Geuningan aya pangemut ti kang MH, anu kedah digaleuh teh cenah CD duplikator 
sanes CD writer. Maksadna supados ngagandakeunana langkung enggal. Upami 
ngagaleuh dua, atuh anu hiji mah CD writer tea anu kaduana CD duplikator. 
Kangge teknisna, saha anu uninga email cupumanik/HW/ atanapi RTH.

oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> a écrit :Haturan Kang Ganjar, Ua Sas oge 
sadayana,
Bagja kumayangan, kalintang ageung hartosna ieu patekadan Kang Ganjar 
pikeun hirup-huripna budaya Sunda, utamana basa Sunda, tos teu kedah 
dicarioskeun deui (bari jeung dicarioskeun deui bakating ku reueus). Mangga 
si kuring seja ngadeudeul pikeun prak migaweanana, bade sabaraha bae 
"ngabakar" (cd writing) bahan anu dimaksud, bade keureuyeuh. Si kuring oge 
sadia ngagandakeun mah, kabeneran cd writer aya, boh anu napel dina PC di 
kantor atawa anu bisa leuleumpangan dina laptop. Atuh sababaraha dulur urang 
anu sayogi pikeun ngagandakeun bahan garapan KUSnet dina wangun cd nuduhkeun 
seueurna resources atawa sumber daya di KUSnet, kantun ngokolakeunana bae.
Ngeunaan cd writer pangrojong ageung ti Kang Ganjar, si kuring ngiringan 
pamaksadan Ua Sas, disimpen di Cupumanik. Oge perkara ngagandakeun jeung 
nyebarkeun ieu bahan sosialisasi garapan KUSnet gawe bareng sareng Cupumanik 
si kuring ngarojong pisan. Leres, Cupumanik katawis pisan idealismena dina 
miara jeung ngamekarkeun basa Sunda oge kasundaan. Wilujeng.
Ngeunaan usul Kang Kumincir, si kuring oge sapuk pisan. Memang aya hadena 
upama KUSnet - Cupumanik ngayakeun sarupa survey heula pikeun ngarampa saha 
bae anu leres-leres meryogikeun ieu bahan garapan KUSnet kalawan miharep 
cd-na anu dimaksud. Kucara kitu, ngabagikeun cd bahan anu dimaksud teh tiasa 
tartib, ngaheulakeun anu leres-leres meryogikeun.
Ngeunaan usulan ti Kang Sony, leres da ayeuna mah geus jamannya komunikasi 
anu efektif. Tampilan bahan-bahan garapan KUSnet sae pisan upama sakalian 
digarap samodel tampilan web (auto run). Di KUSnet bawiraos seueur ahli 
midamel media komunikasi tampilan ti mimiti powerpoint nepi ka auto run-na 
oge.
Saterasna, pikeun eusining cd ieu, dumasar kapasitas cd anu ageung pisan 
(upama teu salah kl 600 MB) jeung kasempetan sosialisasi anu rada langka, 
ieu bahan sosialisasi garapan-garapan KUSnet teh dieuyeuban ku anu sanesna 
anu diperyogikeun ku saha bae umumna masyarakat. Anggapan urang kedah nyoko 
kana umumna masyarakat Sunda (sasaran sosialisasi) anu teu acan sadayana 
terang unak-anik ngoprek internet. Kukituna, eusining cd teh peryogi 
diringkelkeun kalawan daria nyoko kana udagan komunikasi anu efektif luyu 
jeung kalolobaana tingkat "daya serep" mitra sosialisasi ieu program. 
Manawi bahan katampi, pikeun tetenger bae, mangga ieu usulan teh ringkelan 
jeung lengkah-lengkahna saperti kieu:
1. Bahan sosialisasi/eusi cd ngawengku 5 hal: 1) ngeunaan hal-hal singget 
anu perlu dipikawanoh dina komunikasi dunya internet, 3) KUSnet (sajarah, nu 
ngurus, garapan, profil anggota, paniten, anu dipadungdengkeun, jst) kalawan 
singget ditutup ku ngiberan milist kasundaan sanesna; 3) (lebet kana 
garapan/neleban) : 3a) Wikipedia, 3b) Digitalisasi Pustaka Sunda, 3c) 
Kaulinan barudak; 4) Program sanesna ti KUSnet, 5) program pikahareupeun 
(halangan akses ka internet jeung cara ngungkulana. 
2. Satiap eusi ieu cd tiasa digarap ku anu kapeto ku ais pangampih/ panitia 
ieu garapan ti KUSnet, kalawan draft aslina (anu teu acan dirarangkenan ku 
ornamen media komunikasi anu efektif-upamana: tampilan power point anu matak 
narik pamirsa) diparios heula ku panitia. 
3. Saterasna, ieu draft asli anu teu acan diwarnaan jeung diornamenan 
dikintunkeun ka masing ahli midamel powerpoint + auto run anu kapeto ku 
panitia/ais pangampih KUSnet, kanggo direngsekeun anu hasilna dikintunkeu 
deui ka panitia. 
4. Ti dinya (lengkah ka 3) nembe urang ngagaduhan bahan cd anu final anu 
engkena digandakeun ku saha bae anu kapeto.
5. Hasil ngagandakeun dikintunkeun deui ka panitia/ais pangampih KUSnet 
pikeun disalabarkeun ngalangkungan gawe bareng KUSnet-Cupumanik.
Mudah-mudahan ieu usulan tiasa ngabakian sadaya resources di KUSnet anu aya 
maksad icikibung dina ieu kagiatan. Ku cara kitu, hal ieu tiasa jadi 
preseden salah sahiji manfaat milis (tuladaneun gawe bareng ngalangkungan 
milist/internet). Hapunten bilih ieu usulan teh bilih heunteu sapagodos oge 
bilih panjang teuing.
baktos,
manAR


On 7/3/05, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
> 
> Kang Ganjar, hatur nuhun pisan kana pangrojongna, ngeunaan CD kosong 
> sareng CD Writer mah, ceuk sim kuring mah langkung sae di ka Cupumanikeun ( 
> di Cupumanik saur Kang Hawe mah tos aya hiji/ upami teu lepat dina komputer 
> nu sok dianggo ku Dadan aya saena ditambihan hiji deui ), atuh nu hiji deui 
> mah tiasa bae di YP ( di pupuhuna nyaeta di Mang J).
> Janten kanggo ngaduplikasi CD aya 5 tempat (sementawis), di sim kuring, di 
> Kang Soni, di Cupumnaik 2, di MJ.
> Kanggo kaperyogian ngaduplikasi CD kantun nyuhunkeun ka Cupumanik, pangna 
> sim kuring nyarankeun disimpen di Cupumanik supados unggal waktos ge aya 
> kumargi Cupamanik mah kantor.
> Atuh upami baraya Kusnet anu di Jakarta, Bogor, sareng anu sanesna bade 
> ngiring mantuan ngaduplikasi kalintang dipiharepna, kanggo biaya meser CD 
> kosong tiasa tina kencleng YP teu kedah dikintun CD kosong ti Bandung
> Kaleresan tadi sonten ka rorompok si kuring aya MJ sareng Kang Soni, nya 
> ngobrolkeun soal eta, kitu deui eusina.
> Kang Soni tos nyobian ngadamel "auto run" supados CD dilebetkeun teh 
> langsung "run" sareng mucunghul seratan Gawe Bareng Kusnet jeung Cupumanik.
> Kanggo edisi munggaran mah urang eusian ku Ngalagena-0.3.ttf ditambih 
> carana instalasi, Game basa Sunda, Hasil Digitalisasi, ngawanohkeun Kusnet, 
> rekaman kagitan Kusnet, ngawanohkeun Cupumanik/ web-na.
> Perkawis video duka tah eta mah teu langkung baraya di Kusnet bae, nu aya 
> di sim kuring mung video waktos peluncuran buku SBJS (gawe bareng sareng 
> Lisenda), waktos tepung lawung sareng Pa Ayatrohaedi ( nu ieu mah garapan 
> baraya Kusnet nu di Jakarta). 
>  Ka baraya sadayana, pangna sim kuring ngayakeun gawe bareng sareng 
> Cupumanik teu aya sanes iwal ti kataji ku "idelaisme"na, sapertos anu 
> didugikeun ku pupuhu redaksi Cupumanik waktos kongres kaping 19 Juni 05 tea, 
> teu aya "masturbasi" soal eusi, teu aya jual dedet, sugan we atuh ku ayana 
> gawe bareng ieu tiasa langkung maju dina hal tiras kapayuna.
>  Hususon kanggo Kang Dian Tresna Nugraha anu parantos ngadamel 
> komputerisasi aksara Sunda, sakali deui didieu sim kuring nyuhunkeun widi 
> kanggo diembarkeun ngalangkungan CD anu bade dipigawe, kitu deui ka Kang 
> Sonirosa game basa Sunda (wanara kumincir sareng jeknyeh) nyuhunkeun widi 
> diembarkeun.
>  Perkawis usulan Kang Kumincir soal ngedarkeun CD teh aya saena, nya 
> kanggo langkung selektip sareng supados mangfaat ka anu dipasihanana, urang 
> tingal bae runtuyan pelanggan Cupumanik nu tos maneuh, didinya urang tiasa 
> ngilo naha eta pelanggan teh gaptek atanapi henteu, naha eta pelanggan teh 
> gaduheun komputer atanapi henteu ("underestimate"...?), memang leres upami 
> langsung dikintun ka unggal pelanggan maneuh mah bilih mubadzir.
>   
> ----- Original Message ----- 
> *From:* Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> 
> *To:* [email protected] ; kisunda <[email protected]> 
> *Sent:* Saturday, July 02, 2005 5:00 PM
> *Subject:* [Urang Sunda] CD Writer sareng CD Kosong Kangge Program Kusnet
> 
>  Kumargi lajuning laku Kusnet sareng Cupumanik mah "justru", pribados seja 
> ngadeudeul kangge ngagaleuh CD kosong sabangsa 1000 siki mah -- kalayan 
> pangaos anu didugikeun ku Kang Roisz; atuh ngeunaan CD writer upami 
> diperyogikeun urang ngagaleuh hiji atanapi dua, mung bade disimpen dimana 
> sareng saha anu bade ngoordinirna -- atanapi urang simpen di Cupumanik?. 
> Ngeunaan eusi, tangtos kedah anu narik sareng tiasa dipraktekkeun langsung, 
> sapertos : aksara ngalagena, pupuh atanapi kaulinan budak tea (tiasa oge 
> diemutan kangge ngadamel videona).
> Nuhun, 
> 
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> 
> http://www.Urang-Sunda.or.id<http://www.urang-sunda.or.id/>
> 
> 
> 
>  ------------------------------
> YAHOO! GROUPS LINKS 
> 
> 
>    - Visit your group "urangsunda<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda>" 
>    on the web.
>     - To unsubscribe from this group, send an email to:
>    [EMAIL PROTECTED]<[EMAIL PROTECTED]>
>     - Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of 
>    Service <http://docs.yahoo.com/info/terms/>.
> 
> 
>  ------------------------------
>


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.




---------------------------------
YAHOO! GROUPS LINKS 


    Visit your group "kisunda" on the web.
  
    To unsubscribe from this group, send an email to:
 [EMAIL PROTECTED]
  
    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 


---------------------------------




                
---------------------------------
 Appel audio GRATUIT partout dans le monde avec le nouveau Yahoo! Messenger
 Téléchargez le ici !  

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke