Sampurasun para wargi, simkuring ngiring deui
sinewaka, ka kang Oman kuring bade mairan perkara
kapendudukan hususna ngeunaan babandingan jumlah awewe
jeung lalaki. Sakaterang kuring nu belasan taun sok
sering ngaji perkara kapendudukan dina raraga
ngarencanakeun kota (kaleresan garapan sim kuring nu
matuh dina widang konsultan pangwangunan kota/daerah)
ampir unggal daerah, jumlah awewe leuwih loba
tinimbang lalaki. Kanyataan catetan/ data nu model
kitu, keur sabagean kaum lalaki sok dipake alesan kuat
pikeun ngabenerkeun laku lampah nyandung. Tapi ke
heula, sakaterang kuring upama ditalungtik dumasar
kana jumlah nurutkeun kelompok umurna, geuning jumlah
nu nyokonng kana leuwih lobana jumlah awewe teh,
nyatana ti kelompok umur 55 taun ka luhur jeung beuki
kolot beuki loba jumlah awewena, sedengkeun kelompok
wanoja jeung jajaka umumna ampir imbang. Jadi lamun
tea mah aya kidulur anu hayang nyandung atuh mangga
geura dipihukum randa-randa manula. Tah karek meureun
bisa disebut amal jeung tutulung. Tapi lamun urang
na;ungtik ka dulur urang nu di Baduy, teu aya nu
disebut mindo kawin teh. Keur dulur urang di kanekes
mah sakali kawin pikeun saumur hirup, lamun
ditinggalkeun pasangan hirupna nya terus ngaduda atawa
ngaranda, pijajauheun nepi ka nyandung mah, sabab
cenah urang kudu bisa ngaji ka diri sorangan, lamun
urang nu jadi lalaki dipangnyandungkeun ku awewe
kumaha rasa urang, nya awewe oge moal beda rasana,
sabab ari lalaki jeung awewe mah sual lahirna, da ari
rasa jeung ingsunna mah sarua teu aya beda. Eta cenah
aya nu boga anggapan beda lalaki jeung awewe soal
"libido", nu puguh mah nu ngabedakeun teh soal
nyangcang napsu jeung adat. Da buktina di wewengkon
barat mah, nu adatna teu aya diskriminasi gender,
geuning awewe jeung lalaki teh sarua bae dina
ngalanjur napsuna teh.
Perkara jumlah BH di wewengkon Pasundan nu kawilang
loba, tah ieu kudu jadi pamikiran jeung upaya para
inohong,para ulama, para menak jeung pamingpin. Kumaha
sangkan urang sunda sadar pentingna pendidikan
ditengah kaayaan hirup nu werit, sabab masih seueur
masarakat Sunda hususna di padesaan teu mentingkeun
pendidikan.
 Tah sakitu bae heula kang Oman, kaleresan kuring teh
keur aya di Calang Kabupaten Aceh Jaya, nya timbang
kesel ngadon buka-buka emil di camp UN.

Rampes kang

Engkus 

--- oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   Baraya,
>    
>   Keur ngahajakeun nengetan angka-angka statistik
> ngeunaan pendidikan di Jawa Barat puguh ge ieu teh.
> Sumber bacaan mah eta wae buku "Akselerasi
> Pendidikan Jawa Barat 20042008", pedalan Bapeda. Aya
> sababaraha hal minangka "serba-serbi" anu ngeletek
> menta dipostingkeun, diantaran wae ngeunaan
> babandingan penududuk antara wanoja jeung lalaki di
> Jawa Barat oge ngeunaan tingkat butahuruf (BH) di
> Jawa Barat anu ditataan per kabupaten/kota. Mangga
> kahaturkeun. 
>    
>   Data anu digunakeun teh kawilang aktual, data biro
> pusat statistik (bps) taun 2003. Sedengkeun babagian
> kabupaten/kota di Jabar anu dijadikeun patokan aya
> 25 kab/kota, kaasup Banjar minangka kota
> pangbungsuna. Lumayan, nyesa keneh 25 kab/kota
> (daerah tingkat II baheula mah, samemeh UU otonomi
> daerah), sanajan wewengkon Jabar geus dikorowod...eh
> ...dibagi dua jeung Banten oge.  
>    
>   Penduduk
>    
>   Ceuk hasil BPS, penduduk Jabar umur antara 10 - 44
> taun taun 2003 teh total jendralna aya 23.107.717
> jiwa (tangtu wae jeung badanna, sabenerna mah,
> piraku ukur jiwa bisa disensus :) ). Tina jumlah
> sakitu, panglobana sumebar penduduk Jabar teh di
> Kab. Bandung (11%), Bogor (9,5%), jeung Kota Bandung
> (7%). Nilik tina angka prosentase ieu, anu teu
> ngahontal nepi ka 10%, kawilang rata oge sumebarna
> manusa anu dumuk di Jabar teh.
>    
>   Lolobana awewe
>    
>   Ceuk statitistik BPS keneh, jumlah penduduk awewe
> dibanding lalaki di Jabar, tetela loba keneh awewe.
> Geura wae timngali angka ieu: tina jumlah 23.107.717
> jiwa penduduk Jabar, aya kana 11.656.331 (50,44%)
> diantarana eta awewe alias wanoja, sedengkeun
> sesana: lalaki (yakin teu yeuh ka BPS? boa-boa aya
> diantarana anu lain lalaki, oge teu kaasup awewe,
> wallohu'alam). Anapon Kab./Kota anu panglobana
> awewe, "hasil survey membuktikan" (sanes ceuk Kang
> Sony jagoan game ieu mah), tetela ....Kota
> Tasikmalaya (lain Indramayu geuningan). Ceuk BPS,
> taun 2003, babandingan jumlah awewe dibanding lalaki
> penduduk Kota Tasikmalaya-Sukapura ngadaun ngora -
> eta 55% : 45% atawa di Kota Tasikmalaya, taun 2003,
> aya awewe sajumlah 290.916 jiwa sumanding jumlah
> penduduk lalakina anu jumlahna 237.300 jiwa. Hidup
> Tasik euy...eh!!!. 
>    
>   Aya Kab/Kota sejenna anu panglobana  mibanda
> penduduk awewe dibanding lalakina (sok sanajan angka
> perbandinganana teu nepi ka 55% : 45%), nyaeta
> Kab/Kota: Bogor, Bandung, Ciamis, Kuningan,
> Majalengka, Sumedang, Indramayu, Subang, Karawang,
> Sukabumi, Bandung, Cirebon, Bekasi, jeung Depok (4
> anu akhir disebut sadayana kota).  Tah, ka 15
> kab/kota ieu (kaasup Tasikmalaya), "perburuan" ti
> lalaki anu teu acan merenah vektor papasanganana
> ditujukeun ("vektor" ceuk matematik eta "besaran"
> anu mibanda nilai jeung arah :). Kitu soteh lamun
> ieu urusan "vektor" pakait signifikan jeung
> kaleuwihan  wanoja dibanding lalaki, sabab dina
> seuhseuhanana mah teu kitu, sanes?
>    
>   Pendidikan (BH-na kumaha)?
>   Wayahna, anu dimaksud "BH" di dieu mah taya lian
> ti singgetan tina istilah "buta huruf" alias teu
> bisa maca. Apan ngaranna oge keur ngaguar angka
> pendidikan.
>    
>   Kumaha pakaitna ieu penduduk jeung BH? Atawa, aya
> hubungan anu pikahartieun antara lobana jumlah
> penduduk, jumlah penduduk awewe anu punjul, jeung
> angka tingkat BH di Jabar? Ieu sigana pedareun ka
> hareup, sugan rineh. Anu jelas, ceuk BPS keneh,
> jumlah anu BH di Jabar, umur antara 10 - 44 taun
> sakabehna aya kana 607.521 jiwa, diwangun ku 360.229
> jiwa awewe jeung 247.222 jiwa lalaki (sadayana BH). 
>    
>   Tetela geuning, anu BH mah di Jabar teh lolobana
> jalu. Tapi, ke heula anan, tengetan data sejen ieu:
> Ceuk BPS, taun 2003, Kabupaten Subang ngarupakeun
> wewengkon administratif anu pendudukna panglobana
> BH. Angka BH di Kab. Subang ngahontal 17% tina
> jumlah pendudukna (Kab. Subang, jumlah penduduk
> 700.839 jiwa, diwangun ku lalaki, 47,9% jeung awewe
> 52,1%). Angka anu 17,1% eta diwangun ku 7,2% lalaki
> + 9,9% awewe. 
>    
>   Tangtu wae, data ti hiji kabupaten/kota moal bisa
> dipake cekelan. Data di kab/kota sejenna kudu
> ditengetan oge, memeh nyieun hiji kacindekan. Tah
> ieu lain guareun konsumsi milist, sakurang-kurangna
> danget ieu jeung upama kudu si kuring anu ngaurna
> (kawantu keur pakepuk).  Keur saheulanan, ieu data 4
> kab/kota sejenna anu angka BH luhur sanggeusna Kab.
> Subang: Kota Bekasi (6,5%), Kab. Indramayu (5%),
> Kab. Karawang (4,4%),  jeung Kota Cirebon (4,36%)
>    
>   Catetan: 
>   Angka BH penuduk di Kab. Subang anu luhurna nepi
> ka 17% rada "aneh" tur pikiraneun, sabab, rata-rata
> angka BH di Kab/Kota sa Jabar teu ukur 2,79% (teu
> nepi ka 3%). Ceuk Peter Pan mah jadi "AADS" (Ada apa
> denganmu Subang?).
>    
>   Panutup
>   Ngutak-ngatik angka sakapeung memang matak anteng.
> Orokaya, waktu jeung tempat ngaguarna kawates. Cag
> heula, sugan kahareup bisa aya pedaran
> lajuninglakuna. Anu aya, nyanggakeun, manawi aya
> manfaatna, upamana, pikeun neruskeun program garapan
> urang (pabukon, PPK, ngaronnjatkeun IPM, Rakom,
> jst).
>    
>   baktos,
>   manAR
>    
>    
>    
> 
> 
>               
> ---------------------------------
>  Yahoo! Personals
>  Single? There's someone we'd like you to meet.
>  Lots of someones, actually. Try Yahoo! Personals
> 
> [Non-text portions of this message have been
> removed]
> 
> 



        
                
__________________________________ 
Yahoo! Mail - PC Magazine Editors' Choice 2005 
http://mail.yahoo.com


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke