---------- Forwarded message ----------
From: Opang <[EMAIL PROTECTED]>
Date: May 12, 2005 3:41 PM
To: [email protected]


Punteeeennnn!

Aya hiji sakola, ngaranna SMP Pakenjeng. Teu jauh ti Tegalgede jeung
Balebat (daerah musibah nu kamari ieu rame ditabeuh di koran jeung
televisi). Daerah Pakenjeng teh aya di antara Tegalgede jeung Balebat
anu taneuhna ngareunteut jeung tuluy ngeser. Henteu ari ngaburulu
longsor mah. Orokaya rea imah jeung masjid barengkah jeung barejad.
Nu rubuh ge teu kurang-kurang.

Nya di SMP Pakenjeng uing ngajar. Ngajar basa Sunda katut unak-
anikna. Resep pisan. Bisa mawa barudak ulin di lemburna sorangan,
bari nyarita ku basa sorangan, bari betah ku cara sorangan. Sakapeung
mah tara lungak-longok kana buku pangajaran, da buku pangajaranna
matak ngalieurkeun.

Mitra,
Resep ari resepna mah. Tapi uing sok prihatin. Hayang ngajarkeun rupa-
rupa ka barudak, tapi pasilitasna kawatesanan. Guru bae ngan aya
sabelas urang, bandingkeun jeung guru di SMP Kota anu rata-rata teu
kurang ti 60 urang. Sakola uing mah geuning teu boga perpustakaan-
perpustakaan acan. Laboratorium komo deui, alat-alatna bae pabalatak
jadi runtah da tara dipake ku guru. Lebar puguh ge. ARi nu jadi soal,
gedong sakolana ukur aya salapan lokal ditambah ruang guru jeung TU.
Jadi bororaah hayang aya perpustakaan, ngawadahan barudak oge pas-
pasan pisan (Kls 1 tilu kelas, II tilu kelas, III sarua tilu kelas).
Aya dua lokal deui, tapi kari rangkayna wungkul.

Karek dua bulan uing di ditu, tapi masalah sakola nu kapanggih siga
tumpukan runtah nu teu diakutan. Jaga sugan kadongengkeun ku uing.
Tapi eta masalah teh ku uing teu pati digugulung. Ngajak barudak bae
sina resep diajar (mun uing ka kelas, sok baku barudak teh: Pa, mana
tatarucinganana? Untung bae aya buku tatarucingan kenging Juragan
Guru Hadi AKS ti Lembang).

Minggu kamari uing merenah-merenahkeun lomari butut ka ruangan guru.
Buku-buku ti imah diringkidan. Hayang barudak bisa macaan buku naon
bae, ngarah sanajan maranehna hirup di lembur, apal ka dunya
imajinasi nu direka-reka ku pangarang-pangarang moyan. Susuganan
barudak katepaan ku pikiran nalaktak anu bisa ngambah alam mana bae
ngaliwatan buku, bari teu incah ti lembur matuhna. Muga-muga.

Mitra, resep pisan. Barudak unggal baralik sakola paheula-heula
hayang diinjeuman buku. Hanjakal bukuna kawatesanan pisan. Susuganan
MJ atawa mitra di lembur Urang Sunda bisa ngjalanan. Uing butuh rea
buku keur nganteur barudak ka alam imajinasi nu hamo aya watesna.

Nu lila ngampleng,

DARPAN


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke