2005/8/14, Imam N M Ali Wiratmadja [EMAIL PROTECTED]:

> *Perbedaan Daya Tangkap Orang Sunda Terhadap Tulisan Berbahasa Sunda dan 
> Tulisan Berbahasa Sunda*
> 
 Kang Imam, sigana mah salah ketik judul nya? duanana tulisan basa Sunda
"...*Tulisan Berbahasa Sunda dan Tulisan Berbahasa Sunda*"
 Naha maksudna TULISAN vs LISAN, atawa TULISAN B. SUNDA vs. TULISAN B. SEJEN 
(INDO?)
 
> Kumargi simkuring panasaran, naha enya basa sunda mah leuwih pas janten 
> bahasa lisan, panginten kana tulisan kieu mah kirang kahartos. Budaya lisan 
> tea, geuning.
> 
  Ari ceuk kuring mah (teu make teori2an, da teu kungsi maca buku teori 
sastra), sakabeh basa ge asalna mah basa lisan. Dina budaya Sunda, kuring 
teu apal, ti mimiti iraha urang Sunda wanoh jeung basa tulisan. Titinggal 
arkeologi nu geus katalungtik, nu pangheulana wanoh jeung basa tulisan di 
Nusantara teh nya urang Sunda pisan (prasasti titinggal Tarumanagara, najan 
basa & aksarana impor ti Indihe). Duka tah bukti2 sajarah nu make basa sunda 
tulisan, tapi SAHANTEUNA dina abad welasan mah geus aya aksara & basa Sunda 
tulisan teh... 

 1. Pan dina basa sunda mah seueur kecap anu sesah/panjang (contona: 
> peupeureudeuyan, gurunggusuh, manghariwangkeun).
> 
 teu kudu jadi halangan, bandingkeun bae jeung kekecapan dina basa deunegun 
nu mantep basa lisanna: *pertanggungjawaban*, *mempertanggungjawabkan*, *
independence*, jsb.

 2. Ditambih deui ku kaayaan jaman kiwari, bahasa Indonesia dipikamaneuh 
> janten bahasa resmi, bahasa inggris dianggo globalisasi, beuki weh bahasa 
> Sunda mah kasilep. Jumlah terbitan dina basa Indonesia mah sakitu nyayudna. 
> Teu saimbang. 
> 
 Di jaman kiwari, buku2 (tulisan2) dina basa Sunda teu pati loba. Nu jadi 
sabab, kuring yakin lain alatan basa Sunda teu cocog dipake basa tulisan, 
tapi alatan kadeseh ku basa Indonesia. Jeung deuih, nu kadeseh teh lain 
karya dina bentuk tulisan2 wungkul, basa lisanna oge kadeseh. Mangga bae 
uningaan sabudeureun urang, tos seueur nu nyarios basa Sunda di Tatar Sunda. 
Kamari bae, nyimpang ka hiji restoran di Sadang-Subang, urang keukeuh 
nyarita basa Sunda, nu ngaladangan keukeuh make basa Indonesia. 
 Fenomena ieu, justru kudu "dilayanan", masarakat kudu dibiasakeun maca 
buku2 Sunda, jeung ngabiasakeun nyarita--boh dina forum formal atawa 
informal--dina basa Sunda (perda-na mah cenah geus aya). Conto:
Poe jumaah kamari kuring ulin ka UI-Depok, ngahajakeun pedah aya iber & 
uleman ti Kang Yani & Mang Ayat (Prof. Ayatrohaedi) ti SIMPAY (sabangsaning 
paguyuban urang Sunda staf UI--Kang Yani, neda pangropea bilih simkuring 
lepat) nu ngayakeun acara tepang sasihan, medar unak-anik Sunda, make basa 
Sunda. Acarana mah semu-formal, da udagan ka hareupna teh aya rencana muka 
program studi Sunda di FIB-UI. Nu midang munggaran teh Mang Hasan Jafar 
(sebutan "mang" teh diformalkeun di forum eta mah), medar ngeunaan sajarah 
Sunda ditilik tina titinggal arkeologi mangrupa prasasti. Bulan hareup, 9 
September, giliran Mang Ayat medar sajarah Sunda tina naskah2 (manuskip). 
 
> 3. bahkan urang sunda oge teu biasa silih seseratan dina basa sunda, matak 
> ningal kecap-kecap dina basa sunda teh boa araneheun..
> 
 Ah piraku... sababaraha taun ka tukang, jaman kuring kuliah keneh, 
susuratan jeung indung/bapa teh sok make basa Sunda, tara make basa sejen. 
Atanapi, uningaan bae milis ieu, kapan surat2 (elektronik)-na teh make basa 
Sunda? Teu aneh teu sing. Aneh soteh pikeun nu tara, meureun... 

 Bisa jadi, bahasa tulis Sunda mah, kaetangna Visualisasi Bahasa Lisan, 
> sanes bentuk bahasa tulis anu *settle -*euleuh, naon deuih ieu teh.
> 
 komentar kuring sarua jeung poin nu kahiji.

 Simkuring ayeunna nembe nincak semester V (tebih keneh tina skripsi), teu 
> acan bentes pisan kana teori-teori, boh teori Linguistik, Psikologi, 
> Sosiologi, utamina anu patali sareng media massa-masyarakat.
> 
 Wilujeng teuteuleuman di dunya kampus, hehe...

 Hoyongna mah, penelitian ieu minimal janten awareness. Tina pamendakan 
> karakteristik basa sunda, urang bakal meunang gambaran anu leuwih atra, 
> kumaha strategi ngamumule bahasa sunda nyanghareupan era globalisasi ieu. 
> 
 Sae pisan udaganana, mangga dilajeng...
 wassalaam,

-- 
sikandar
kumincir.multiply.com <http://kumincir.multiply.com>
su.wikipedia.org <http://su.wikipedia.org>


[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke