Sampurasun,ka sadayana kisunda

Bagea kidulur Kang Dudi SS, hatur nuhun, tina
kapanasaran perkawis “Batara Patanjala” sareng “Batara
Hyang Niskala”, eta ciren yen salira mikareueus sareng
mikanyaah ka elmu luluhur kisunda. Hapunten nembe
tiasa ngawalon, lantaran simkuring nembe mulang tos
ngalanglang ti wewengkon pakidulan Sulawesi (Pinrang,
Parepare, Takalar jeung Makasar), nu diteruskeun
minggu hareup aya pancen deui ngalanglang ka ranah
Minang, nya terus ka tanah Batak Karo. Mangga ku
simkuring bade dibejerbeaskeun naon sakaterang kuring,
manawa sareng manawi aya gunana pikeun salira oge
pikeun dulur kisunda nu lian, upama tea mah kirang
cocog nya hapunten margi rumasa kuring heureut
kanyaho, seueur keneh nu teu acan kasungsi.

Dina Buku Kehidupan Masyarakat Kanekes nu ditulls ku
Saleh Danasasmita jeung Anis Djatisunda kaca-82, unina
kieu “Dalam kropak 632 lembar VI dijelaskan bahwa pata
ngaranna cai, jala ngaranna apya (pata artinya air,
jala artinya sungai). Penulis kropak itu menafsirkan
patanjala = air sungai. Di bagian nu lian dina kaca nu
sarua aya kecap kieu “Amat wajar bila penghormatan
terhadap Nyi Pohaci Sang Hiyang Asri berdampingan
dengan penghormatan terhadap Batara Patanjala. Penulis
kropak 632 bahkan menganggap Patanjala sebagai daya
hidup sehingga tokoh ini dalam kepercayaan orang Sunda
masa silam menggeser posisi Siwa dan Wisnu”. Tah
kekecapan ieu nyoko kana pamahaman simkuring, yen nu
dimaksud Batara Patanjala dina kapercayaan Kanekes
lain mangrupakeun mahluk Dewa saperti harti dina Hindu
(kitu oge harti Wisawara, Wisnu, Brahma jeung Mahadewa
– mangga diilo deui tulisan simkuring tipayun), tapi
patanjala ngandung harti daya hirup/batin nu ngocor
dina wujud/lahir (batara cikal).

Antara "Batara Patanjala" (hirup/batin)jeung "Batara
Niskala" (ingsun/isun/kuring) sakilas susah
ngabedakeun, tapi lamun dilenyepan tangtu kaharti
jeung karasana, conto: dina panon (wujud/lahir)
ngancik awasna (daya hirup/batin), dina cepil
(wujud/lahir) aya reungeu (daya hirup/batin), dina
baham aya ucap/sora, dina irung aya angseu, dina sarap
aya rasa, dina suku aya langkah, dina leungeun aya
obah. Tah eta wujud/lahir jeung daya hirupna/batinna
kabeh digunakeun ku ingsun/kuring pikeun
ngalaksanakeun tekadna, jeung tara mungpang atawa
nolak parentah ingsun/kuring (salila daya hirupna teu
kaganggu/walagri), tara sugan lamun ingsun boga tekad
rek mandi, hayoh suku ngadon leumpang ka dapur,
leungeun ngadon nyokot bumbu dapur jeung panon nempoan
kompor. Estu salawasna tunduk jeung patuh ka kana
parentah Ingsun, matak pantes mun disebutkeun dina
kropak 630 Lembar 20 jeung 21 (Siksa Kanda Ng
Karesian) aya naskah nu nerangkeun sakabeh para dewata
kudu tunduk jeung bakti ka Batara Seda Niskala.(Dina
hal ieu simkuring boga harti nu beda jeung kang Anis &
kang Saleh nu ngahartikeun Batara Seda Niskala teh
Tuhan Nu Maha Gaib. Kaharti ku simkuring mah maksudna
teh Ingsun/Nu Gaib dina diri tea, da dina kapercayaan
Kanekes oge disebutkeun yen Batara Hiyang Niskala mah
mangrupakeun salah sahiji batara nu diturunkeun ku Nu
Ngersakeun/Nu Maha Kersa/Batara Tunggal (Gusti Nu Maha
Suci). Jadi ari Batara Cikal mah wujudna/lahir ari
Batara Patanjala mah hirupna/batin, sedengkeun Batara
Hiyang Niskala nyaeta nu marentahkeun atawa
ngagunakeun wujud jeung hirupna. Eta antara lain nu
disebut pikukuh tilu ceuk kuring, nu kudu
dimanunggalkeun kalayan ingsun nu jadi komadona.
Manawi kahartos dugi ka palebah dieu.

Supaya leuwih kaharti geura urang ibaratkeun kana
mobil, ari mobil teh wujudna/lahir, tanaga mobil
daya-hirup/batinna, nya supir jadi ingsun/kuringna.
Tah tinangtu dina enggon-engoning ngajalankeun/mawa
mobil di jalan si supir teh ati-ati dina ngokolakeun
mobil ngatur iraha kudu ngagas, ngaleutikan gas,
ngerem, mengkol, maju, mundur jeung teu weleh
merhatikeun situasi jalan dihareup, digigir oge
katukang nempo spion pikeun ngabaca situasi. Dina mawa
mobil tangtu supir embung nabrak jeung embung
ditabrak, malah ulah sampe kagores sok sanajan saeutik
oge, estuning ati-ati. Tah dina raraga ngajalankeun
lalampahan urang mamawa diri sakujur (ngagunakeun
wujud jeung hirupna) di dunya ieu, teu beda lir ibarat
mawa mobil tea, tangtu urang embung nabrak/nyilakakeun
batur oge embung dicilakakeun ku batur, awak urang
dijaga ulah sampe ka tatu sumawonna cilaka. Kuringna
kudu nganyahokeun naon pangabutuh dirina, da diri teh
sok mere tanda naon nu dipakabutuhna saperti lapar,
halabhab/haus, lieur, panas-tiris jeung sajabana lamun
aya nu teu beres dina waruga urang. Teu beda supir nu
kudu nganyahokeun naon pangabutuh mobilna, iraha kudu
diservis, ulah kakurangan angin, bensin sumawonna oli,
mun aya nu teu beres gancang dipariksa jeung diomean
sabab teu genah dipakena. Dina hal ieu mobil jeung
tanagana moal nolak mun ku supir ditabrakeun atawa
dibawa ka jurang sumawonna diri oge moal nolak mun
dipake naon wae ku ingsun/kuringna (salila hirupna
ngancik dina dirina/walagri). Jadi wujud jeung hirupna
gumantung ka supirna, tapi ku urang bakal kaharti
bakal kumaha balukarna. Tah kukituna matak kaharti
lamun pawitan diajar ngelmu ceuk Kisunda mah, kudu
bisa Ngurus diri sing cageur, kalakuan sing bageur,
kanyaho sing bener, kuringna kudu pinter, anu tinangtu
mawa kasalametan. Tah eta kahartina ku kuring mah nu
disebut Sembahyang teh sarua jeung nyaah ka diri
(nyaah ka diri sorangan oge nyaah ka diri batur da
geus rumasa saGusti, saAsal jeung saBakal)

Dina sajeroning mawa diri, urang kudu salawasna eling
lan waspada pikeun nganyahokeun saha sabenerna nu jadi
supir dina diri urang. Sabab lamun urang leuwih jero
neuleuman nyungsi diri nyuay badan, bakal breh kasaksi
jeung karasa yen nu sifatna batin dina diri urang aya
tilu perkara nu nangtukeun laku-lampah urang nyaeta
pikir, rasa napsu jeung ingsun/kuringna (tri tangtu nu
aya dina diri). “Pikir” datangna tina katerang hasil
lalampahan hirup, “rasa/napsu” datangna tina saripati
cai-bumi-angin-seuneu nu nyusup ngaliwatan inuman,
kadaharan, napas jeung panas nya ngajadi wujud/lahir
nu mawa napsu-napsu boh nu hade oge nu goreng,
sedengkeun Ingsun asal ti  Gusti Nu Maha Suci, nu oge
sifatna suci nu sok nyaram salah nitah bener, ngan sok
biasa diapilainkeun tara diajenan. Contona lamun urang
bohong eta dina diri urang sok aya nu ngomong “maneh
ngabohong ulah kitu”, atawa lamun urang nyieun
kasalahan naon bae, sok aya nu ngomong “maneh salah
laku kitu teh!”, jeung sajabana tapi geuning urang sok
ngapilainkeun, dina diri urang sorangan sok aya
ngabela diri “ ngabohong soteh supaya ......” atawa
“ngalakukeun kitu teh (salah) da bongan si eta ....”.
Tah didieu napsu jeung pikir nu ngawasa diri
ngagunakeun lahir jeung batin nangtukeun laku-lampah
diri, padahal sakuduna ingsun nu kudu jadi pamingpin
sedengkeun pikir jeung rasa/napsu kudu tunduk jeung
teu meunang miheulaan ingsun.

Tah ku dulur urang di kanekes ceuk sungsian sim
kuring, eta diwujudkeun dina simbul kahirupan nu nyoko
jeung nyarungsum dina laku tapa di mandala (digawe
sangkan pangabutuh diri kacumponan) jeung tugas hirup
urang kanekes, nyaeta : 
1.      Ngareksakeun Sasaka Pusaka Buana, 
2.      Ngareksakeun Sasaka Domas, 
3.      Ngasuh ratu ngajayak menak, 
4.      Ngabaratapakeun nusa-telu puluh telu, bangawan
sawidak lima, pancer salawe nagara
5.      Kalanjakan kapundayan
6.      Ngukus ngawalu muja ngalaksa 
Oge upama disaliksik kalayan taliti, ayana tatanan
tilu kapuunan (Cikeusik-Cibeo-Cikertawana), eta teu
leupas tina harti pikukuh telu (tri tangtu) nu nyoko
kana hasil nalungtik diri, sabab nata jagat gede
(dunya) teu beda nata jagat leutik (diri).
 
Sok sanajan simkuring can kaboro bener-bener ngaguar
jeung nalungtik soal kasundaan, kuring boga kayakinan
yen luluhur urang teh sakitu luhungna ku elmu, utamana
elmu kamanusaan jeung kaTuhanan, jeung jembar ku
pangabisa. Matak simkuring mah sok ngarasa hareudang
(loba teuing acina seuneu-meureun), lamun aya nu
nyebutkeun luluhur urang baheula di jamanna kaabus
“terbelakang”, teu boga budaya malah agamana oge
Animisme-Dinamisme nu ngandung harti euweuh ajen, komo
deui lamun nu nyaritana urang Sunda keneh. Lain ujub
kuring mah lamun aya nu boga anggapan kitu, sok
sanajan ngarasa can sawawa dina widang ieu, kuring
sanggup hayu urang padungdeng heula. Bareto kuring ge
cangcaya, sok nanya sorangan “Naha atuh ari luhung
elmu jeung boga kapinteran mah, bet bisa kajajah ku
bangsa deungeun dimimitian ku alatan katipu, boh
nagarana sumawona elmuna?”. Tapi sanggeus dilenyepan,
ooh geuning nyata luhungna teh, sabab luluhur urang
geus ngarti jeung geus surti yen kahirupan di dunya
teh teu langgeng, hukum dunya teh muter (nyakra
manggilingan) kadang dihandap/sial, kadang diluhur
(jaya) lir ibarat hirup manusa asalna euweuh-aya
(orok-budak-kolot)-euweuh deui. Tah kulantaran geus
ngarti bakal datang mangsa bobor karahayuan, sok
sanajan harita mungkin keur jaya, nya tatan-tanan
barang “teundeun di handeuleum sieum, nunda di
hanjuang siang, keur sampeureun teundeun piraweuy,
dituruban ku mandepun, diwadahan ku mandelar,
diamparan boeh larang, ditunda di bojong jalan, supaya
kapendak kunu ngaliwat dibuka para pujangga”. Naon
nyatana ? Nya lantip pisan disimpen dina
carita/dongeng/legenda nu turun-tumurun, dina kidung,
dina pikukuh jeung tatanan adat, dina tradisi, dina
seni-budaya (wayang, tembang, silat, gamelan), dina
sastra tulisan (lontar, batutulis/prasasti), Nu eusina
mun diguar euyeub ku ajaran kamanusaaan jeung
kaagamaan/kaTuhanan. Luluhur miharep sangkan anak
turunanna ngaguar jeung muka-mukakeun (ngaji) deui eta
tutungkusan sangkan pating dalendang rasa milawung
kancana, nu hayang dilalakonkeun. Nya urang Sunda jaya
deui di buwana, nu dibuka ku jamanna.  IRAHA ??

Nya gancang elatna mah gumantung ka urang-urang keneh
nu ngarasa jadi turunan kisunda, nya lamun geus boga
rasa rumasa, yen geuning elmu luluhur kisunda teh
sakitu luhungna jeung terus prak dipigawe kalayan
nyata dina kahirupan sapopoe. Nya katingalna mah
kiwari teh keur harengheng loba nu keur nyarukcruk eta
tutungkusan, ngan hanjakan loba keneh turunan kisunda
nu can lilir tina ngalidurna, sabab loba keneh nu
serab jeung kataji ku elmu panemu jampe pamake nu asal
ti luar (bari ngan ukur nyaho cangkangna), nu antukna
robah rarasaan ngagung-ngagung luluhur jeung elmu
deungeun, nu antukna jadi salin rarasaan, da batinna
kacangcang jadi ngapilainkeun ka luluhur sorangan, teu
saeutik jiga nu hayang ganti kabangsaan ganti paadatan
lan budayana teu narimakeun kudrat nu geus dikersakeun
ku Nu Maha Kawasa dijadikeun urang Sunda, Padahal
sakuduna mah heug seug bae rek make elmu ti mana bae
oge, asal pikeun ngertakeun bumi lamba (rahmat bagi
seluruh alam) jeung ulah ingkar tina kudrat ti Nu
Hiyang Widi-Wasa (Maha Kersa-Maha Kawasa). Sabab
hakekat elmu Gusti/Tuhan mah sarua, beda soteh dina
basa jeung tata-carana, gumantung adat jeung budaya
bangsana. 

Tah kang Dudi, oge ka kang Oman, kitu pamendak
simkuring. Sual lalampahan kuring ngulampreng ka
wewengkon Kanekes ngan ukur dua kali, nya tangtu teu
loba kanyaho nu kacangking, sabab geus pada apal urang
Kanekes rekep leuwih ti gegep dina ngajaga ucap
ngeunaan sajarah jeung kapercayaanana. Nya utamana mah
dina ngaguar soal kanekes teh kuring ngacu/nyoko kana
tilu buku dihandap, nya terus dilarapkeun jeung
kanyaho pribadi nu dumasar tina ajaran ti kolot. Buku
nu dimaksud, nyaeta :
1.      “Kehidupan Masyarakat Kanekes” ditulis ku Saleh
Danasasmita sareng Anis Djatisunda, Bagian Proyek
Penelitian dan Pengkajian Kebudayaan Sunda
(Sundanologi) Direktorat Jenderal Kebudayaan
Departemen Pendidikan dan Kebudayaan, Bandung 1986.
2.      “Potret Kehidupan Masyarakat Baduy” ditulis ku
Djoewisno MS, diterbitkeun ku Khas Studio, citakan
kadua taun 1988.
3.      “Baduj” Buku Batjaan Bahasa Sunda untuk SGB, SMA
bagian dan Perpustakaan Guru SE VI, ditulis ku
R.Djatnika Soeriadiradja, diterbitkeun ku Kementrian
Pendidikan, Pengadjaran dan Kebudayaan Republik
Indonesia 1951

Guaran soal Baduy ditilik tina kaca
kabatinan/kapercayaan ieu, kungsi oge ku simkuring
kungsi ditulis dina raraga Saresehan di Balai Kajian
Jarahnitra Jawa Barat, ngan rumasa eta oge karek
sabagean leutik nu kagarap. Nya kahareup boga
cita-cita hayang nulis lengkep soal Baduy teh.

Cag heula, Pondok nyogok, panjang nyugakna hapunten ka
sadayana

Rampes

Pun Engkus nun


--- dudi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Haturan Kang Engkus anu tos tiasa mukakeun gedong
> rahasiah anu tangtosna dipilarian ku papada urang
> sadaya, sareng mugia Kang Engkus dimulyakeun ku
> Gusti Allloh anu murbeng alam.
> 
> sim kuring gaduh kapanasaran perkawis "Batara
> Patanjala" sareng "Batara Niskala" batara anu dua
> ieu teh naha sami atanapi identik (serupa tapi tak
> sama), punten pang bejer-beaskeun bae supados sim
> kuring kenging hikmah. 
> 
> Ieu seratan Akang anu di copy-paste ku sim kuring:
>  "Ari nu disebut Batara Patanjala nu dina tulisan
> kang Saleh jeung kang Anis dumasar kana kropak 632
> embar
> VI ngandung harti cai walungan, jeung Patanjala
> dianggap mangrupakeun daya hirup. Nya kuring oge
> pamadegan ngahartikeun daya hirup nu ngalir dina
> sakujur badan wadag, atawa disebut batin/wujud
> halus,"
> 
> Sedengkeun Batara Niskala (niskala = teu katempo =
> gaib = aya tapi teu aya, teu aya tapi aya) nyaeta nu
> disebut Ingsun (isun) tea, nu lain lalaki-lain
> awewe, lain budak-lain kolot, teu arah-teu enggon,
> teu boga kolot jeung teu boga anak, nu nganyahokeun
> jeung nyaksi nu murba sakujur diri, nu wujudna
> karasa, kasaksi ku sakuringna-sakuringna.
> 
> Wassalam,
> dudi_ss (purwokerto)
> 
> 
> [Non-text portions of this message have been
> removed]
> 
> 



                
____________________________________________________
Start your day with Yahoo! - make it your home page 
http://www.yahoo.com/r/hs 
 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke