Kuring bade ngomentaran milis di handap, punten upami
rada "nyelekit", aya kawajiban amar ma'ruf nahi
munkar.

Konsep pemisahan agama kanggo ibadah wae, teu kedah
diterapkeun kana kahirupan politik sareng anu sanesna,
asana teh ieu konsepna Walanda kapungkur.
Kacenderungan ayeuna mah, sigana teh aya konsep
beragama sacara "kaffah" (=menyeluruh).
Eta kumaha cenah lamun masing-masing penganut agama
hayang ngalaksanakeun agamana dina kahirupan sapopoe,
pastina bakal pabentar antara panganut hiji agama
jeung agama sejen. Upama memang ngalaksanakeun sacara
ikhlas samata-mata ngaharep rido Allah, moal aya
pabentar. Pan Ajaran Agama mah universal, pastina oge
aya hal-hal anu dianjurkeun jeung dilarang anu sifatna
universal.


Kumaha tah ayeuna para pangawasa pamarentahan/politik
anu "mengatasnamakeun" agama,nagara lain kalah ka
tertib malahan jadi kacau. Nya ulah disalahkeun ajaran
agamana atuh, jeung deuih teu jadi jaminan si "pulan"
teh bener-bener ngalaksanakeun ajaran agama, sok
sanajan "bergelar" kiai/ustad. Ku sabab kitu pan aya
sumber-sumber ajaran anu bisa jadi acuan anu pasti
moal salah nyaeta Al qur'an, hadis, jeung riwayat para
sahabat, para pamingpin Islam sejenna.

Cenah teu perlu ngagede-gedekeun kasukuan, kaagamaan,
sabab urang geus jadi hiji bangsa Indonesia. Tapi
politik siga kieu teh anu  jadi tameng Orde Baru anu
teu berhasil ngamamurkeun rahayat.
Ayeuna mah sok wae paheula-heula nyieun kahadean,
karana Allah, lain kusabab ngaharepkeun pangkat,
jabatan, duit, jrrd. Sabab engke oge pan urang teh
bakal dipenta pertanggung jawabanana naon-naon anu
geus dilakukeun. Tah, perkara kieu anu teu aya dina
etika jeung sok dipopohokeun (atawa api-api
dipopohokeun).

baktos,

mrachmatrawyani

--- DELUN I <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ka Parawargi sadayana,
>  
> Upami tanggapan simkuring perkawis SI mah :
>  
> Simkuring orang muslim, tapi upami agama dicacandak
> kana sistem pemerintahan atanapi Politik henteu
> panuju, soalna "RISKAN PISAN" ari perkawis agama mah
> hubungan religius antara Pangeran sareng umat
> na...sanes hubungan pemerintahan, politik sareng
> Pangeran.(kedah dipisahkeun)
>  
>            1.Contoh: Seeur ayeuna koruptor, elit
> politik, tokoh masyarakat sareng tek-tek bengek
> na...nyanyandak agama dijantenkeun alat kanggo
> ambisi pribadina, golongan, partai etc.kumaon ?
> jawaban nana syple pisan : ETA mah KUMAHA PRIBADINA
> BAE.....!    eh teu tiasa kitu...! tapi sareng ulah
> hilap bahwa anjeuna urang muslim..sareng agama ISLAM
> janten RUSAK CITRANA.
>  
> Ayeuna mah upami JALMI gaduh maksad sae kanggo
> nagara sareng rakyat na : mangga bae enggal
> laksanakeun tanpa nyanyandak golongan, agama etc.
> kunaon ?



                
__________________________________
Discover Yahoo! 
Find restaurants, movies, travel and more fun for the weekend. Check it out! 
http://discover.yahoo.com/weekend.html 



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke