Alhamdulillah, tiasa "tepang" sareng kuncen urang sunda Nepangkeun yeuh sim kuring; nama : Maman, katelahna Kang Maman ( Kang didieu mah mung sakadar ciciren sunda wungkul). Sim kuring kapungkur sakola di sospol unpad.
Geuning Kang Pangbin teh urang KPU, kaleresan yeuh sim kuring gaduh uneg-uneg kanggo KPU. Perkawis partai anu seueur pisan di indonesia; pamendak sim kuring kedah di damelkeun aturan anu langkung jelas tur teges pikeun partai supados ngagabung; aturan KOALISI kedah ditegeskeun; Sah atanapi henteu na koalisi gumantung kana aturan ti KPU, sepertos dina kajantenan kamari koalisi kebangsaan sareng kerakyatan ulah mung sakadar milari posisi sementawis/perantara ku jalan ngagabung-gabung maneh bari ciri asal muasal partai tetep-tetep keneh, koneng tetep koneng, beureum tetep beureum, hejo tetep hejo. Janten aturan koalisi teh kedah teges mun beureum bade ngahiji jeung koneng atuh kedahnamah janten biru. Sareng kumaha lah carana supados partai teh teu seueur seueur teuing, hawatos kertas-suara kanggo dina pemilu janten hambur teu puguh, teu acan deui tinta berwarnana Apan tinta sareng kertas teh mahal sanes; cobi upami didamelkeun jadi buku lumayan pisan tah. Perkawis patarosan "kamana pa walikota", nyakitu teu apal-apal acan, saha namina, sareng dimana linggihna maklum lah sim kuringmah urang kabupaten (kitu oge teu terang saha nami bupatina). Duka tah dina PILKADAL eh PILKADA bade milih nu mana. --- pangbin <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kamana pa walikota > > From: Kang Maman [mailto:[EMAIL PROTECTED] > > Kahatur Abah di New York. > Sim kuring ngobrol sareng eselon 2 (ka biro) urang > proprinsi jawabarat; anu janten sumber karerepot > ayeuna teh saurna; nyatana "rebutan" wilayah; mana > kewenangan kotapraja; mana lebet ka kabupaten mana > lebet ka propinsi. > > ---------------------X > diteukteuk ku kuncen > > > > __________________________________ Do you Yahoo!? Yahoo! Personals - Better first dates. More second dates. http://personals.yahoo.com PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
