Baraya,
Teu pira mimitina mah, kaindit ku tapak mantuan si cikal, kelas 3 smp
nalika inyana meunang tugas pangajaran basa Inggris ti guruna, kudu neangan
carpon basa Inggris. Ti dinya ngolebat harepan lahirna hiji garapan
ngaliwatan dunya maya, anu ceuk pipikiran mah, kacida warga Kusnet jeung nu
sejenna kongang migaweanana: ngumpulkeun jeung nyieun carita pondok (carpon)
anu disimpen dina hiji website. Ieu garapan teh ngawengku boh carpon klasik
(kahirupan manusa atawa sasatoan alias "fabel") atawa katompernakeun. Nya
upama ieu implengan kalaksanakeun (aya anu ngalaksanakeun), baris ngandelan
deui bukti yen internet teh bisa digunakeun pikeun mateakeun basa jeung
Sastra Sunda. Samemeh ngaguar ieu impian lewih jauh, muga diijinan si kuring
ngadongeng heula lalampahan mantuan si cikal tadi.
Harita, waktu si cikal menta bantuan sakumaha disebut di luhur, si kuring
tuluy lalayaran di dunya maya make kapal yahoo search kalayan ngagunakeun
kecap konci "fabel" jeung "stories". Sanggaeus ngaberedel sababaraha pilihan
alamat website anu ngandung eta kecap konci, nya si kuring milih tilu alamat
pikeun tugas si cikal. "Keun sina milih", cekeng teh. Tilu alamat teh
Alhamdulillah, salian ti kapake ku inyana, oge keur si kuring sorangan
kacida matak sugemana. Ngaliwatan tilu alamat web ngeunaan carpon dina basa
Inggris, si kuring asa balik deui ka mangsa budak nepi ka rumaja (nyaan
ayeuna mah teu ngarasa rumaja keneh, apan cirining kolot teh resep ka budak,
hehehe, punten sabulangbentor heula). Tilu alamat carpon dina basa Inggris
ieu teh nyaeta : http://www.aesopfables.com/ ,
http://www.classicshorts.com/stories/ jeung
http://www.storybytes.com/index.html .
Dina alamat kahiji, Aesop Fables tea, lamunan si kuring bari macaan tulisan
na layar pc meunang sajam dua jam mulang deui ka jaman keur budak nalika
mindeng macaan dongeng tina buku atawa didongengan ku kolot anu kabeh ge
karasana harita endah pisan (nepi ka ayeuna oge sabenerna mah masih narapel
kaendahanana teh). Dongeng-dongen saperti: "Sireum jeung Tikukur", "Biruang
jeung Dua Urang Jelama anu Keur Lalampahan", "Singa jeung Beurit", jsb,
kateang deui ngaliwtan internet, estuning mulangkeun panineungan baheula.
Aya anu picontoeun dina nyebarkeun informasi ngeunaan dongeng sasatoan di
dinya teh, nyaeta anu di muat dina alamat web bieu teh lain ukur rohangan
leunjeuran carita, tapi dilengkepan oge ku rohangan sejenna kayaning:
"Lesson Plans", "Comments/Suggestion", jeung "Suggested Moral" nepi ka anu
maca teh bisa icikibung ngeusian eta rohangan minangka apresiasi kana unggal
dongeng anu dimuat. Pikeun jelasna mah mangga bae geura pariosan
dongeng-dongeng ngeunaan sasatoan pikaresepeun barudak di alamat ieu :
http://www.aesopfables.com/ . Anu jelas, sing saha bae anu geus lalayaran ka
alamat web ieu tangtu baris nganuhunkeun ka juragan Aesop (urang Perancis
anu mashur salaku pangarang carita-carita anu make tokoh sasatoan), jeung,
"last but not least" ka sugri anu yieun jeung ngokolakeun webna.
Dina alamat web kadua, http://www.classicshorts.com/stories/ , kasono kana
karya pangarang-pangaran carpon kaliber dunya kayaning juragan Guy de
Maupassant, Charles Dickens, Mark Twain, jrrd, kaubaran pisan. Enyaan alamat
web "Classic Short Stories" mah ngakhususkeun maneh pikeun nyebarkeun jeung
nyumponan kahanaang para carponik (anu resep kana carpon) kana carpon-carpon
klasik anu endah tur luhur ajen-inajenna. Mangga, ka sing saha bae anu sono
kana carpon-carpon kaliber dunya anu klasik, geura mukaan bae alamat web
bieu. Sarua jeung anu samemehna, sing saha bae anu geus ngarasakeun endahna
ieu carpon-carpon klasik tangtu dina akhirna baris nganuhunkeun ka
pangarang-pangarang kaliber dunya anu sakitu ageung yasa dina
ngahirup-huripkeun dunya carpon, jeung, "last but not least" ka sugri anu
nyieun jeung ngokolakeun web anu ngamuatna.
Ku alamat anu katilu, http://www.storybytes.com/index.html , si kuring bati
hookeun. Horeng kitu ari kamajuan di nagara maju, ngawengku widang basa,
khususna sastra, bil khusus sastra Inggris salaku jejer garapan. Dina
'Storybytes", ngaliwatan internet, saha bae anu boga karep tur daek, bisa
nyieun carpon jeung aya kamungkinan dimuat ku anu ngokolakeun webna. Anu
matak hookeun teh kanyataan yen , dina web ieu carpon-carpon (story) teh
digolongkeun ngagunakeun jumlah kecapna atawa sifatna. Kukituna di dinya
urang baris manggihan kelompok carpon anu pohara pondokna, nepi ka aya anu
ngan ukur 2-3 kecap ("Very Short Stories") jeung kelompok carpon-carpon anu
pondok ("Random Short Stories"). Kelompok carpon-carpon anu pohara pondokna
dibagi deui jadi "256 words", "1024 wrods", jeung saterusna. Enya atuda
nyieun kelompok sarupa kitu teh kongang kacida upama nyieun carponna
ngagunakeun komputer (bisa "word count" tea). Karana kamajuan teknologi
jeung kamotekaran pangarang, dunya carpon dina internet kacida dinamisna.
Kanggo jelasna mah mangga bae pariksaan alamat webiste-na. Anu jelas
saharita, sanggeus macaan carpon dina alamat web ieu, sadayana oge tangtu
baris nagnuhunkeun ka saha bae anu nyeratna, jeung, "last but not leat" ka
sugri anu nyieun jeung ngokolakeun website-na.
Baraya, ku ngadadarkeun lalampahan jeung naon anu kaalaman salila si kuring
neangan bahan carpon tina internet keur mantuan si cikal tea, sigana geus
kajudi ku sadayana oge, kamana losna implengan anu di luhur kembangna geus
diebrehkeun. Enya, rada ngalamun satengah ngimpi, hiji waktu urang anu keur
lalayaran di internet baris gorehel manggihan alamat website ngeunaan
carpon-carpon Sunda pilihan (saperti: "Sawidak Carita Pondok", jsb), atawa
web anu muat dongeng-dongeng Sunda saperti "Sakadang Kuya jeung Sakadang
Monyet" di Internet. Timbang ukur jadi impian soteh upama US teu rancage.
Geuningan ari dikeureuyeuh mah PS jeung TQBS oge geus mimiti ngaleuleunjeur.
Sugan atuh website khusus Carpon Sunda oge dina waktu anu deukeut geus
mimiti aya anu ngabaladah.
Baktosna,
manAR
Baktos,
<http://www.aesopfables.com/>
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/