Kang RH,
  Hehehe. Lain ku kitu, puguh panasaran, hayang nyaho kumaha pamanggih  
balarea, ngeunaan basa Sunda teh. Pamanggih nu orsinil, saur manuk. Ari  
nitenan inohong mah, apan tos biasa. Saur Kang Ajip kitu cenah, saur  Kang 
Hidayat kieu cenah, pentingna basa Sunda teh. Jsb.
  
  Tah ayeuna kumaha ceuk pamanggih nu ngarora. Hehehe.
  Mangga baraya diantos pamendakna.
  
  MH
  
Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:          Kang MH,
  
Aya ku keukeuh nya he he he. Keun rek nambahan dongeng kamari...  pek bae rek 
dianggap loba teuing oge. Olab... olab... kadinyah he he he!
  
  Basa Sunda dina kaayaan nu ayeuna TEU BISA (dianggap) PENTING! 
  
  Tong reuwas da memang kitu kanyataanana! Cik... tataan widang naon bae  anu 
make BS? Pulitik, ekonomi, kaelmuan, filsafat? Kabeh make BI.
  
  Aya dua hal anu kacatet ku kuring pentingna BS teh: 
  Hiji. komunikasi internal kakulawargaan, malah ieu ge geus loba anu mengpar 
kana BI. Kulawarga pituin Sunda make BI di imahna!
  
  Dua. Kasenian saperti Tembang jeung Wayang golek. Untung... masih keneh  make 
BS! Asa aneh lalajo wayang make BI, terus Sinden na ge ngahaleuang  dina BI 
deuih... ih amit2 jabang bapa atuh! ;))
  
  Tah ngan aya dua situasi di luhur anu karekam ku kuring mah. Sok tambahan 
situasi kabasab din BS nu sejen na!
  
  Kade ulah salah harti. Kuring mah teu pisan2 anti BI! BI ge perlu  pisan... 
ngan kuring mah moal 'rela' mun BS paeh kabawa palid!  Begituh... roger...
  
  baktos,
  Rahman
  
  
  mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:     
  Baraya,
Urang neruskeun patarosan kuesioner kamari:
     
Cing numutkeun baraya sadayana, "Ari basa Sunda teh naha masih keneh penting 
atawa henteu?"
   
Hadena  mah jawabanana tong saukur "enya/henteu", "satuju/teu satuju",   tapi 
lengkepan ku ARGUMEN. Hehehe. Upama penting lebah mana  pentingna.  Upama tos 
teu penting, naon alesanana. Kaci upama make  alesan toongan  dina jihad 
pulitik, ekonomi, sosial, budaya,  agama, atawa jurutinggal  ("sudut pandang") 
naon wae. 
     
Ceuk  itungan upama urang apal kana penting henteuna basa Sunda, urang   baris 
boga titincakan nu pasti. Upama basa Sunda rek dimumule,  urang  boga alesan nu 
kuat pikeun nyiar tarekahna. Upama basa  Sunda teh rek  ditinggalkeun wae, moal 
ngarasa dosa teuing. Hehehe
     
Mangga diantos nya, ARGUMEN-na.
     
Salam,
MH
   
=======   
  PITUDUH: Pikeun jawabanana, cing ajukeun argumen panoong pribadi   
sewang-sewangan, upama basa Sunda teh penting lebah mana  pentingna.  Upama teu 
penting, oge naon alesanana.Ceuk implengan  kuring ieu jawaban  teh penting, 
pikeun nyieun titincakan, ngarah  urang boga argumen nu  kuat pikeun diri 
masing-masing, upama  hayang milu mulasara basa Sunda.  Hehehe.
   



=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
1.2 million kids a year are victims of human trafficking. Stop slavery.
http://us.click.yahoo.com/WpTY2A/izNLAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke