Rampes,
 Aeh Kang Agus, naha siga anu kakantun informasi? Danget ieu aksara Sunda 
geus ditetepkeun ku Perda, lain HANACARAKA deui, tapi geus diganti ku aksara 
NGALAGENA atawa aksara KAGANGA atawa aksara RATU PAKUAN. Numutkeun Abah 
Surya, eusining filosfis (hermenetika) anu dikandung ku aksara Kaganga 
kacida universalna, sakumaha tiasa diilo dina seratan anjeuna "Dangiang 
Aksara Sunda, Pemaknaan Filosofis terhadap Susunan (Abjad) Akasara Sunda" di 
sundanet.com(http://www.sundanet.com/artikel.php?dangiang) 
 Upama diilikan, kandungan HANACARAKA ukur nguruskeun kakawasaan jeung 
papaseaan. Tina harti ieu, aya indikasi, moal boa, pangna di DPR urang 
parasea bae sabab sajarah aksara anu digunakeun ku urang seler anu lolobana 
di DPR teh tina hasil papaseaan. US, nuturkeun filosfis aksara anu 
digunakeun ayeuna (Dangiang Aksara Sunda"), datang bari mawa aksara anu 
kandunganana pohara universalna : 
KAGANGA ...jst: "Kaagungan cara manusa mah, tekad, ucap jeung paripolahna 
...jst".
 Baktos,
manAR 
 On 7/19/05, Agus Wirabudiman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
> 
> Sampurasun,
> ka parawargi sadaya manawi aya anu terang kana hartosna :
> HaNa-CaRaKa-DaTa-SaWaLa
> sangem ka Engkus :
> Tah eta cacarakan teh hasil kamotekaran Daniswara waktu bisa ngarebut deui
> nagara dibantu ku Jugulmuda (putra patihna Mendang Kamulyaan) pikeun
> pangeling-ngeling yen sanajan aya nu aya (HANA) Gusti Nu Maha Tunggal ari
> jalma (CARAKA=utusan) mah geuning beda-beda (DATA) jeung saterusna.
> 
> manawi aya anu bade neraskeun sareng nambihan, atuh ka Kang Engkus pun ten
> simkuring poekeun kanggo neraskeun hartosna...
> 
> hatur nuhun
> baktos
> Agus Wirabudiman
> 
> 
> ----- Original Message -----
> From: MSasmita <[EMAIL PROTECTED]>
> To: <[email protected]>
> Sent: Friday, July 15, 2005 3:08 AM
> Subject: Re: [Urang Sunda] Cacarakan akasara sunda
> 
> 
> > Rampes..!!!
> > Hanacarakacarananyacagnangka parantos digentos ku aksara Sunda Ngalagena
> aya
> > oge nu nyebat Kaganga malih aya nu nyebat Ratu Pakuan.
> > Aksara Sunda Ngalagena parantos di Perda-keun ku Pamarentah Jabar
> No.6/1996
> > teras ditegaskeun ku SK Gubernur Jabar No 434/SK.614-Dis.PK/99 kaping 16
> > Juni 1999.
> > Janten Cacarakan (hanacaraka tea) parantos teu dianggo sabage Aksara 
> Sunda
> > ti ngawitan eta Perda.
> > Kanggo langkung ecesna mah mangga bae dipaluruh buku-bukuna, diantawisna 
> :
> > 1) Aksara Sunda/Tedi Permadi saparakanca/ Galura/1999 (dina ieu buku aya
> > katerangan nu langkung eces pangna aya aksara Sunda)
> > 2) Aksara Sunda Kaganga dan sistem penulisannya/Undang A Darsa/CV
> > Walatra/2003
> > 3) Ngalagena/Idin Baidillah saparakanca/CV Walatra/2001
> >
> > MSasmita
> >
> > ----- Original Message -----
> > From: "djoni rochjana" <[EMAIL PROTECTED]>
> > To: <[email protected]>
> > Sent: Friday, July 15, 2005 4:49 PM
> > Subject: [Urang Sunda] Cacarakan akasara sunda
> >
> >
> > > Sampurasun,
> > >
> > > Sim kuring anggota enggal di milist ieu, nembe noong
> > > ka kolom "AKSARA
> > > SUNDA".
> > >
> > > Rada aneh, gening benten pisan sareng nu katampi ku
> > > sim kuring waktos masih
> > > di sakola dasar 26 taun kapengker.
> > > Palajaran aksara sunda nu katampi, bentukna teh
> > > cacarakan, Ha Na Ca Ra Ka Da
> > > Ta Sa Wa La... jst.
> > >
> > > Patarosan sim kuring, naha aya sabara rupa ari aksara
> > > sunda?
> > >
> > > Wassalam,
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> >
> > Yahoo! Groups Links
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> 
> 
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke