Kang Joko, ISK, oge baraya sanesna.
Kumaha upama ieu jejer, yen BASA SUNDA HESE?, urang jadikeun pooling. Sugan
wae hasilna bisa dijadikeun bahan tinimbangan pikeun guru-guru basa Sunda di
sakola. Ngarah pasualanana rada jelas, urang watesan heula. Urang mimitian
noong pikeun ngajawab pasualan ieu:
"Numutkeun pangalaman pribadi baraya sadayana, naha leres yen basa Sunda teh
hese?"
Supaya jawabanana bisa dipake pikeun noong leuwih jero, hadena tiap jawaban
dilengkepan ku tinimbangan sewang-sewangan. Jiga saur Kang Joko, leres cenah
basa Sunda teh hese, kitu-kitu alesananan. Ari jeung kang ISK mah ah teu sing
hese, cenah, kieu-kieu alesanana.
Tah, kumaha numutkeun baraya sanesna, kum we ieu mah ka sadayana, naha enya
basa Sunda teh hese?
Hasil pooling ieu sugan wae bisa dijadikeun tinimbangan, pikeun ngungkulan
perkara pangajaran basa Sunda.
Salam,
MH
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Ari kuring pribadi mah keukeuh teu
nganggap basa Sunda hese. Teu percaya? Jung we tanyakeun ka urang
Rawayan/Kanekes, atawa ka urang Pameungpeuk, atawa ka urang Sarkanjut, naha
bener basa Sunda teh hese? Hese soteh pedah wae teu biasa jeung teu
ngabiasakeun.
Undak-usuk hese? Mun teu salah, ceuk Abah Surya mah nu teu meunang pahili
dina masalah undak-usuk basa Sunda teh ukur sababaraha kecap, jaba deuih aya
pilihan sejen (siger tengah, teu kabeungkeut ku undak-usuk teuing) pikeun
kecap2 eta.
Ngeunaan mindeng pahilina EU jeung E jeung É, utamana dina tulisan, eta mah
alatan urang nu jarang manggih basa Sunda tulisan.
"Atuh da hese nyiar bukuna ge..."
Bohong! Milari buku2 basa Sunda mah gampil pisan, mangga we pesen ka pun bojo
atawa Uwa Sas.... heuheu
isk
On 12/1/05, joko tingkir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Kang MH, leres basa sunda
teh hese, utamina dina undak
usuk basa + basa tulisan. Mangga titenan ku Kang MH,
tulisan wargi-wargi urang sadaya di KUSnet oge, masih
keneh loba nu patukeur, hususna dina nulis kecap "EU"
ditulis "E"jeung sabalikna.
=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
---------------------------------
Yahoo! Personals
Skip the bars and set-ups and start using Yahoo! Personals for free
[Non-text portions of this message have been removed]
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Fair play? Video games influencing politics. Click and talk back!
http://us.click.yahoo.com/u8TY5A/tzNLAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/