Syarat teh mani kitu-kitu teuing, emang enya urang kudu ngalestarikeun lingkungan tapi ari rek nikah kudu nyadiakeun tatangkalan sarta lamun henteu nikah na batal etamah terlalu mani siga calon pns anu anyar lulus di kota bandung anu kudu melak tangkal mahoni jeung nyieun sumur resapan keur sarat nampa sk. Ari calon pns sih wajar bae, tapi ari anu rek nikah asa kabina-bina, pan ceuk agama oge gampangkeun urusan nikah sanes kitu kang Eko ? ngarah naon kudu digampangkeun urusan nikah (utamana keur anu masih lelengohan), tangtuna ngarah teu loba anu jinah, teu loba anu nikah kapaksa sabab geus eusian (alias MBA), ngarah teu loba budak anu lahir teu bapaan, jeung ngarah anu lianna deui anu jelas ngarah jelema bener. Numutkeun abdi, langkung sae bupati ngaluarkeun instruksi wajib melak tutuwuhan teh lain kanu rek nikah tapi ka pagawe nu aya di purwakarta, pagawe negri jeung pagawe swasta sarta ka masyarakat lianna anu mampuh jeung boga urusan jeung pemda. Ari syarat melak tutuweuhan kanu rek pipisahan mah satuju bae, sugan bae ku cara kitu cereina teu jadi.
Hatur nuhun, Iwan ----- Original Message ----- From: "Eko Ruska Nugraha" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]>; <[email protected]>; <[EMAIL PROTECTED]> Sent: Tuesday, June 21, 2005 8:47 AM Subject: [kisunda] Nikah di purwakarta > Wilujeng enjing baraya sadayana, > Dina koran tempo Poe jumaah kamari ping 17 Juni 2005 di kolom jawa > barat di kabupaten purwakarta bupatina nga intruksikeun ka para ka > instansi terkait (nu ngurus nikah jeung cerai). Ka wargana nu rek > nikah jeung cerai salian kudu ngelengkepan syarat-syarat administrasi > anu geus umum kudu mere tantangkalan anu produktif cenah mah ieu teh > dalam rangka memperingakti hari lingkungan hidup. Lamun wargana nu rek > kawin jeung cerai teu bisa nedunanan syarat mawa tatangkala eta niatna > di tunda cenah tepikeun ka nu boga niat eta ngelengkepan syarat eta. > > Ngan teu disebutkeun ieu instruksi teh tepikeun ka iraha. > Cik kumaha tah pamendak baraya. > > > Salam > @ERN > > > PENTING..! > > attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > > dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. > > terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. > > Yahoo! Groups Links > > > > > PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
