Ucapan eta, dina sinetron Bajaj Bajuri kuring ge
mireung, oge pernah diucapkeun dina carita-carita
lenong. Nya osok oge kuring keuheul kana eta ucapan
mani euweuh pisan ngahargaan kanu jadi kabanggaan
Sunda teh, da Batawi ge sabagean gede mah asal turunan
Pajajaran keneh, tapi kuring sok ngupahan maneh,
meureun eta ucapan teh dikaluarkeu bari teu ngarti
maksudna, ku lantaran geus jadi kabiasaan, nu memang
meureun baheulana dihaja ku kelompok nu ngewa ka
kisunda pikeun ngaleungitkeun kalinuhungan jeung
kaagungan Pajajaran, nya dinistakeun sangkan sieun
jeung arembung ngaku tong boro elmuna, malah ku
ngaranna ge ijid, da lamun ngarti mah maksudna
nganistakeun Pajajaran, asa pamohalan lamun daraek
ngucapkeun kitu. Eta kabiasaan omongan nista kitu kudu
dielingan ku kisunda, saperti oge ucapan barudak sunda
kiwari nu lamun dibandungan teu leupas tina ucapan
"anjing", contona "Aing mah anjing, kamari geus
lalajo....", "Kadieukeun anjing eta nu aing..." jeung
sajabana, kalayan euweuh pisan geunggeureuhna tinu
jadi kolot. Jadi geus ngaraku dirina anjing, oge
nganggap ka diri batur oge anjing, estuning
ngarendahkeun darajat manusa. Matak pantes lamun
laku-lampahna jadi ingkar tina kamanusaan da geus
nyupata dirina jadi anjing. Hayu atuh urang bebener.  
   

--- Mr rido olala <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> buktina kahiji :
> aya dina sinetron "bajaj baru bajuri" dinten minggu
> kaping 24 juli 2005 tabuh 20.00, mat solar keur
> ngadat
> ka babaturanana sabab anjeuna di tipu ku babaturana,
> mat solar ngucap "pejajaran loe, ngerjain gue.."
> 
> kadua: upami anjeun boga rerencangan asli kalahiran
> jakarta anu tinggal di daerah tanah abang, kebon
> jeruk
> kebayoran lama, pasar minggu, jeung kramat jati, teh
> teus tiasa da ngucap kalimah "pajajaran" upami keur
> sewot ka batur. komo kolotnya lamun nyaram ka
> anaknya
> nu badung sok ngucap: "anak pejajaran loe.. dikasi
> tau
> orang tua kaga pernah nurut..."
> kitu...
> 
> --- kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Aeh, salila di Jakarta mah kuring teh kakara
> ngadenge
> aya nu kieu. Di mana 
> eta teh, Kang?
> 
> --< diteukteuk >--
> 
> 
> 



                
____________________________________________________
Start your day with Yahoo! - make it your home page 
http://www.yahoo.com/r/hs 
 


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke