Kang Rachmat,
 Perkara rencana ngawangun waduk di Sumedang, Jatigede tea, oge fasilitas
ngokolakeun runtah jeung bandar udara di Majalengka apan geus dikotretkeun
dina buku Jawa Barat Infrastruktur Summit (JIS) 2005. Sigana asupna pamodal
anu tadi teh lajuninglaku tina JIS, sabab pamarentah Jabar, ngaliwatan JIS,
ukur mere lolongkrang investasi (kitu oge polana teu sakabehna bagi hasil,
sigana, aya oge anu nganjuk alias kudu dibayar).
 Aya sababaraha catatetan ngeunaan JIS, diantara:
1) Pamarentah di tingkat daerah, lokasi kagiatan JIS, tina sababaraha anu
geus kapanggih, umumna awam pisan kana rencana di tingkat (pusat). Upamana,
Garut jeung program kebon tiwu+industri Gula di wewengkonna, sakumaha dina
JIS, teu apal-apaleun enas-enasna kagiatan. Pon kitu deui, nalika aya
investor anu kataji ku eta program menta data status lahan jeung rencana
daerah kana eta kagiatan JIS, daerah teh ngabigeu;
 2) Aya sababaraha "second opinion" kana program-program JIS anu umumna
nolak atawa sakurang-kuranga ngusulkeun milih cara sejen anu leuwih aman
pikeun ngahontal udagan JIS. Upamana, keur program waduk Jatigede, udagan
meunang sumber cai, listrik, irigasi, jsb udagan JIS waduk Jatigede teh
leuwih hade ku program leuweung talun anu leuwih nyoko kana program anu luyu
jeung "kalayakan" lingkungan jeung budaya, kaasup budaya teu ngahutang
gede-gede. Ngawangun waduk Jatigede ditenggeran baris rugi, sabab salian ti
lokasi poros bendungan teh daerah labil (sacara geologi), oge walungan
Cimanukna geus pinuh ku taneuh (lumpur) erosi. Leuwih hade cenah ngahadean
leuweung ku cara ngagerakeun sumber daya masyarakat.
 Kamari meunang beja ti hiji sepuh, Pemda Sumedang rek ngayakeun riungan
jeung kelompok anu nolak diwangunna bendungan Jatigede, diantarana
pakumpulan DPKLTS anu geus kungsi ngirim surat ka Presiden, kaseunggah lamun
Jatigede jadi diwangun (hutang ngagedea, bendungan teu anggeus malah
diprediksi nimbulkeun bancangpakewuh). Malah ceuk "ramalan" sababaraha tokoh
masyarakat mah nya ieu Jatigede pisan anu bisa nimbulkeun sandekala,
aduregengna "mandalawangi" jeung "mandalayudha", di Tatar Sunda teh. Wallohu
'alam.
 3) Soal runtah anu arek dikokolakeun ku Swedia...lain teu panuju, ngan
kahayang teh cik atuh Pamarentah teh engeuh yen di masyarakat oge aya
potensi anu hade pikeun ngurus runtah bari ngahasilkeun barang anu manfaat
(gemuk keur tatanen). Pikeun hal ieu, si kuring nyaksian sorangan rarancang
ngokolakeun runtah jadi gemuk NPK super teh geus kailo ku para pangagung di
Pamarentaha Jabar. Tapi geuningan kalah ka Swedia anu kapilih. Naha ari
bangsa urang leuwih percaya atawa masih tumut dipakieuh ku seler sejen kitu?
Naha leuwih wawuh mana kana masalah, kaperluan jeung potensi keur
nyumponanana ti masyarakat jeung sarakan urang antara urang-urang keneh
jeung bangsa sejen? Naha teu leubeut ku kapentingan ekonomi jeung budaya
inyana lamun seler sejen anu kapeto?
 Pikeun ngaakomodasi pikiran, lengkah jeung strategi anu hade buah pikir
bangsa urang sorangan lengkah anu bisa disorang ku pamarentah (Jabar dina
lebah dieu) teh satemenna teu bangga. Kari ngumumkeun dina media, uleman
pikeun presentasi program anu dimaksud, geura moal teu jul-jol anu nyambut.
Karendah-hatean pamarentah dina lebah dieu kacida diperlukeunana. Saterusna,
diuji wae kalayakan jeung kompetensina ngalibetkeun pakar-pakar anu
independen. Samodel program pendanaan kompetiti keur ngaronjatkeun IPM
engkena mah prosesna teh.
 Peun sakitu wae heula.
 Baktos,
manAR
 On 11/16/05, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kuring kenging beja, ceuk cenah Pemda Subang tos
> ngajukeun usulan proposal, diantawisna di wewengkon
> Sumedang bade aya situ/waduk tempat rekreasi anu
> hebring, teras aya tempat pengolahan limbah/sampah anu
> panghebringna sa Indonesia, ngangge teknologi ti
> Swedia, anu kapasitas pengolahanana teh minimal kedah
> aya 930 ton/dinten.
> Waragadna eta kanggo ngarealisir proposal eta teh aya
> kana 2,5 triliyun rupiah.
>
> Cik, atuh bilih aya baraya KUSnet anu terang program
> eta, dongengkeun di dieu.
>
> Informasi ieu teh kuring kenging ti hiji sindikat
> pemodal, anu ngabiayaan eta program. Ceuk salah sawios
> anggota sindikat eta nyarios ka kuring, "sok saha anu
> peryogi modal/dana pikeun ngawangun hiji
> proyek/kagiatan ajukeun wae proposalna ka kuring,"
> ceuk manehna teh. Ieu sindikat teh asli pituin urang
> Indonesia.
>
> Teh Ika Mardiah, jigana upami bandara Majalengka bade
> dibangun, tiasa nambut modal ka sindikat eta tah. Tapi
> saha anu bade jadi "penanggung jawabna", Pemda
> Provinsi atanapi Pemda Majalengka?
>
>
> baktos,
>
> mrachmatrawyani
>
>
>
>
> __________________________________
> Yahoo! Mail - PC Magazine Editors' Choice 2005
> http://mail.yahoo.com
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>


[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke