Salam,
Simkuring nembe tas ngaropea artikel Priangan (
http://su.wikipedia.org/wiki/Priangan), pangkoreksikeun bisi aya nu salah...
jk
----------------
Parahyangan atawa Priangan mangrupakeun hiji wewengkon di pulo Jawa bagian
kulon, sabagian ti Tatar Sunda/propinsi Jawa Kulon kiwari, nu legana kurang
leuwih 21500 km2 (sapergenep lega pulo Jawa).
Etimologi
Priangan atawa Parahyangan hartina tempat para rahyang atawa hyang.
Géografis
Priangan ayeuna nyaéta wewengkong di Propinsi Jawa Barat nu ngawengku
Kabupatén Cianjur, Bandung, Sumedang, Garut, Tasikmalaya, jeung Ciamis, nu
gedéna kira-kira sapergenep ti luas wewengkon Pulo Jawa (kurang leuwih
21.524 km persegi). Di beulah kalér watesna jeung Karawang, Purwakarta,
Subang jeung Indramayu; beulah wétan watesna jeung Majaléngka, Kuningan.
Jeung Jawa Tengah diwatesanan ku Citanduy; beulah kidul diwatesan ku Samodra
Indonésia; beulah kulon watesna wewengkon Sukabumi jeung Bogor.
Lahan daérah Priangan: dataran rendah, pasir-pasir, gunung-gunung nu
jumlahna kaitung loba, di antarana: Gunung Gedé, Gunung Kancana, Gunung
Masigit (Cianjur); Gunung Tangkuban Parahu, Gunung Burangrang, Gunung
Malabar, Gunung Bukit Tunggul (Bandung); Gunung Tampomas, Gunung Calancang,
Gunung Cakra Buana (Sumedang); Gunung Guntur, Gunung Haruman, Gunung
Talagabodas, Gunung Karacak, Gunung Galunggung (Garut); Gunung Cupu, Gunung
Cula Badak, Gunung Bongkok (Tasikmalaya); Gunung Syawal (Ciamis). Dilingkung
ku gunung, Priangan kawentar subur sabab loba ogé walunganana.
Sajarah
Saméméh ragrag kana kakawasaan Mataram, wilayah Priangan ngawengku daérah
antara walungan Cipamali di béh wétan jeung walungan Cisadané di béh kulon,
iwal wilayah Pakuan Pajajaran, Jakarta, jeung Cirebon. Sanggeus Karajaan
Sunda runtag dirurug Banten (1579/1580), wewengkon nu teu dikawasa Banten
kabagi kana dua kakuasaan: Sumedang Larang jeung Galuh. Sumedang Larang nu
puseur pamaréntahanana di Kutamaya (wilayah kulon Kota Sumedang kiwari)
dipingpin ku Prabu Geusan Ulun (1580-1608). Saméméh taluk ka Mataram nu keur
dipingpin ku Sutawijaya (1586-1601), Galuh mangrupakeun karajaan mandiri
(1580-1595).
Taluk ka Mataram
Sapupusna Prabu Geusan Ulun, kakawasaan Sumedang Larang diwariskeun ka anak
téréna, Radén Aria Suriadiwangsa (1608-1624). Dina taun 1620, alatan kacapit
ku tilu kakawasaan di sabudeureunana, (Mataram ti béh wétan, Banten jeung
Kompeni ti béh kulon), Aria Suriadiwangsa milih nyerahkeun manéh ka Mataram
(anjeunna masih turunan Mataram ti indungna Ratu Harisbaya, dulur
Sutawijaya). Ti harita, Sumedang Larang dirobah jadi Kabupatén Sumedang nu
dikawasa ku Mataram. Kitu deui wewengkon séjénna, jadi kabupatén bawahan
Mataram nu diawaskeun ku Wadana Bupati Priangan. Pikeun kalungguhan Wadana
Bupati Priangan munggaran, Sultan Agung milih Aria Suriadiwangsa kalawan
gelar Pangéran Rangga Gempol Kusumadinata (Rangga Gempol I, 1620-1624).
Nalika kakawasaan di Priangan dicepeng ku Pangéran Rangga Gedé (ngawakilan
Rangga Gempol nu ditugaskeun mantuan nalukkeun daérah Sampang, Madura),
Sumedang diserang Banten. Kusabab teu bisa numpurkeun serangan Banten,
Rangga Gedé ditahan di Mataram, sedengkeun Priangan dipasrahkeun ka Dipati
Ukur, kalawan sarat kudu bisa ngarebut Batavia ti VOC. Dipati Ukur harita
nyepeng kalungguhan Wadana Bupati Priangan di wewengkon Bandung kiwari, nu
ngabawah wilayah Sumedang, Sukapura, bandung, Limbangan, sarta sawaréh
Cianjur, Karawang, Pamanukan, jeung Ciasem.
Alatan gagal ngalaksanakeun sarat ngarebut Batavia (1628), jeung sadar yén
anjeunna bakal dihukum ku Sultan Agung, Dipati Ukur baruntak. Baruntakna
Dipati Ukur kakara bisa tumpur taun 1632, sabab Mataram dibantu ku sawatara
pamingpin di Priangan. Kalungguhan Wadana Bupati Priangan lajeng
dipasrahkeun deui ka Rangga Gedé.
Akibat tina baruntakna Dipati Ukur ka Mataram, dina Piagem Sultan Agung
titimangsa 9 Muharam taun Alip (ceuk F. de Haan, taun Alip téh sarua jeung
taun 1641 Maséhi, tapi aya sawatara katerangan séjén yén taun Alip idéntik
jeung taun 1633), daerah Priangan di luar Galuh dibagi deui jadi opat
kabupatén:
Sumedang (Rangga Gempol II, sakaligus Wadana Bupati Priangan),
Sukapura (Ki Wirawangsa Umbul Sukakerta, gelar Tumenggung Wiradadaha),
Bandung (Ki Astamanggala Umbul Cihaurbeuti, gelar Tumenggung
Wiraangun-angun),
Parakan Muncang (Ki Somahita Umbul Sindangkasih, gelar Tumenggung Tanubaya).
Wewengkon Priangan ogé dimekarkeun deui ku dirobahna Karawang jadi kabupatén
mandiri, sedngkeun wilayah Galuh (Priangan Wétan) dibagi opat kabupatén:
Utama, Bojonglopang (Kertabumi), Imbanagara, jeung Kawasén.
Sunan Amangkurat I (Sunan Tegalwangi, 1645-1677) nu ngaganti ramana nu
pupus, antara taun 1656-1657 ngabagi wilayah Mataram Kulon (Mancanegara
Kilen) kana dua welas ajeg sakaligus ngahapus wadana bupati di Priangan:
Sumedang, Parakan Muncang, Bandung, Sukapura, Karawang, Imbanagara, Kawasén,
Wirabaja (Galuh), Sekacé (Sindangkasih), Banyumas, Ayah (Dayeuhluhur), jeung
Banjar (Panjer).
Dipasrahkeun ka VOC-Hindia Walanda
Wilayah Priangan ragragna ka VOC saméméh Mataram bener-bener taluk ka VOC
(1757). Dumasar kana "perjangjian" Mataram jeung Kumpeni, taun 1677 Priangan
Kulon & Tengah pindah dikawasa Kumpeni, sedengkeun Priangan Wétan jeung
Cirebon taun 1705.
Taun 1706 VOC ngangkat Pangéran Aria Cirebon jadi Bupati Kumpeni, nu tugasna
ngawaskeun & ngokolakeun bu[ati-bupati di Priangan sangkan tukuh kana
kawajiban-kawajibanana ka Kumpeni. Nalika jaman Kumpeni ieu, Priangan jadi
salah sahiji sumber hasil bumi utama ku ayana program nu disebut
Preangerstelsel (Sistim Priangan), nu utamana ngahasilkeun kopi. Dina jaman
Hindia Walanda (satutasna VOC bangkrut), gubernur munggaran H. W. Daendels
ngayakeun proyék Grote Postweg (Jalan Raya Pos), nyaéta ngawangun jalan ti
Anyar di tungtung kulon Jawa nepi ka Panarukan di tungtung wétan. Lian ti
éta, Daendels ogé beuki ngahangkeutkeun melak kopi di Priangan, utamana di
daérah Cianjur, Bandung, Sumedang, jeung Parakan Muncang (1808-1809).
Limbangan, Sukapura, jeung Galuh digabung jeung Cirebon (Cheribonshe
Preangerlanden), tapi teu sawatara lila Limbangan jeung Sukapura
dikaluarkeun ti wilayah administrasi Cirebon.
Dina mangsa pamaréntah Hindia Walanda (1808-1942), status Priangan nyaéta
karésidénan, nu munggaran ibukotana di Cianjur, salajengna ibukota
karésidénan Priangan pindah ka Bandung (ti taun 1864). Ku asupna Galuh (awal
abad ka-20), wilayah Karésidénan Priangan nambahan. Priangan jadi 6
kabupatén; Cianjur, Bandung, Sumedang, Limbangan (Garut), Sukapura
(Tasikmalaya), jeung Galuh (Ciamis).
Rujukan
Hardjasaputra, A. Sobana (2004). Bupati di Priangan: kedudukan dan
peranannya pada abad ke-17 - abad ke-19. Bupati di Priangan dan kajian
lainnya mengenai budaya Sunda, kaca 9-65. Pusat Studi Sunda, Bandung.
Ajip Rosidi, spk. (2000). Énsiklopédi Sunda. Pustaka Jaya, Jakarta.
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/