Haturan Kang Gunawan,
leres kang jawara sajatimah tara aya pamer pangabisa (handap asor),
bentena jeung premanisme nu ngaku jawara dicatur pamarentahan keur
ngulik projek maranehna, ti mimiti rt, rw, lurah, camat, bupati,
gubernur, dpr teras mpr.
Di tatar sunda conto di Banten seueur jawara jadi pangawasa lain hiji
dongeng tapi geuning jawara-jawara anu pinuh ku napsu "mangkubumi" /
mangkualam/ kabendaan /harta/ kawasa sadayana katagorina aya dina napsu
manusa dijero ragana.
Lamun ditaliti hartina napsu para jawara anu sok ngawasa aranjeuna
seueur elmu-elmu hawa napsu anu aya di pantai selatan. Ku ku akang
disimpulkeun wae yen ratu pantai selatan anu jadi mitos ti masyarakat
leutik nepi ka raja-raja anu ngingon elmu ratu pantai selatan di tanah
jawa, hartosna ngingon siluman oray.
Oray di dieu anu sok di sebat Nyai Loro kidul, putri duyung, putri
geulis, nepi ka ayeuna masih aya anu miara eta elmu siluman keur
kawedukan elmuna. hiji conto elmu pawangasa, kanuragan, tukang sihir,
elmu teluh.Tapi anu miara eta elmu seueur menta korban-korban nyawa
keur imbalan balik ratu oray/ ratu pantai kidul.
Sakitu heula wae kang Gunawan soal Nyai Loro Kidul anu ngalegenda /
mitos mangga lajengkeun wae kanu ahlina
soal pantai selatan di tanah jawa. Seur dongeng anu masih hirup nepi ka
ayeuna, sareng seueur persi-persi anu benten-benten
eusina. Ari carita buktosmah pasti seueur...... gumantung timana asal
eta carita, ti Banten, ti Sukabumi, ti Bandung atanapi ti Jogya.
Kang Gunawan upami aya rejeki bade diperhatoskeun ngapruk di Banten
sakantenan silaturahmi jeung Jawara anu handap asor.
Urang sakantenan ka Baduy ningali turunan urang anu tos ngabuka keur
urang luar model kuring, nya meunang cangkangna oge teu naon-noan asal
di angken asup wae tos sugema.
Kang Yan NYC
On Wednesday, Aug 3, 2005, at 23:33 US/East-Indiana, Gunawan Yusuf
wrote:
> Haturan Kang Iyan, kumaha damang, bingah pisan tiasa ditepangkeun
> sareng
> akang, iraha Akang bade ka Banten ?, pami bade ka Baduy, insya Allah
> ku abdi
> bade dibantos, ayeuna di pentas nasional sohor pendekar banten, sohor
> dina
> premanisme, pulitik, jrrd, nanging nu jawara nu asli na mah tara pamer
> pangabisa
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/