> Jadi kasimpulan samentarana mah kieu: 
  > Ngajarkeun bahasa leuwih ti hiji ka budak ti
  > leuleutik teh alus pisan,  jadi geus we tetep siga
  > kitu. Da ceuk cenah, jang budak mah ngarti  bahasa
  > anyar teh teu sahese kolot. Ngan nu kudu jadi
  > catetan jeung kudu  dirobah mah, guruna oge kudu
  > ngajarkeun anu bener, jeung puguh  udagannana dina
  > kurikulum sakola. (Tangtu ngarah guru bisa ngawulang
  > nu  bener teh teu sederhana. Ayeuna mah kudu jadi
  > pamikiran pamarentah  kumaha sangkan guru-guru di
  > urang teh "berkualitas". Meureun kudu aya  suntikan
  > jang ngangkat kasejahteraanana, ambeh para guru
  > soson soson  dina ngalaksanakeun tugas.)
  >   
  > Ngan tangtu salaku urang sunda anu nyaah kana
  > bahasana, urang kudu  mikirkeun supaya basa sunda
  > teh maju sajajar jeung bahasa lain, tetep 
  > digunakeun jeung dimumule ku urang. Kuring mah
  > keukeuh boga pikiran,  yen bahasa sunda teh rada
  > "kaseredkeun" kulantaran ayana "pemanfaatan"  media
  > nu teu saimbang. Ayeuna tingali we dina tipi, apanan
  > rea keneh  bahasa batawi jeung jawa dibanding bahasa
  > sunda (dua taun katukang ieu  mah).
  >   Sigana lamun urang sunda rame gawe nyieun karya,
  > insyaallah moal  leungit nu make basa sunda teh,
  > salilana. Tangtu karyana oge karya anu  boga
  > "kualitas" ambeh bisa jadi titi mangsa jang generasi
  > urang ka  hareup.
  
  Haturan Kang Yud,
  
  Duka nei duka henteu yeuh, kuring rek mairan fdw-an.
  Susuganan diapungkeun ku Kang MH. Da kuring mah ngan
  ukur aktif di milis BS wungkul. Ngahaja, nalian
  maneh... sok kamalinaan puguh.
  
  Kang Yud, sacara umum kuring sagaris jeung pamadegan
  Akang. Ngan lamun urang ngabandingkeun kaayaan basa
  Sunda (BS) jeung basa anu formal di aku di nagara2 UE
  mah kacida pincangna. 
  
  Conto kaayaan Belgia jauh beda pisan jeung RI. Belgia
  ngaku formal 3 basa (NL, FR jeur DE). Ieu basa teh
  kabeh satara... dilingkungan anu mayoritas na make eta
  basa, nya sakola2 na make basa panganteur basa
  moyoritas.
  
  Ari di TS mah apan beda, BS teu pisan boga lolongkrang
  sangkan dipake formal. Asa can pernah kawenehan aya
  produk hukum (DPR/D) anu make BS? Tong boro kitu,
  dalah neangan warta radio/TV oge mani hese sigana teh.
  Ieu mah panyawang ti kajauhan he he he. 
  Tah, lamun kaayaan hiji basa teu diaku sacara formal,
  akibat na nya bakal teru morosot. Kuring nyebut dina
  posting katukang ku istilah TEU DIASAH. BS jadi
  mintul, balukarna US anu make BS oge nurutan jadi
  mintul.
  
  Upaya make BS ditingkat SD, ari ceuk kuring mah salah
  sahiji optimalisasi/formalisasi sangkan basa Sunda
  dipake deui ku bangsa na sorangan. Itung2 dianggap
  ngasah PESO tea.
  
  Kuring satuju lamun basa nasional jeung asing
  diajarkeun ti bubudak keneh. Ngan basa indung ulah
  dipopohokeun! Kaayaan di TS ayeuna nya siga kitu
  pisan. Akibatna? Tong boro basa sejen... basa indung
  sorangan mani pabaliut makena.
  
  Argumen kuring nu sejen, dina raraga diajar
  (nerangkeun hiji masalah). Sigana mah leuwih gancang
  asup nerangkeun ka murid make basa anu
  'dipahami'(hampura!) tinimbang make basa anu can bisa?
  Dina hal ieu BI?
  
  Cobaan geura, nerangkeun palajaran (naon bae lah) make
  basa Inggris di hareupeun kelas. Napel moal nya?
  Paling oge kerung he he he!
  
  Baktos,
  Rahman, Wassenaar/NL
  
  


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
                        
---------------------------------
Yahoo! Shopping
 Find Great Deals on Holiday Gifts at Yahoo! Shopping 

[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke