Baraya,
Sababaraha waktu ka tukang, kuring meunang kiriman
artikel ti Abah Joe, nu ngabahas perkara tembang
macapat Jawa. Macapat teh mun di urang mah pupuh tea.
Punten Abah Joe, nembe kakoreh deui kintunan teh.
Hehehe, rumos tambelar. "Pangbahaskeun di milis!",
saur Abah Joe teh. Kuring teh nyenghel we, seuri
sorangan. Panyangka Abah Joe meureun kuring tabah kana
perkara pupuh. Pedah eta meureun kungsi nyieun pupuh
online. Sabenerna mah kuring teu pati apal teusing,
kana perkara pupuh teh. Ngan sakadar resep kitu we,
nitenan wangunan dangdingna jeung resep
ngareungeukeunana. 

Tadi teh pangangguran ku kuring dibanding-banding,
antara Pupuh jeung Macapat. Geuning Macapat mah ngan
aya 13 rupa, sedengkeun Pupuh mah apan 17 ragam.
Panasaran, ku kuring dilikan, pupuh naon nu teu aya di
jawa. Hasilna jiga kieu berendelanana:

Asmarandana     Asmorandana
Balakbak        -----------
Dangdanggula    Dandang Gulo 
Durma           Durmo 
Gambuh          Gambuh 
Gurisa          Giriso  
Jurudemung      ------
Kinanti         Kinanti
Ladrang         -------
Lambang         -------
Magatru         Megatruh  
Maskumambang    Maskumambang
Mijil           Mijil 
Pangkur         Pangkur 
Pucung          Pucung 
Sinom           Sinom 
Wirangrong      Wirangrong

Naon nu matak helok, tetela pupuh nu opat, nu teu aya
dina macapat jawa -- "Balakbak", "Jurudemung",
"Ladrang        ", jeung "Lambang" -- tetela kabeh wirahmana
teh geuning wirahma heureuy jeung gogonjakan. Upama
tea mah ieu karya seni teh bisa dipake parameter
pikeun nitenan karakter hiji seler, kuring jadi mikir,
naha ieu pamanggih teh hiji ciciren kitu yen urang
Sunda resep heureuy jeung gogonjakan?

Salam,
MH


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke