*******************************
Haturan Bah willy, Mang Ha.. kum bae baraya nu aya dina jejer ieu.
Keun bae ketah Bah, disebut "masturbasi" teh, dari pada "ngabayur", harom
pisan nu kieu mah! hehehehe.......
-Pangaweruh!-
Salah sahiji kapinunjulan KUSnet (Babakan) teh, nyeta euyeubna ku baraya nu
ti mana mendi, ti suklak ti siklukna.
Geura ayeunamah, nek murak jejer naon! agama, Kasundaan, IT, jst ...... moal
bireuk deui di KUSnet mah aya Manukna sewang-sewangan (sanajan sigana ti
widang IT nu reana ).
Ti dieu kuring mirengkeun ka diri teh, ningan pangaweruh KUSnet keur kuring
mah nyata pisan!.
Ngomong kitu ka diri teh pedah, ti mimiti ilubiung jadi panduduk Babakan tug
na nepi kiwari, ningan kuring asa loba pisang panganyaho teh, boh dina
widang agama, Tehnolohi, sastra, komo Kasundaan mah tong disebutkeun deui,
da eta pisan nu keur dijugjug teh!
-"Masturbasi"-na KUSnet!-
Tina mangrewuna balad KUSnet, si kuring sok nengetan ningan ngan sababaraha
nu ngarojong hancaan nyata KUSnet teh (RS, TQBS, PS, jst ), sababaraha
lianna nu aktip mairan, sababarahan deui aktip noongan.... enya!!! aktip
ngano'ongan wungkul.... heheheh.... sababaraha deui mah aktip pisan
ngadodoho tutungkusan ti baraya nu dialungkeun ka Babakan.... Beu!!
..... aya benerna oge YHI teh ngaistilahkeun lalampahan KUSnet (Babakan) teh
ku "masturbasi"
tapi ulah disakompetdaunkeun pikeun kum na baraya Babakan. Leuwih saluyuna
mah ceuk kuring istilah "masturbasi" YHI teh pikeun sababaraha baraya tadi
nu ngadodoho tutungkusan pikeun kasenengan dirina ku anjeun.... (maksud
kuring mah, ari ngalaan pangaweruh ti baraya mah harot, tapi ari dipenta
luang saetik pikeun ngahancaan Proyek KUSnet asa teu embol ngacung-ngacung
acan!, )... jadi bae hancaan KUSnet teh siga "starter haben nagen" tea.
-Ulah "Masturbasi" bae ateuh! seug geura rarabi, ngarah reugreug!-
Sangka "mastrubasi" YHI ka KUSnet, pikeun kami mah, eta teh jadi nambah
sumanget gawe bareng jeung baraya sangkan bisa nembongkeun ka nu ngomong
eta, yen urang teh salian saukur "masturbasi"(keur kuring mah sarupa jeung
meunangkeun kasenengan/ pangaweruh elmu tina kasundaan keur diri sorangan)
oge aya lajuninglakuna, aya bukurna!!!!
Tah ayeuna mah kumaha ateuh sangkan urang teu disangka "Masturbasi"?, nya
kawin ateuh!! mun geus kawinmah, kapan bae masturbasi ge moal kanyahoaan
.... heuheuheuheu
Si kuring sok ngahajakeun ari keur salse ngalongokan rohanganna Mang Ha,
ningan Roesdi jeung Misnem oge aya sababaraha nu can rengse, duka teh teuing
tas diedit acan na mah nu geus rengse na oge?? Kitu oge TQBS, PS, komo
Wikipediamah nu bahanna euweuh watesna!
Ngomong kieu so teh, asa kapikiran ku kuring, naha enya ti balad KUSnet nu
ceuk Mang Je mah aya kana 1.400 na, teu bisa teu sing rereongan, dina proyek
KUSnet nu bieu disebutkeun???? Ngeunteung ka diri sorangan ieu mah!, asana
teh aya bae waktu dina sapoena keur ngetik mah, nya ... minimal na mah 5 ka
10 menitan mun keur pakepuk pisan, jadi lamun saminggu salembar asana bisa
mun saukur ngetik mah.
Tah kumaha bisa teu??? asana mah bisa!!! .... mun kitu mah hancaan RS, TQBS
jeung PS teh teu sing mun di sebut 'stater haben nagen" mah.
Kacindekanna.... hayu ateuh urang papalerkeun eta napsu Kasundaan ku jalan
dikawinkeun jeung pangaweruh, pangabisa lan kasempetan nu dipibanda, boh ku
inyana atawa jeung papada baraya Babakan nu ti suklak ti siklukna, sugan bae
kaparengkeun jaga boga anak "e-Sundana".
Ceunah teh teuing,
-pun adi-
***************************
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/