau, daunna daun cau, jantungna
>> jangtung cau, buahna buah cau, akarna akar cau, tug
>> dugi ka rasana (batina) oge rasa(batin) cau teu
>> nyimpang tina papagon hirupna, teu ingkar tina
>> kudratna kersaning Nu Maha Kawasa, malahan urang oge
>> bisa ngabedakeun bedana rasa jeung tangtungan cau
>> ambon, cau muli, cau emas, cau kepok jsb., tara sugan
>> patukeur rasa (batin) sok sanajan papada sasama cau
>> estu natrat ngukur ka kujur mituhu kana KersaNa Nu
>> Kawasa. Dina amal-amalanana oge jelas, manehna geus
>> kumawula ka manusa jeung sasatoan, geus ngabuktikeun
>> kawelas kaasihna tangkal cau rido dirina paeh sanggeus
>> cauna diala (tangkal cau umumna terus paeh lamun geus
>> diala buahna), tapi samemeh buahan tangkal cau sok
>> tatan-tatan ngabogaan anak heula, sangkan kumawulana
>> langgeng. Tuh geuning sakitu luhurna eta babakti cau,
>> da jelas tangkal cau ge papada mahluk hirup sanajan
>> beda cara hirupna jeung manusa. Tah balik deui ka
>> urang sanggeus ngaji eta tangkal cau, naha urang nu
>> geus dikudratkeun kersaning Gusti jadi urang Sunda,
>> naha geus rumasa rasa Sundana tetep kukuh pengkuh teu
>> patukeur rasa (batin) jeung sasama manusa liana nu
>> dikudratkeun jadi bangsa nu beda tangtungan jeung
>> rasana numutkeun adat jeung budayana, jeung geus
>> sakumaha urang migawe kumawula ka papada hirup teh.
>> Mangga bandingkeun jeung cau, naha bener urang leuwih
>> luhur ajen tinimbang cau .???
>> Soal tulisan Gusti nu teu bisa diturutan ku mahluk
>> Gusti, didieu jelas naha urang bisa nyieun cau
>> kilangbara tangkal cau sautuhna mah (paling oge bisa
>> nyieun ukur cacauan nu teu sarua jeung cau nyaan),
>> naha urang bisa nyieun curuk nu mangrupakeun sabagian
>> leutik tina diri, paling oge bisa curuk buatan nu
>> pasti beda fungsi jeung sifatna, Jadi jelas didieu yen
>> tulisan jeung elmu (Kitab Suci) Nu Maha Kawasa mah
>> moal bisa diturutan ku jelema, jadi jelas Sucina,
>> matak kuring mah sok helok ngabandungan laku manusa nu
>> leuwih miajen jeung leuwih ngamumule Kitab Suci Agama
>> nu diagemna tinimbang dirina, malah aya nu rela
>> ngorbankeun dirina demi keur ngabela eta Kitab.
>> ....Nya mangga, eta mah soal pilihan hirup.
>>
>> Kumaha sholatna jeung syahadatna ?,
>> Ajaran luluhur Sunda teu ngenal kecap sholat, nu aya
>> teh nyaeta kecap Sembahyang nu hartina
>> Manembah/kumawula ka Gustina. Tah dina raraga kumawula
>> teh tangtu mudu dikanyahokeun heula saha nu rek
>> dikawulaan jeung saha nu kumawulana, anu tangtos kedah
>> nganyahokeun heula saha Kuring jeung saha Gusti
>> Kuring, saha diri kuring jeung saha wujud Gusti
>> Kuring, matak sok dimimitian heula ku maca jeung ngaji
>> diri : Saha jeung timana ari dat nu aya dina diri naon
>> bae pangawasa nu aya dina diri, timana asalna jeung
>> naon pancenna, sanggeus kapendak nya atuh geura
>> saadatkeun, lamun rumasa dijadikeun manusa asal ti Nu
>> Maha Kawasa atuh geura saluyukeun make adatna manusa
>> nu ngabogaan sifat welas asih, lamun ngarasa jeung
>> rumasa dikersakeun jadi mahluk pangunggulna tinimbang
>> mahluk gusti nu liana, nyata ku lengkepna pangawasa nu
>> dititipkeun asal ti Nu Maha Kawasa atuh tangtu
>> ngabogaan pancen pikeun ngatur dunya (ceuk wayang mah
>> Sanghyang Jagatnata) sangkan di dunya mulus rahayu
>> berkah salamet silih pikawelas pikaasih keur sakabeh
>> mahluk pangeusi dunya, da dunya teh keur sarerea lain
>> ngan ukur keur manusa tapi oge keur sakabeh mahlukNa,
>> tinangtu di dunya kudu ngajalankeun kaadilan. Tah
>> lamun geus dipercaya ku Gusti jadi urang Sunda (da pan
>> lain meunang nawar urang jadi urang Sunda teh, estu ku
>> KersaNa), atuh prak geura saadatkeun numutkeun adat
>> jeung budaya bangsana, da matak aya adat jeung budaya
>> di saban bangsa ge tangtu oge kenging rahmat atanapi
>> kersaning Gusti oge, prak geura pigawe. Tah lamun
>> urang geus nganyahokeun kalayan rumasa jeung tumarima
>> kana kersaning Gusti, tangtu sah adatna lamun manusa
>> sunda ngajalankeun kamanusaan pikeun mancen gawe ngilu
>> ngatur dunya, hususna di lemah-caina nu didumasaran ku
>> welas asih, kalayan make cara ciri jeung adat budaya
>> Sunda nu ngurus dirina sangkan
>> cageur-bageur-bener-pinter-jujur jeung salamet,
>> ngamumule lemahcaina, miajen jeung mituhu ka
>> luluhurna, kumawula ka gustina make basa jeung budaya
>> nu sorangan teu kudu nginjeum basa jeung budaya
>> deungeun, tinangtu sah adatna.
>> Tah nu kacatur di luhur nu disebut sembahyangna urang
>> Sunda baheula mah, jadi lain muja-muji ka Pangeran da
>> bisa ngucap jeung nyarita teh estu ku pangawasa Maha
>> Ucap Anjeuna, lain sumbuh sembah ka Pangeran da bisa
>> gerak ge ku pangawasa Maha Hirup Anjeunna, tara
>> puntu-penta ka Pangeran da Gusti mah Maha Uninga, naon
>> bae nu dipilampah jeung nu dipikabutuh mahlukna Gusti
>> mah tos Uninga kukituna Anjeuna parantos netepkeun
>> hukum-hukumNa, jadi sagalana di Gusti mah geus
>> nyampak, maenya ngiriman cai ka lautan. Jadi tinggal
>> prak migawe kamanusaan saluyu jeung kudratna ti Nu
>> Maha Kawasa dan eta memang Kersana, matak ceuk
>> dulur-dulur ti Kanekes mah geus dijadikeun papagon
>> hirup sapopoe pikeun Âtapa di mandala nu hartina
>> prak digawe molah alam kalayan ngajaga kasucian alam
>> raya (buana ageung) jeung ngajaga kasucian buana alit
>> (diri) ku tekad ucap jeung lampah nu hade luyu jeung
>> papagon kamanusaan.
>> Nya dina raraga rumasa jeung tumarimana ka Nu Kawasa,
>> osok oge ngajalankeun laku Heneng-Hening-Eling-lan
>> Waspada, nu intina ngendapkeun rasa, pikir elingan
>> jeung kuringna pikeun nganuhunkeun Agungna ka Gusti
>> Nu Maha Suci, jembarna ka Ibu Pertiwi (bumi) jeung
>> Rama Angkasa (langit), oge ka Indung-bapa jeung ka
>> para luluhur oge ka pangkon rasa sabudeur awun, rehna
>> geus rumasa jeung tumarima tos dipasihan sagala
>> kanikmatan, kalayan nyata kawelas-kaasihna tos
>> katarima, nya ngucapna ijab-kabulna mah ku basa batin
>> bae kalayan make basana sorangan nu kaharti ku dirina.
>>
>>
>> Kamana Kiblatna?
>> Ari kiblat teh ceuk pamaham sim kuring, nya patokan
>> arah pikeun kadeuhueskeun ka Gustina jeung
>> nganyahokeun salah-benerna. Tah upama eta hartina ceuk
>> ajaran luluhur Sunda mah nyaeta tangtungan diri badan
>> sakujur, da geuning pikeun nangtukeun mana
>> kaler-kidul, wetan-kulon jeung luhur-handap teh
>> geuning tangtungan diri, da geuning lamun urang aya di
>> kota Bandung nyebut Lembang teh aya di kaler, tapi
>> sabalikna lamun urang keur aya di Subang nyebut
>> Lembang teh ayana di Kidul, pon kitu deui urang
>> ngarasakeun uyah teh asin, gula teh amis, cengek teh
>> lada apan eta teh nyata ceuk rasa nu ngancik di letah
>> nu aya dina diri, nyahona warna beureum, bodas,
>> koneng, jsbna oge ceuk awasna panon nu aya dina diri,
>> eta awas teu bisa dibohongan da lamun ceuk batur
>> koneng, tapi ceuk awasna panon netelakuen bodas nya
>> tangtu bae kayakinan teh bodas moal bisa dibohongan.
>> Nu kitu disebut elmu nu hakiki teh lain cenah jeung
>> lain beja estu nyata karasa ku sorangan da ari cenah
>> jeung cenah keneh mah can karasa kasaksi ku sorangan
>> eta hartina can jadi elmu, pon kitu deui dina
>> ngarasakeun kawelas-kaasih Gusti, ngarasakeun
>> pangawasana nu asal ti Gusti, tangtu ngagunakeun
>> tangtungan dirina sewang-sewangan, teu bisa urang
>> tuturut munding atawa jiga beo nganyahokeun ka Gustina
>> ngaliwatan cenah ceuk batur, na kumaha ngayakinkeunana
>> lamun masih cenah, estu kudu karasana disorang ku
>> sorangan keur sorangan jeung nyorangan tah eta ceuk
>> kolot disebutna elmu kasunyatan teh, matak dina wayang
>> mah diri teh disimbulkeun jadi ÂBatara GuruÂ, da
>> sagala kanyaho teh apal jeung nyatana teh make diri.
>> Jadi ceuk kolot lamun urang hayang deuheus ka Gustina
>> atuh geura Ânalungtik diri ngotektak awak, nyungsi
>> diri nyuay badan, angelo paesan tunggalÂ. Da urang
>> tangtu moal apal ka Gustina mun teu apal ka dirina.
>> Ari lolobana mah geuningan seueur nu neangan Gusti
>> jauh-jauh bari cul kana ngaraksa jeung ngariksa diri,
>> ceuk istilah Mama Mei mah cenah loba nu neangan seuneu
>> kundang damar, nyukcruk leuwi neangan cai,
>> kukurilingan neangan sangu bari mawa sumbul eusi kejo,
>> tinggal prak naha bet ngaprak. ( tapi punnteeen). Tapi
>> ceuk bawirasa sim kuring asa teu jauh-jauh teuing
>> hakikina mah jeung ki dulur nu nedunan munggah haji,
>> punten ieu ge pami kenging macakeun make dadasar
>> kacamata elmu Sunda, nya pami teu sapagodos, anggap
>> bae katerangan ieu teu aya. Ieu mah nu kasaksi dina TV
>> geuning dina raraga ngadeuheuskeun jeung Gustina teh
>> sok ngurilingan wangunan kabah atawa ÂbaithullahÂ
>> (punten pami lepat nyeratna), beuki lila beuki
>> ngadeukeutan sangkan tujuanna bisa atel/nyabak komo
>> deui bisa nyium mah kana eta adegan. Ceuk bacaan elmu
>> sunda enya bener eta adegan nu dipusti-pusti teh
>> ngalambangkeun adegan diri nu kukuh, da buktina
>> bangunanna segi opat kalayan aya pancerna (papat
>> kalima pancer) jeung aya kaen disingraykeun mangrupa
>> panto, nu kahartina ku kuring nyimbulkeun adegan diri
>> nu asal ti sarining cai-seuneu-angin-bumi jeung nu
>> jadi pancer kuringna, jeung eta panto dibuka pikeun
>> nganyahokeun Gustina, sedengkeun warna kaen panutup
>> hideung ceuk elmu sunda ngalambangkeun kukuh-pengkuh
>> atawa tetep teu galideur, atuh tangtu benerna pikeun
>> ngadeuheuskeun jeung Gustina geura kurilingan eta diri
>> sakujur kalayan sing pengkuh tong galideur dina
>> nyungsina.
>> Atuh aya deui amalan lianna nyaeta maledogan
>> patok/menara batu nu nangtung cenah pikeun ngusir
>> setan, eta kahartina ku kuring geura usir eta setan
>> (nafsu-nafsu goreng) nu nyaliara dina dirina
>> sewang-sewangan (batu satangtung ceuk Kisunda mah).
>> Pon kitu deui dina papakeana keur ritualna geuning
>> sagala pakean diuculkeun teu meunang dipake iwal ti
>> kaen bodas salambar nu dibeulitkeun pikeun nutupan
>> aurat, nu kahartina ku kuring nya tangtu lamun rek
>> deudeuheus ka Gusti Nu Maha Suci. Diri urang ge ulah
>> mawa rereged dunya estu kudu taranjang (asli)
>> dibeulitan kaen bodas nu hartina dibeulitan ku niat nu
>> suci. Tah kitu ceuk bacaan make dumasar Kasundaan mah.
>>
>> Kitu oge lamun ngabandungan prak-prakanna shalat ki
>> dulur muslim, geuning dimimitian ku niat rek dedeuheus
>> ka Gusti terus bae wudhu beberesih da urangna ge kudu
>> suci lamun hayang deuheus jeung jeung Nu Maha Suci nu
>> sareatna mah geuning meresihan eta bagian-bagian
>> anggota badan nu biasa dipake pikeun ngalakukeun
>> kasalahan, nyaeta uteuk jeung elinganna, baham jeung
>> ucapna, cepil jeung danguna, soca jeung awasna,
>> pangambung jeung angseuna. leungeun jeung obahna,
>> sampean jeung langkahna. Tah eta pisan parabot nu sok
>> bisa dipake salah nu ngotoran kana diri teh. Atuh
>> tangtu bae eta mah simbolna da nyatana mah kudu
>> diwujudkeun dina tekad-ucap jeung lampah, jeung memang
>> salilana kudu deuheus jeung Gusti teh, nu hartina
>> beberesih teh kudu diudak keur salilana saumur hirup
>> urang kudu terus beberesih, supaya sifat manjing sifat
>> (sifat suci dina diri manjing jeung sifat Maha Sucina
>> Gusti). Tah eta simbul-simbul teh ku luluhur urang mah
>> teu pati dilulugukeun, tapi estu pok-pek-prak,
>> langsung dipigawe sanyatana dina tekad ucap jeung
>> lampah sapopoe. Tah kitu para wargi dulur-dulur Ki
>> Sunda, hususna ka Kang Ganjar mugi wae tiasa nambihan
>> ka wanoh, nya nuhun mun teras bogoh mah, komo mun seug
>> dugi ka jatukramina tiasa kebo mulih pakandangan. Naha
>> bade ku saha dipupustina elmu karuhun Sunda lamun
>> sanes ku seuweu-siwina Ki Sunda, ... mangga
>> nyanggakeun...
>>
>> Ti iraha Âagama Sunda ayana ??
>> Tah palebah dieu sim kuring teu tiasa ngawaler nu
>> nyugemakeun, da teu acan kapendak, namung upami
>> ngabandungan para ahli sejarah jeung antropologi,
>> seueur nu nyindekeun yen Agama Asli di Nusantara
>> (Sunda) teh tos aya jauh samemeh agama deungeun abus
>> ka Nusantara, malah aya sabagean nu nyebutkeu yen
>> rebuan taun samemeh Masehi agama Sunda geus aya, tapi
>> hal ieu tiasa diterangkeun nu kaberik ku pangarti,
>> kahontal ku akal, katerangannana kieu : bangsa Sunda
>> kaabus bagja dikersakeun ku Gusti gumelar di lemah-cai
>> Pasundan-Parahyangan nu endah tur subur-makmur loh
>> jinawi nu ceuk M.A.W Brouwer mah diibaratkeun tanah
>> parahyangan teh diciptakeun waktos Gusti nuju imut
>> ngagelenyu, meureun baheula mah leuwih subur tibatan
>> ayeuna anu tangtu euyeub ku mangrupa-rupa sato hewan
>> jeung euyeub ku mangrupa-rupa tatangkalan, oge nu
>> buahna, daunna, tangkalna, jeung akarna bisa
>> dijadikeun keur kadaharan, obat-obatan jeung papakean
>> nu tangtu luyu jeung tingkatan teknologi di jamanna.
>> Tah kulantaran leuwih loba kadaharan tinimbang nu rek
>> ngadaharna, tangtu teu susah pikeun neangan pangan,
>> papan jeung sandang teh. Oge tangtu yen ti jaman
>> karuhun baheula ge teu beda sapoe-sapeuting teh 24 jam
>> , 12 jam beurang jeung 12 jam peuting. Oge pasti Ku
>> Gusti ge karuhun urang geus dibere parabot jeung
>> pangawasa dirina nu lengkep pikeun ngajalankeun tugas
>> kamanusaan di dunya. Tah ku anggapan eta asa piraku
>> lamun beurang peuting teh ngan ukur dipake sare, da
>> teu siirikna hayang dahar tinggal am, hayang sare
>> tinggal dug. Tah kuring boga kayakinan yen kulantaran
>> loba waktu nu luang da keur kabutuhan sapopoe harita
>> mah mah teu hese, sedengkeun alam nu sakitu kayana,
>> atuh tangtu ti baheula ge luluhur urang ngagunakeun
>> waktuna pikeun nalungtik alam jeung pangeusina,
>> nalungtik dirina jeung tangtu nepi ka nalungtik pikeun
>> nganyahokeun ka Gustina, mangga bandingkeun upama
>> digumelarkeun di alam nu werit jeung teu subur susah
>> kadaharan, atuh tangtu bae waktuna loba kasita keur
>> neangan pangabutuh diri nu tinangtu waktu pikeun
>> nalungtik diri-alam jeung gustina pasti samporet. Eta
>> hasil panalungtikan nu tangtuna terus turun tumurun
>> mangtaun-taun diwariskeun ngajadikeun hiji budaya,
>> matak teu heran lamun ti baheula luluhur urang geus
>> ngahasilkeun jeung budaya perhitungan, sitim
>> pananggalan, budaya aksara/tulisan, pangarti soal
>> alam, soal perhubungan jeung tangtu soal nu nyangkut
>> spirtual agama. Tinangtu lila-lila jadi kaceluk ka
>> awun-aun kakoncara ka janapria (ceuk dalang), nu
>> antukna datang bangsa deungeun nu mawa budaya jeung
>> agamana ka tanah pasundan oge tinangtu bangsa deungeun
>> ge marawa oleh-oleh budaya jeung agama hasil
>> panalungtikan luluhur Sunda pikeun disumebarkeun di
>> lemah-caina nu tangtu oge diluyukeun jeung adat-budaya
>> maranehna. Tah sanggeus bangsa penjajah datang kalayan
>> pulitik adu dombana, nya jigana ti mimiti harita
>> bangsa urang nu ngagem kaaslian nu mikareueus
>> kalemah-caina dikerdilkeun ku panjajahan, nu ngagem
>> agama nu bisa nguatkeun kacintaan jeung kanyaah ka
>> lemah caina ditandasa, sabalikna mun nyebarkeun ajaran
>> nu nguntungkeun penjajah, nu matak ngurangan mikanyaah
>> jeung mikaasih ka lemah-caina disokong, antukna oge
>> muterbalikeun sajarah nu pajar luluhur bangsa urang
>> mah biadab teu berbudaya jeung agamana cenah
>> animisme-dinamisme (nya kaharti da eta pulitik
>> penjajahan  jadi lamun aya nu nyebutkeun yen luluhur
>> urang baheula cenah teu beradab jeung nganut
>> animisme-dinamisme, kacindekan kuring eta nu nyebut
>> teh antek penjajah bae), atuh sagala bukti kaagungan
>> jeung kaluhungan budaya luluhur urang diringkid ka
>> nagara manehna, sangkan urang leungiteun tapak jeung
>> leungit jati diri bangsana, nu dampakna ayeuna geuning
>> karasa urang jadi leuwih ngaugung-ugung bangsa
>> deungeun tinimbang bangsa sorangan. Jadi punten sakali
>> deui kuring can bisa ngabuktikeun eta kayakinan soal
>> kaluhungan elmu karuhun Sunda baheula, tapi apan
>> ajaranna mah sabagian masih diparake keneh, nya
>> mudah-mudahan sauetik-saeutik eta tutungkusan nu
>> disimpen di bojong jalan, nu diteundeun di handeuleum
>> sieum ditunda di hanjuang siang nuntut dibarukaan ku
>> nu manggihan, kitu oge geus waktuna kaneron teh
>> dibukaan, sugan jadi urang Sunda dihariap deui jeung
>> urang Sunda ngahampura, Nya Sunda jaya deui.
>> Sual nu diagem ku ki dulur di Cigugur, Lebak Cawene,
>> Ciparay, Gunung Halimun oge dulur di Kankes, eta
>> intina mah sarua, nu beda teh raehanana saluyu jeung
>> kondisi jeng situasi perkembangan jeung dongsokan dina
>> kahirupan nu kaalaman mangtaun-taun, nu teu weleh
>> ngalaman halangan jeung harungan boh nu di kota,
>> dikampung sumawonna nu di gunung. Jadi tangtu bae geus
>> loba nu laleungit, nya kitu deui dulur nu di Kanekes,
>> nu diparake ayeuna memang masih asli, tapi geus teu
>> lengkep, loba nu ditinggalkeun lantaran harita aya di
>> alam panyumputan diudag-udag ku tentara kasultanan
>> banten, nu tinangtu loba adat budaya nu teu bisa
>> dikembangkeun. Oge nincak di jaman alam kamerdekaan,
>> jaman DI/TII masyarakat nu ngagem kasundaan dimusuhan
>> jeung loba nu ditandasa tepi ka binasa, kitu oge jaman
>> rengsena PKI, ku lantaran teu ngaku salah sahiji agama
>> nu aya nya loba oge nu ditandasa jeung dibui da
>> dianggap PKI, eeh jaman ayeuna oge masih keneh aya
>> sikep diskriminasi ti pamarentahan, jeung deui ki
>> dulur nu lian mani aranteng bae teu ngabelaan
>> sumawonna narulungan, malahan mah sok loba nu ngilu
>> nyalahkeun, iraha atuh pabaralik pikirna ???.
>> Tah sakitu bae heula pedaran ti sim kuring pikeun
>> nedunan panghiap ti ki dulur kang Ganjar nu sanesna
>> mah ke urang sampeur deui kapayun, oge kasanggakeun ka
>> kidulur sunda sanesna, hayu atuh urang pada-pada
>> mikareueus jeung mikanyaah ka elmu Sunda, kusaha deui
>> mun teu ku urang. Hapunten nu kasuhun bilih langkung
>> saur, bahe carek teu sapagodos jeung pamendak para
>> dulur.
>>
>> Cag ah, tabe pun sampurasun.
>>
>> Pun Engkus tea.
>>
>>
>>
>>
>> __________________________________
>> Do you Yahoo!?
>> Yahoo! Mail - 250MB free storage. Do more. Manage less.
>> http://info.mail.yahoo.com/mail_250
>>
>>
>> PENTING..!
>>
>> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>>
>> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
>> berupa pencabutan membership.
>>
>> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk
>> selalu mengupdate antivirusnya.
>>
>> Yahoo! Groups Links
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
> Please visit
> http://www.silatbooks.com/
> http://www.silatpdusa.com/
> Please write
> [EMAIL PROTECTED]
> [EMAIL PROTECTED]
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
> berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk
> selalu mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>
Please visit
http://www.silatbooks.com/
http://www.silatpdusa.com/
Please write
[EMAIL PROTECTED]
[EMAIL PROTECTED]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/