Wilujeng,
 Saleresna seueur urang Sunda anu motekar, boh dina widang pembangkit 
listrik PLTA atanapi anu sanesna (sarana pertanian/nu nyiptakeun gemuk npk 
super organik lengkap makro-mikro, manajemen, kasenian, aristektur, 
pamesinan, sofware, jrrd). Anu teu acan katawis teh gawe bareng kanggo silih 
pupujuhkeun antara US.
 Dina widang PLTA, upamana, di sagigireun ieu produk Pa Oco, oge aya produk 
anu ayeuna tos siap jual namina PATMO. Upami Pak Oco, katawisna nganggo 
sistem gaya potensial PLTA biasa sakumaha bendungan (cai anu aya di palih 
luhur ditotogkeun tepi ka ninggang turbin tur ngagerakeunana dugi ka 
ngahasilkeun listrik), PATMO mah nganggo sistem hydram (cai di bendung anu 
engkena eta cai tiasa ngagerakeun listrik atawa salaku sumber cai keur 
daerah saluhureunana). Model PATMO pas pisan keur wewengkon-wewengkon anu 
garing anu ayana di saluhureun walungan atawa susukan.
 Ngan nyaeta, hanjakal, anu nyiptakeun PATMO teh (urang Bandung) kaseepan 
modal kanggo promosi sareng ngayakeun barangna keur nyumponan anu ngajak 
kontrak (lengkah anu ngajak kontrak tos aya, upamana bae Pemda Propinsi 
Bengkulu).
 Sigana, kudu aya ti sabagean US anu siap dina organisasi anu garapanana 
ngahubung-hubungkeun antara rupa-rupa sumber daya jeung anu boga 
ciptaan-ciptaan harade model PATMO, ambahan legana nya organisasi-organisasi 
dina widang kabudayaan. Sigana Yayasan Sawalabumi teh lebah dieu garapanana 
teh gawe bareng nu sanesna.
 Cag heula.
-----
PS: ka nu peryogi informasi PATMO salajengna, si kuring tiasa ngahubungkeun 
ka sumber na pisan. Malah brosurna oge tos aya dina peperenian.
 Baktosna,
manAR

 On Apr 9, 2005 10:01 AM, sari_djafar <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
> 
> 
> 
> Tadi peuting lalajo sosok pekan ini metro tv anu ngahadirkeun Pak Oco
> Sukarja. Ceunah Pak Oco teh penemu pembangkit listrik tenaga air di
> daerahna (Bogor). Nyaeta nyieun sumber tanaga listrik tina kokocoran
> cai ti gunung.
> Sanajan urang gunung, tetela Pak Oco teh motekar bisa nyieun PLTA
> sagala. Ieu bisa dijadikeun pieunteungeun urang sarerea.
> 
> baktos,
> nana
> * geus saminggu leuwih email kantor ([EMAIL PROTECTED]) teu narima
> email ti KUSNET, jadi kapaksa noongan make serelek pamajikan
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 
> 
>


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke