Sampurasun Teteh Nenny , baraya sa sunda

Muhun teteh saleresna lelengkahan / panca kaki seni tari teh ceuk 
tukang  penca asalna tina penca. Kunaon sebabna da seueur pisan 
format-format lengkah teh. Gerak raga oge gerak panangan, gerak mata, 
gerak ramo  teu acan di etang kana gerak panca kaki.

Panca kaki teh hiji titik anu musat keur kahirupan  ngagerakakeun sifat 
-sifat manusa ditebrakeun / dipintonkeun / dipadudungkeun di tatar 
sunda. Nya lamun dina filsafatmah masihan jati diri urang sunda naon 
anu bade dipasikeun ka balarea teu disumputkeun wae kunu sok sieun 
disoro elmuna. Hiji titik ibarat muterna "liang bodas  / liang hideung" 
di awang-awang tah panca kaki teh hirup pisan anu ngajadikeun tanaga US 
da muir teras-terasan siang jeung wengi.

Dina ibing anu ku teteh Nenny diulik eta panca kaki sareng kendang ibu, 
kendang bapa, kendang anak, go'ong, tarompet, kacapi, suling,  sareng 
sindenna ngahiji / manca kaki. Aya sifat-sifat kakuatan US dina 
mintonkeun kahirupan ulikan senina.

Emang leres karuhun US teh tos masihan terang yen hiji mangsa bakal aya 
US nu ngahiji tina ulikana keur mintonkeun kabeneran dina sifat-sifatna 
US nu saenyana / nyatana, nyaeta dina ngabolegerkeun panca kaki keur 
nyaangan kaum-kaun anu poek nu  teu acan ngartos naon hartosna panca 
kaki teh.

US tos gaduh pakem-pakemna beda jeung nu liana sumberna tina falsafah 
panca kaki , hiji conto dina katatanagaraan jadi Panca Sila / Panca 
Kaki oge nu jadi lambang nusantara-Indonesia Ke geura urang jentrekeun 
saeutik tapi patri.
Kahiji Hurup sunda anu ngaliuk-liuk guratna jiga cai, tos 
ngalambangkeun sumber inspirasi US kedah na diangge jadi simbol 
tutulisan US kitu oge  panomoran.
Kadua Pokal US aya pakemna DA TI LA MI SA DA...tinggal padudungkeun wae 
antawis gerak panca kaki jeung eta "dada lala titi sada",,,, teras wae 
go]ong na di tabeuh, tah geuning aya nu ningali, ngupingkeun sareng 
nyorakeun.

Tiokro, go'ong, kendang, kacapi, tarompet,  suling seu'eur liang-liang 
anu "hampa" kedah dipanca kakikeun ameh hirup, keur ngahirupan US. Ari 
teu ditabeuh  / teu dipintonkeun  (sanes ria jeung agul) eta sagala 
rupa liang-liang dina alat tatabeuhan kabeh  manusa teh moal terang 
pamaksadanana. Alat tatabeuhan teh entong di beusi kolotkeun diteundeun 
dinu poek, mending berekeun  / diajarkeun kanu arek  miara ela 
alat-alat nu seu'eur liang-lingna. Nahanya kabeh manusa resep pisan 
ngaliang, kieu geura liang teh  bolong, hampa, jiga NOL / buleud / 
bola. Liang nu sok muter pas keur hurup "enol" US da bolong tea.

Jiganamah jaipongan anu di ulik ku teteh kedah dipintonkeun / 
ditandingkeun keur gerak seni di dunya international. Sok geura eta 
tatabuhan teh sareng panca kaki urang igelkeun di Jambore 2007 di 
Jakarta, atanapi igelkeun di Thailand December 2006. Di Jambore penca 
kaki sareng tatabuhan kendang pencak Agustus 2005 mani rame pisan, 
maenya eleh ku nini-nini umur 90 tahun mintonkeun penca kaki jeung 
tatabeuhanana. Tah maksad kuring anu umur leuwih 90 tahun teh  Nini 
Enni ti Garut, ari bapana Abah Aleh eta teh guru kuring keur kuring 
umur 4 tahun diajar ngaggitekeun bujur jeung diajar panca kaki , nya 
harita teh Nini Eni teh tos 55 langkung keur kuring diajar ka Abah Aleh 
  diajar tepak tilu jeung kendangna.

baktos
yan nyc

On Friday, Sep 30, 2005, at 23:17 US/East-Indiana, nenny yunus wrote:

> Sampurasun baraya, salemmbur ieu
>
> Macaan " Pamca Kaki " ti  baraya urang lembur ieu sadayana, abdi oge 
> bade noong tina panca kaki ti seni tari buhun anu katampi elmuna ku 
> abdi ti kawit abdi yuswa 5 taun.
>
> Mirip jiga jurus penca panginten kang Yan, dina gerak gerik ibing 
> buhun boh ti klon boh ti priangan abdi nampi elmu ti pun biang 
> seuseueurnamah.
> Lengkah
> 1.  lengkah kahareup opat lengkah atanapi dalapan, genep belas ( 
> kelipatan 4)
> 2   eunteup puser alias cicing dihiji titik
> 3.  lengkah serong bari nyandak sangkur/ salendang ku panangan katuhu 
> kulep atanapi
>      puterkeun ka sisi katuhuatanapi sabalikna.ka kenca
> 4.  ti lengkah nomer 3 biasana ngan ukur gerakan ditempat ku sampean 
> kagigir
> 5.  lengkah katukang jeung muter giliran di anggona adu manis sareng 
> gerakan panangan kenca katuhu.biasa disebut lengkah pancer  siga penca 
> ngalengkah ka opat arah mata angin teras cicing tumaninah di hiji 
> titik.
> Kitu saterasna diulang, tiasa opat etangan atanapi dalapan. ngan aya 
> oge etangan anu dugi ka lima siga dina tari sunda klasik .
>
> Sadayana disebat Panca Ibing, pakem atanapi dasar LIMA
> teras aya namina masagi atanapi  opat adu manis, gerakan mastaka, 
> panangan, suku jeung, soca( pameunteu) neuteup lebah mana jeung kamana 
> arah soca anu kedah di anggo .
>
> tah panca kaki sareng Masagi, ku sewang2 guru tari tos dirobih robih 
> namina tapi dasarnamah tetep ku hasil noongan abdi yen anu digunakeun 
> teh sami
>
> dina tari aya unsur, gerak nurutan unsur, cai, seuneu, taneuh jeung 
> hawa/ udara.
> kitu oge sok disurupkeun sareng gending/ musik pamirigna.
>
> ke saterasna urang dialajar narilah pas bada lebaran , Insyaaloh ku 
> Ambu diwariskeun elmuna.
> laju, hiji gerentes hate abdi, geuning maha karya karuhun teh seuseur 
> makna sareng seueur pulungananan hayu tinggal urang sewang2 carana 
> miara sangkan ulah tinggal mulasara, kitu hanca.
>
> baktos
> Teh nenny
> sastranegara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Lamun dina jurus penca hartina
> 1. lengkah ka hareup,
> 2. lengkah serong,
> 3. lengkah ka gigir,
> 4. lengkah ka tukang,
> 5. lengkah silang.
> sadayana "panca kaki"
> Ieu teh dasar-dasar ngalengkah penca US kudu bener
> heula lelengkah teh. salah ngalengkah kaburu
> kateunggeul / katajong ku lawan.
>
> Aya deui dasar-dasar lelengkahan
> 1. lengkah ka kaler
> 2. lengkah ka kidul
> 3. lengkah ka wetan
> 4. lengkah ka kulon
> Eta ti nomor hiji nepi ka nomor opat disebatna masagi / pasagi
> Aya istilah eta si akang teh tos masagi elmuna, meureun
> jaman baretomah syeh-syeh ti arab anu bisa maca qur'an ditalar
> sa kabeh qur'an di euteuk bari jeung heunteu maca eta qur'an.
> Pasagi / kotak teh hartina "kabah" anu hideung.
>
> Ari no 5. lengkah pancer , hartina ngalangkah ka pusat, jadi lamun
> enggeus ngalangkah ka opat juru balik deui ka pusat.
> Nya hatina balik deui ka tangtungan diri. Hartina sakumaha jati diri
> NUR US teh.
> Kalima teh hartosna bumi Allah, geuning manusa teh lelengkahana
> ngan sa ukur balik deui ka Nur Allah / Nu Maha Asih /
> Nu Nyiptakeun nu sok lelengkahan.
>
> Kade upami ngalengkah ati-ati bilih aya kulit cau, nya upami ka injek
> bilih tisoledat, kuring diditu sanes kulit cau tapi es batu da eta nuju
> usum
> tiris es batu teh aya sa kota, upami ngalengkah seueur sosorodotan
> sakantenan metakeun diajar cicing bari ngalengkah di luhur es batu.
> Oge bari diajar manaskeun raga dinu tiris pisan.
>
> yan nyc
>
>
> On Thursday, Sep 29, 2005, at 01:41 US/East-Indiana, mh wrote:
>
>> Kang Enton, baheula di ieu milis kungsi dibahas
>> istilah eta teh. Enya istilah "padagang kaki lima"
>> tea. Mun teu salah mah, Bah Willy kitu nu ngintun
>> artikelna teh. Mimitina mah kuring oge make jurus
>> kirata, "lima kaki" ku kuring dihartikeun, "dua kaki"
>> nu dagang, "tilu kaki" gilinding gorobak paragi dagang
>> - "dua" gilinding gede jeung "hiji" gilinding leutik,
>> nu jiga eretan timba. Hehehe.
>>
>> Tapi numutkeun pamanggih dina artikel "kaki lima" teh
>> cenah asalna tina istilah urang inggris "5 feets",
>> nyaeta trotoar jalan anu lebarna "5 kaki". Tah
>> kulantaran kitu, nu daragang dina trotoar sok dsebut
>> "pedagang kaki lima". Tah kitu cenah mah, dongengna
>> teh.
>>
>> ===
>> mh
>>
>> --- enton supriyatna sind
>> wrote:
>>
>>> Alhamdulillah, simkuring kenging elmu anyar ti Kang
>>> MH ngeunaan "pancakaki". Meuni tebih kitu geuning
>>> nya, meuntas lautan. Sumpah, daek beunghar tujuh
>>> turunan, simkuring nembe terang yen rumusan
>>> "pancakaki" teh kitu. Hatur nuhun. Tah simkuring
>>> meredih ka sing saha bae nu uninga, kumaha
>>> asal-usulna bet aya istilah "pedagang kaki lima"
>>> (PKL). Pan mun nu dagangna lalaki, paling seueur oge
>>> "kaki tilu" (eta oge upami nu hiji deui nuju
>>> jagjag).
>>>
>>> Wassalam
>>> ESS
>>
>>
>> =====
>> Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
>> [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
>>
>>
>>
>> __________________________________
>> Yahoo! Mail - PC Magazine Editors' Choice 2005
>> http://mail.yahoo.com
>>
>>
>>
>> PENTING..!
>>
>> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>>
>> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
>> berupa pencabutan membership.
>>
>> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk
>> selalu mengupdate antivirusnya.
>>
>> Yahoo! Groups Links
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
> Please visit
> http://www.silatbooks.com/
> http://www.silatpdusa.com/
> Please write
> [EMAIL PROTECTED]
> [EMAIL PROTECTED]
>
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi 
> berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk 
> selalu mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>               
> ---------------------------------
> Yahoo! for Good
>  Click here to donate to the Hurricane Katrina relief effort.
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi 
> berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk 
> selalu mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>
Please visit
http://www.silatbooks.com/
http://www.silatpdusa.com/
Please write
[EMAIL PROTECTED]
[EMAIL PROTECTED]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke