MJ,
Kumaha nya, naha kantor Gubernur Jabar (anu di Gedong Sate tea) kudu
dipindahkeun bae kitu ka Itenas? Eta bae, pamarentah anu boga anggaran jauh
mela-melu gedena jeung anggaran Itenas kuat ku teu boga kahayang nyieun
ngaran widang-widang pamarentahan jeung rohangan-rohangan pagawena make
istilah-istilah jeung aksara Sunda. Lain sakuduna mah kantor gubernur anu
naratas peta sarupa kitu teh pikeun picontoeun wirid pananda budaya?
Teuing atuh, na naon anu aya dina emutan pangagung urang ngeunaan perluna
mulasara pananda kabudayaan urang. Kalahka bae kalimah "kudu merhatikeun
jeung mulasara budaya daerah" aya katuliskeun dina visi-misi Jabar, ari
kabuktianana anu sederhana sarupa ngawiridkeun larapan pasitilahan jeung
akasara Sunda bae heunteu dicontoan.
Apan lain payus pisan upama gedong sate salaku kantor gubernur teh, heug
dilengkepan ku ngaran-ngaran rohangan jeung widang pamarentahan make istilah
jeung aksara Sunda? Oge eta gedong dipasieup ku warna jeung ornamen
kasundaan? Tuluy di pakarangan eta gedong aya pepelakan anu nyunda (endemis
Sunda atawa habitatna anu umum aya di Sunda atawa anu geus kamashur
kacaturkeun dina naskah kuno, legenda atawa mitologi Sunda)?
Lain pantes pisan upama di pakarangan gedong sate teh aya rungkun HANJUANG
jeung HANDEULEUM sapasang? Tuluy aya pepelakan sejenna saperti: TARUM, AWI
EUL-EUL, AWI ATER, KEMANG, sarta pepelakan sejenna anu bener-bener neba
jeung ngaleuyah sarta geus kacida mere manfaatna ka masarakat Sunda? teu
kudu sakebon, cukup sababaraha tangkal bae minangka pengeling-ngeling. Dina
tembok gedong sate aya gambar timbul, ngagambarkeun gunung-gunung jeung
walungan di Pasundan, utamana mah walungan Citarum anu sakitu gede jasana
tur geus ngalegenda. Duh...iraha teuing atuh nya anu sarupa kitu kasaksian?
baktos,
manAR
baktos,
manAR
On 6/1/05, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
> wisudaan kamari mah resep na teh aya kang Oman gigireun, ngangge jas
> lengkep dasi. oge aya abah Surya nu biantara Orasi Budaya ngeunaan Legenda
> Dayang Sumbi ditoong ti hermeneutik. si kuring diuk panghareupna,
> ngarendeng sareng abah Surya oge kang Oman, kang Oman teh pesenan abah
> Surya, salaku pupuhu LSM Raksa Bumi. jadi vip, yeuh, kakara dina acara
> wisudaan kudu diuk dihareup, biasana mah di luar, ngeceng nu
> herang-herang. uleman nu sejen, inohong bandung teu sarumping, walikota,
> setda jabar, ketua dprd.
>
> eta inohong diulem teh pedah we bade aya orasi budaya abah Surya perkara
> Dayang Sumbi, minangka mitologi kota Bandung.
>
> hanjakal teu kabagi buku orasi budaya si Abah Surya. mun aya mah diketik
> ulang dicemplungkeun ka milis. ku urang kokoreh sugan manggih
>
> orasi abah Surya (HR Hidayat Suryalaga) oge sakantenan dina raraga napelna
> Aksara Sunda di unggal tembok gedong nu aya di Itenas. enya, Aksara Sunda
> ti situs Astana Gede Kawali tea, aksara nu oge aya di prasasti Batutulis
> Bogor.
> Itenas minangka paguron luhur di Jabar nu munggaran make aksara Sunda eta.
> dina plang ngaran gedong, pangluhurna, ngaran gedong basa sunda aksara
> latin, di tengah aksara Sunda, di handap ngaran jurusan/lab.
>
> gambarna...ke urang korehan...
> teu aya eung, aya di komputer humas sigana mah...
>
>
> mj
>
> http://geocities.com/mangjamal
> [EMAIL PROTECTED]
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/