Ass. Wr.Wb.
 
Salah sawios rukun jumaahan teh nyaeta khutbah jum'ah. Raraosan tos 
mangratus-ratus kali jumaahan, materina teh asa kitu keneh-keneh alias bulak 
balik dekok. Naha teu tiasa diemutan misalna ku Depag atanapi MUI, aya hiji 
kurikulum anu jelas ngeunaan materi khutbah Jumaah. Tug dugi ti jumaah ka 
jumaah teh pangaweruh kagamaan aya undakna. Ari anu ngadugikeunana mah 
tinangtos khotib saha wae; ngan materina saragem di sakuliah wilayah. Hartosna, 
dinten jumaah eta mah dimana-mana wae oge materina sami. 
Aya sababaraha pangalaman ngeunaan khutbah jumah. Baheula keur budak, sok resep 
nutur-nutur da'i beken, dimana wae anjeuna pidato sok dituturkeun. Palebah 
materi juma'ahan sihoreng ti masjid ka masjid eta keneh-eta keneh. Hartosna 
sang da'i nyiapkeun materi khutbahna teh ngan ukur sababaraha hiji dina sataun. 
Conto sanesna, lamun geus deukeut ka ramadan dimana wae oge surah anu dibahasna 
teh Al Baqoroh 183 tea; sakapeung atawa seseringna anu didongengkeun teh kitu 
keneh-kitu keneh; sakapeung aya oge geuning khotib anu sok nyarekan, atawa 
khutbahna diselapan kapentingan pulitik. Ku ayana kurikulum anu jelas sakali 
deui pangaweruh kaagamaan tiasa undak bari jeung henteu uclak-aclok kamana wae 
(nuturkeun selera khotib). 

                
---------------------------------
 Appel audio GRATUIT partout dans le monde avec le nouveau Yahoo! Messenger
 Téléchargez le ici !  

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke