Hormon (Yun. horman - "sangkan ojah") hartina utusan kimiawi ti hiji sél
(atawa sagolongan sél) ka sél lianna. Sakabéh organisme multisélular
ngahasilkeun hormon (kaasup tutuwuhan - baca artikel fitohormon).

Hormon nu paling dipikawanoh ti bangsa sasatoan (jeung manusa) nyaéta nu
dihasilkeun ku kelenjar éndokrin vertebrata, padahal hormon téh dihasilkeun
ku ampir unggal sistim organ jeung jaringan. Molekul hormon disékrésikeun
(dikaluarkeun) langsung kana aliran getih, cairan awak lianna, atawa kana
jaringan anu tangtu. Pindahna ku cara sirkulasi atawa difusi ka sél
targétna, nu bisa baé sél nu padeukeut/natangga (aksi parakrin) dina
jaringan nu sarua atawa sél nu ayana di organ séjén. Fungsi hormon nyaéta
salaku sinyal/iber ka sél targét; peta hormon ditangtukeun ku pola sékrési
jeung transduksi sinyal jaringan nu nampana.

Hormon petana rupa-rupa, ngawengku stimulasi/pangrangsang atawa
inhibisi/meungpeuk kamekaran, induksi atawa suprési apoptosis (program paéh
sél), aktivasi atawa inhibisi sistim imun, régulasi/ngatur métabolisme jeung
préparasi aktivitas anyar (misalna tarung, jalangan) atawa fase hirup
(misalna pubertas, miara turunan, ménopause). Dina sababaraha kasus, hiji
hormon bisa ngatur produksi jeung sékrési hormon séjén. Réspon kana sinyal
hormon bisa digambarkeun salaku régulasi aktivitas métabolik hiji organ
atawa jaringan. Hormon ogé ngatur daur réproduktif ampir sakabéh organisme
multisélular.

Sajarah

Konsép sékrési internal mekar dina abad ka-19; didadarkeun ku Claude Bernard
taun 1855, tapi teu sacara husus nujul kana kamungkinan sékrési ti hiji
organ salaku utusan pikeun organ séjén.

Panarabas utamana nyaéta nalika idéntifikasi sékrétin, hormon nu
disékrésikeun ku duodenum nu ngarangsang sékrési ti pankréas, didadarkeun ku
Ernest Starling jeung William Bayliss taun 1902. Saméméhna, prosés ieu geus
dipercaya (misalna ku Ivan Pavlov) diatur ku sistim saraf. Starling jeung
Bayliss nunjukkeun yén nyuntikkeun ékstrak duodenal ka anjing bakal
ngaronjatkeun sékrési ti pankréas.

Starling ieu ogé nu ngawanohkeun istilah "hormon" dina ceramahna taun 1905.
Laporan salajengna negeskeun yén hal éta téh diajukeun ka anjeunna ku
fisiolog Cambridge William B. Hardy.

Fisiologi hormon

Unggal sél sabenerna boga kabisa pikeun ngahasilkeun rupa-rupa molekul
régulator. Kelenjar éndokrin klasik katut produk hormonna hususon pikeun
ngatur sakabéh hambalan organisme, tapi bisa ogé dipaké (dina jalur husus)
ukur dina hambalan jaringan.

Laju produksi hiji hormon ilaharna diatur ku sistim kontrol homéostatik,
umumna mah ku eupan négatif (negative feedback). Misah ti produksina,
régulasi homéostatik hormon gumantung kana métabolisme jeung ékskrési
hormon.

Séksrési hormon bisa dirangsang jeung dipeungpeuk ku
* hormon séjén (hormon "nu ngarangsang"/"stimulating" atawa
"ngaleupaskeun"/"releasing")
* konsentrasi ion atawa gizi dina plasma, ogé globulin
* aktivitas neuron jeung méntal
* parobahan lingkungan, misalna cahya atawa suhu

Nu anyaran kapanggih jeung keur ditalungtik kénéh nyaéta kelas hormon nu
katelah "Hormon Lapar" (Hunger Hormones) - grélin, oréksin jeung PYY 3-36 -
katut antagonisna - misalna léptin.

Tipe hormon

Hormon vertebrata digolongkeun kana opat kelas kimia:
1. hormon derivat amina, turunan asam amino tirosin jeung triptofan. Contona
nyaéta katékolamin jeung tiroksin.
2. hormon péptida, mangrupa rantay asam amino. Contona nyaéta TRH jeung
vasoprésin. Péptida diwangun ku ratusan asam amino disebut protéin. Conto
hormon protéin nyaéta insulin jeung hormon kamekaran (growth hormone).
3. hormon stéroid, turunan koléstérol; kortéks adrénal jeung gonad
mangrupakeun sumber utamana. Contona nyaéta téstostéron jeung kortisol.
4. Hormon lipid jeung fosfolipid, turunan lipid sarupaning asam linoléat
jeung fosfolipid kawas asam arakidonat. Kelas utamana nyaéta éikosanoid, nu
ngawengku rupa-rupa prostaglandin.

Farmakologi

Kiwari, hormon sok dipaké natambaan kasakit. Nu pangilaharna mah nyaéta
éstrogén jeung progéstagén (dina pél kontraséptif jeung HRT), tiroksin
(salaku lévotiroksin pikeun hipotiroidisme) sarta stéroid (pikeun kasakit
otoimun jeung sababaraha gangguan engapan). Insulin sok dipaké ku nu boga
kasakit diabétes/kencing manis.

Hormon penting manusa

Hormon amina
Hormon derivat amina:
* adrénalin (atawa épinéfrin)
* dopamin
* mélatonin (N-asetil-5-métoksitriptamin)
* noradrénalin (atawa norépinéfrin)
* serotonin (5-HT)
* tiroksin (T4)
* triiodotironin (T3)

Hormon péptida
Nu kaasup hormon péptida di antarana
* hormon antimullerian (antimullerian hormone, AMH, ogé faktor atawa hormon
inhibisi mullerian)
* adiponéktin (ogé Acrp30)
* hormon adrénokortikotropik (adrenocorticotropic hormone, ACTH, ogé
kortikotropin)
* angioténsinogén jeung angioténsin
* hormon antidiurétik (antidiuretic hormone, ADH, ogé vasoprésin, arginin
vasoprésin, AVP)
* péptida atrial-natriurétik (atrial-natriuretic peptide, ANP, ogé
atriopéptin)
* kalsitonin
* kolésistokinin (CCK)
* hormon nu ngaleupaskeun kortikotropin (corticotropin-releasing hormone,
CRH)
* éritropoiétin (EPO)
* hormon stimulasi folikel (follicle-stimulating hormone, FSH)
* gastrin
* glukagon
* hormon nu ngaleupaskeun gonadotropin (gonadotropin-releasing hormone,
GnRH)
* hormon nu ngaleupaskeun hormon kamekaran (growth hormone-releasing
hormone, GHRH)
* gonadotropin korionik manusa (human chorionic gonadotropin, hCG)
* hormon pertumbuhan (growth hormon, GH atawa hGH)
* insulin
* faktor pertumbuhan kawas insulin (insulin-like growth factor, IGF, ogé
somatomédin)
* léptin
* luteinizing hormon (LH)
* hormon stimulasi mélanosit (melanocyte-stimulating hormon, MSH atawa
α-MSH)
* neuropéptida Y
* oksitosin
* hormon paratiroid (PTH)
* prolaktin (PRL)
* renin
* sékrétin
* somatostatin
* trombopoietin
* hormon stimulasi tiroid (thyroid-stimulating hormon, TSH)
* hormon nu ngaleupaskeun tirotropin (thyrotropin-releasing hormon, TRH)

Hormon stéroid jeung stérol
Hormon stéroid:
* Glukokortikoid
o kortisol
* Mineralokortikoid
o aldostéron
* Stéroid séks
o Androgén
+ téstostéron
+ dehidroépiandrostéron (DHEA)
+ dehidroépiandrostéron sulfat (DHEAS)
+ androsténédion
+ dihidrotéstostéron (DHT)
o Éstrogén
+ Éstradiol
o Progéstagén
+ progéstéron
+ Progéstin

Hormon stérol:
* Derivat/turunan Vitamin D
o kalsitriol

Hormon lipid
Hormon lipid jeung fosfolipid (éikosanoid):
* prostaglandin
* leukotriéna
* prostasiklin
* tromboksan

Baca ogé
* sistim éndokrin
* neuroéndokrinologi
* hormon tutuwuhan atawa régulator tumuwuh tangkal
* sinyal otokrin
* sinyal parakrin
* sitokin
* faktor pertumbuhan (growth factor)

Rujukan
* Hormone, Wikipédia édisi basa Inggris per 17 Nopémber 2005
* Henderson J. Ernest Starling and 'Hormones': an historical commentary. J
Endocrinol 2005;184:5-10. PMID 15642778.

Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Hormon";

--
sikandar
www.urang-sunda.or.id <http://www.urang-sunda.or.id>
su.wikipedia.org <http://su.wikipedia.org>


[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke