Getih

Getih téh nyaéta jaringan sumebar nu mangrupa cairan plasma jeung sél (sél
getih beureum, sél getih bodas, platélét). Istilah médis nu patalijeung
getih biasana sok maké émbohan/awalan hémo- atawa hémato-, tina kecap Yunani
"haima" nu hartina "getih".

Fungsi utama getih nyaéta pikeun ngasupan zat-zat gizi (oksigén, glukosa),
unsur-unsur pangganti jaringan sarta miceun runtah (kawas karbon dioksida
jeung asam laktat). Getih ogé jadi patalimarga sél-sél (leukosit, sél tumor
abnormal) sarta rupa-rupa zat (asam amino, lipid, hormon) sahingga bisa
diangkut antarjaringan jeung antarorgan. Gangguan kana kandungan atawa
sirkulasi getih bisa ngabalukarkeun karuksakan/gangguan jaringan.

Anatomi getih

Getih diwangun ku sababaraha rupa korpuskel; unsur bentukan ieu ngawengku
kira 45% tina getih. Sésana mah mangrupa plasma getih, cairan semu konéng nu
jadi média cair getih. Dina kaayaan normal, pH getih artéri téh 7,40. Pikeun
babandingan, getih dina sakujur awak manusa téh 7% tina beuratna [1],
sahingga jalma sawawa umumna dieusi getih 5 léter (2,7-3 léter mangrupa
plasma). Mun digabungkeun, lega buengeut éritrosit dina anatomi manusa téh
sarua jeung 2.000 kali lega pakulitan luar manusa.

Sél-sél nu ngeusi getih:
* Sél getih beureum atawa éritrosit (96%). Dina mamalia, sél ieu teu boga
inti jeung organél, sahingga teu kaasup kana golongan sél. Sél getih beureum
ngandung hémoglobin getih nu nyebarkeun oksigén.
* Sél getih bodas atawa leukosit (3.0%), mangrupakeun anggota sistim imun nu
ngancurkeun zat-zat inféktif.
* Platélét atawa trombosit (1.0%) nu pancénna dina ngabekukeun atawa
koagulasi getih sarta dina inflamasi.

Plasma getih téh mangrupakeun leyuran nu ngandung 96% cai, 4% protéin plasma
getih, sarta bahan renik lianna, di antarana
* albumin
* faktor koagulasi getih
* imunoglobulin (antibodi)
* hormon
* rupa-rupa protéin
* rupa-rupa éléktrolit (utamana natrium)

Sakabéh komponén getih di luhur ngabentuk cairan non-Newtonian nu pasipatan
alirna unik luyu jeung wangunan saluran getih.

Fisiologi getih

Produksi jeung degradasi

Sél-sél getih dijieun dina sumsum tulang, dina prosés nu disebut
hématopoiésis. Komponén-komponén protéin dijieun dina ati, hormonna
dihasilkeun ku kelenjar éndokrin, sedengkeun fraksi cairna dikokolakeun ku
peujit jeung ginjal.

Sél-sél getih didegradasi ku limpa jeung sél Kupffer dina ati. Ati ogé boga
tugas meresihan protéin jeung asam amino (ginjal ngasékrésikeun
protéin-protéin leutik kana urin). Umur hirup éritrosit umumna nepi ka 120
poé, nu salajengna sacara sistimatis diganti ku éritrosit anyar nu
dihasilkeun tina prosés hématopoiésis.

Angkutan oksigén

Oksigénasi getih diukur ku tekenan parsial oksigén. Oksigén sacara kimiawi
98.5% kabeungkeut ku Hémoglobin (Hb). Ukur 1.5% nu leyur sacara fisik.
Molekul Hb mangrupakeun alat angkut oksigén dina mamalia sarta sababaraha
spésiés lianna.

Iwal artéri pulmonal jeung umbilik katut vénana, artéri mawa getih nu
ngandung oksigén ngajauhan jantung ka sakujur awak ngaliwatan arteriola
jeung kapilér, tempat diserepna oksigén. Sabalikna, vénula jeung véna mawa
getih nu geus teu ngandung oksigén balik deui ka jantung.

Warna

Dina manusa jeung mahluk nu maké hémoglobin lianna, getih nu ngandung
oksigén téh warnana beureum burahay, sedengkeun nu teu ngandung oksigén
warnana leuwih kolot, beureum ati, nu bisa katempo nalika donor getih nu
disedot tina véna. Mun ditilik ti luar, saluran getih nu ngageleng handapeun
kulit awak urang katémbongna bulao[2].

Serangga

Dina serangga, getihna (sebutanana hémolimfa) teu ngangkut oksigén (lawang
nu disebut trahéa bisa ngasupkeun oksigén ti luar maké prosés difusi
langsung ka jaringan). Getih serangga fungsina ukur mindahkeun gizi ka
jaringan sarta miceun produk sésa.

Invertebrata leutik

Dina sababaraha invertebrata leutik kawas serangga, oksigén langsung leyur
dina plasma. Sato nu leuwih badag migunakeun protéin réspiratori pikeun
ngaronjatkeun kapasitas ngangkut oksigén. Hémoglobin mangrupakeun protéin
réspiratori nu paling umum aya di alam, sedengkeun krustaséa jeung moluska
migunakeun hémosianin (bulao, ngandung tambaga).

Dina kalolobaan invertebrata, protéin pangangkut oksigén ieu téh leyur dina
plasma getih, béda jeung vertebrata nu boga sél getih beureum nu hususon
ngakut oksigén (sahingga ngaronjatkeun daya angkutna tanpa ngarobah
viskositas atawa ngaruksak organ panyaring getih kawas ginjal.

Transpor karbon dioksida

Nalika getih artéri sistemik ngalir dina kapilér, lumangsung difusi CO2 ti
jaringan kana getih. Sawaréh (lolobana) aya nu leyur na getih (dina bentuk
bikarbonat jeung ion hidrogén), sawaréh deui aya nu ngahiji jeung hémoglobin
jadi karbamino hémoglobin.

Transpor ion hidrogén

Déoksihémoglobin (hémoglobin nu geus ngaleupaskeun oksigén) boga fungsi
séjén, nyaéta pikeun ngabeungkeut ion hidrogén; déoksihémoglobin mibanda
afinitas éléktron leuwih luhur batan oksihémoglobin.

Kaséhatan jeung panyakit

Diagnosis

Tekanan getih jeung uji getih mangrupakeun papanggihan diagnostik
pangilaharna dipaké pikeun mariksa getih jeung kaayaan umum awak.

Patologi

Gangguan sirkulasi jeung kandungan getih mangrupakeun sumber rupa-rupa
panyakit.
* Tatu luar bisa ngabalukarkeun kakurangan getih. Trombosit bisa nulungan
ngabekukeun dina kajadian tatu leutik, sedengkeun dina tatu badag mah kudu
geuwat diubaran.
* Kapendetna sirkulasi bisa ngabalukarkeun rupa-rupa gangguan médis, ti
iskémia nepi ka nékrosis jaringan jeung gangrene.
* Hémofilia, kasakit genetik nu ngabalukarkeun disfungsi salasahiji
mékanisme koagulasi getih.
* Leukemia, kangker jaringan nu ngahasilkeun getih.
* Kurang getih, boh alatan trauma atawa lain (misalna nalika dibedah), ogé
kasakit getih lianna kawas anémia jeung talasémia, kadang merlukeun
transfusi getih. Sababaraha nagara boga bang getih pikeun nedunan pangabutuh
getih (di Indonésia mah dikoordinir ku PMI).
* Getih mangrupakeun véktor penting dina inféksi. HIV, virus nu
ngabalukarkeun AIDS, bisa tépa mun aya kontak getih, mani, atawa sékrési
awak ti jalma nu geus kainféksi. Hépatitis B jeung C ditépakeun utamana
ngaliwatan kontak getih.
* Inféksi getih disebut baktérémia atawa sépsis. Malaria jeung
tripanosomiasis mangrupakeun inféksi parasitik nu ngaliwatan getih.

Natambaan

Transfusi getih mangrupakeun terapi getih sacara langsung. Kusabab aya
rupa-rupa golongan getih, getih donor jeung nu rék narimana kudu sarua
(transfusi getih nu golonganana béda bisa ngabalukarkeun komplikasi anu
parna).

Produk getih lian nu dipaké (disuntikkeun) nyaéta platélét, plasma getih,
cryoprecipitate, sarta konsentrat faktor koagulasi.

Baca ogé
* Getih artifisial
* Béréndélan kandungan getih manusa
* Donor getih
* Golongan getih

Sumber rujukan
* Blood, Wikipédia édisi basa Inggris per 15 Nopémber 2005

Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Getih";

--
sikandar
www.urang-sunda.or.id <http://www.urang-sunda.or.id>
su.wikipedia.org <http://su.wikipedia.org>


[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke