Baraya Sunda sa alam dunya,
 Ngabandungan kamotekaran jeung kahuripan milist-milist kasundaan (teu kudu 
didefinisikeun heula naon ari anu disebut milist kasundaan, sebut bae anu 
dimaksud teh tilu milist: urangsunda, kisunda, jeung Baraya_Sunda), kacida 
loba hal anu matak jadi tantangan jeung lolongkrang ka urang pikeun 
ngahirup-huripkeun Budaya Tatar Sunda. Ramat (jaringan) alam maya (milist, 
wesbsite, internet) tetela geus mukakeun panto-panto rupa-rupa kamungkinan 
ngaheuyeuk dulur pikeun gawe babarengan.
 Di milist KUSnet, diantarana efek hade tina makalanganana sababaraha wakil 
KUSnet di KBS anu terus ngagorolong siga "bola salju" (tulisan-tulisan 
ngeunaan KUSnet jeung Ua Sas anu patutur midang dina sababaraha koran, 
makalangana KUSnet di statsiun TV jeung Radio) kuring nitetnan, unggal poe 
teu kurang ti 3 nepi ka 5 anggota anyar anu asup jadi anggota. Pon kitu deui 
di milist kisunda jeung Baraya-Sunda, sok sanajan frekuensina henteu sarua 
jeung di KUSnet, anggota enggal teh kawilang seueur. Unggal anggota enggal, 
kulantaran tacan ngabudaya mukaan arsip file, sok nataanyakeun 
perkara-perakara anu sabenerna keur anggota heubeul mah geus lila jadi bahan 
padungdengan. Dina lebah dieu, milist merlukeun wahana sarupa direktori 
(saur Kang mh mah FAQ). Fungsi FAQ: pikeun ngawadahan jejer-jejer guaran anu 
kungsi mucunghul anu swaktu-waktu aya anu naroskeun teh kari nuduhkeun bae 
ka ieu FAQ. Naha aya waragad keur nyieu FAQ (rohangan jeung anu 
ngokolakeunana)? Mangga, ieu emutaneun.
 Di milist oge beuki dieu karasa loba kaperluan anggota, boh ngeunaan soal 
basa Sunda, adat-istiadat Sunda (upamana dina nikahkeun), pirang-pirang 
informasi sejenna (saperti soal pasantren, kadaharan, kaulinan, bahan siaran 
radio, jrrd), ageman jeung kapercayaan tradisi (ngahiyang, wangsit, jrr), 
oge perkara usaha anu mungkin diwangun ku / di antara para anggota milist. 
Hal ieu nuduhkeun: gedena potensi ieu ramat oge dina waktu anu sarua, can 
kagarapna ieu potensi.
 Kukituna, para warga milist geus waktuna ngaheuyeuk usaha anu leuwih daria 
sangkan nyieun hiji ramat di alam nyata anu dikawitan ti ramat ti alam maya. 
Lolongkrang keur ngawangun ieu ramat kacida gedena. Upamana bae, upama geus 
kawangun ieu ramat, urang bisa ngusahakeun kadaharan Sunda anu go 
internasional. Pon kitu deui, urang tiasa midamel pausahaan ngeunaan 
kaulinan barudak, informasi ngeunaan budaya jeung adat Sunda, informasi 
ngeunaan pangwangunan (pesantren, kaayaan patani jeung tatanen), informasi 
ngeunaan tempat-tempat wisata tug nepi ka usaha wisatana (familiy homestay, 
wisata budaya, jrrd).
 Para anggota milist sueuer pisan anu ahlina dina widang IT. Mateakeun IT 
pikeun pangwangunan masyarakat anu teu acan terang IT kalintang jadi hiji 
tangtangan. Pabukon oge bisa dironjatkeun paralel jeung ngawangun jalur 
distribusi ekonomi jeung sosial budaya, jrrd.
 Patokanana (atawa postioningna), taya lian ti ngamanfaatkeun database anu 
aya dina ramat alam maya ('alam ghaib" ceuk wartawan "Galura" mah). 
Kukituna, lengkah kahiji anu tangtu diperlukeun: nyieun database. Langkah 
saterusna: nyieun diskusi-diskusi kelompok gumantung minat usahana. Lengkah 
katilu: ningkatkeun pajemuhan-pejemuhan di darat.
 Bral.....hayu urang nete hambalan, keur Sunda saamparan jagat tea. Saha nya 
anu tiasa ngalalanyahan midamelan ieu konsep ramat ti alam ghaib ka ramat 
alam nyata? Aya anu bade ngabaladah? Kalintang dioantosna.
 Baktos,
manAR


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke