Saleresna mah urusan ngumpulkeun runtah di unggal kota teh tanggung jawab
Kotapraja. Ibaratna dianggap "service" ka penduduk eta kota ti Pamarentah
Kotapraja.
Kahiji kudu aya "ordonance" ti Kotapraja khusus soal miceun runtah. Di NYC mah,
runtah Rumah Tangga di angkut ku Kotapraja teh 2 kali saminggu. Dinten Salasa
sareng Jumaah. Dinten Jumaah ditambihan ku runtah anu disebat "re-cycle".
Nyaeta platic (botol atanapi kemasan ) sakarung, karungna teh platic bulau
"tembus pandang". Teras aya deui hiji kantong paltic, bodas oge "tembus
pandang" tah dina ieu platic teh eusina botol-botol tina gelas atanapi barang
RT sarupaning gegelasan.
Koran sareng majalah oge kertas nu sanesna sareng karton kedah dipisahkeun
sareng ditalian ku tali.
Barang RT sanesna, korsi jeung nu sanesnana mah teu kedang dibeungkeut.
Mung upami kai-kai kedah dibeungkeutan.
Samemeh truck runtah dongkap, aya inspektur ngorehan eta kantong-kantong
plastic. Upami aya barang anu teu kenging dihijikeun jeung plastic, si Tuan
Rumah kenging serat peringatan yen runtah kedah disortor samestina. Upami
kaduakalina masih keneh teu beres nyortirna, ditilang dugi ka $150.00
Oge truck runtahna aya dua lawang. Nu hiji kanggo plastic sareng gelas, nu hiji
deui kanggo karton sareng koran/majalah.. Kantong-kantong plastik nu eusina
runtah RT, plastic sareng gelas kedah diwadahan ku tong kaleng atanapi tong
plastic nu luhurna dugi ka cangkeng jalmi. Maksadna supados teu di sosowek
sareng runtahna diacak-acak ku anjing, ucing, sero atanapi beurit nu sagede
leungeun.
Upami teu diwadahan ku tong, keuna di ttilang.
Kahiji, aturan ieu kedah kaluar ti Kotapraja, upami ngalanggar keuna denda
lebet ka kas Kotapraja.
Kumargi NYC mah caket laut/ Walungan Hudson, seueurna runtah teh di angkut ku
tongkang ka tempat "pembuangan sampah".
Tah upami diurang, eta hasil ngumpulkeun runtah anu tos disortir, ku Kotapraja
tiasa diolah deui. Plastic tiasa dilebur jadi plastic "pellets", nya tiasa
dianggo deui kanggo alat-alat plastic sanesna nu teu dianggo kanggo mungkus
katuangan atanapi minuman.
Nya kitu oge sareng gelas, tiasa disalurkeun ka pabrik gelas.
Runtah sanesna nya diolah kanggo "pupuk " sapertos nu di guar ku Gan Oman.
Upami eta pabrik "recycling" teh milik Kotapraja, investasi anu dikaluarkeun
kanggo ongkos-ongkos ngumpulkeun runtah tiasa kagentos ku ngicalan, plastic
pellets, cangkir/container tina gelas, sareng diical ka pabrik "pupuk " tea.
Oge aya penghasilan tambihan kanggo Kotapraja tina pajak perusahaan, pajak
penjualan, plus "menyerap tenaga kerja". Nya ulah ngaharepkeun kenging untung,
apan ieu mah "service" ka penduduk kota tea. Rugi saeutik mah nya normal wae,
da teu aya sadunia hiji kota dijalankeun sapertos pausahaan anu "mengejar"
kauntungan.
Jadi capur tangan Kotapraja diperlukan nya oge modalna.
Di NYC, upami runtah ti Hotel sareng busniness establishment mah teu di garap
ku Kotapraja. Nu ieu mah digarap ku pausahaan swasta. Di unggal Hotel atanapi
restoran anu ageung, aya mesin "compactor" nganggo tanaga hydrolis. Nya
runtah-runtah saarosna disortir, dilebetkeun kana mesin ieu teras digencet jadi
ngariut teras ditalian ku metal strip. Diangkutna teh tos jadi jiga balok es
nembe kaluar ti pabrik es.
Aya oge mesin compactor-na nu tos pinuh diangkut, digentos ku mesin compactor
anu masih keneh kosong. Kumargi konstruksina tina waja plus runtah anu di
gencet nya abot oge, tiasa kana 20 tonna. Truckna oge spesial, gilinding
pengkerna aya duabelas. Tilu as dobel-dobel banna teh. Truck nu kieu mah
ageung teuing jang diurang mah.
Tah compactor cocok pisan kanggo dipasar-pasar di urang. Diangkutna praktis da
tos d\"dicetak" tea. Boa disisi-sisi jalan ageung di kampung-kampung dikota .
Tapi tetep kedah disortir, jeung usaha nyortir teh tanggung jawab warga kota.
Hayu urang dijar "invest" di usaha=usaha anu kieu. Dkaitkeun kana usaha pupuk
gramor tea.
Sok atuh baraya anu kagungan Titel Ekonomi, Tehnis urang ngumpul sugan wae aya
hasulna.
ulah katinggaleun bisi kaburu digarap ku pausahaan Konglumelarat tea, pan ceuk
beja Sampurna tos diical ka Phillips Morris.
Ari sim kuring mah mung tiasa nyanggakeun anu ka tingali sapopose didieu.
Abah Joe
---------------------------------
Yahoo! Messenger
Show us what our next emoticon should look like. Join the fun.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/