tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:        Kang Hasan, 
  hatur nuhun aya kuisioner kieu. sok sanajan teu ngarepresentasikeun  populasi 
US, tapi ieu tetep penting keur panalungtikan urang ngenaan  masalah basa. 
  
  1. Pentingna Basa
  mimitina, pentingna "basa" kaukur lain ku pasualan identitas, tapi keur  
relasi, ngalegakeun "pergaulan" jeung saterusna. matak dina hal ieu,  para 
pilsuf anu ngaleukeunan masalah basa, ninggali yen basa mah netral  mun 
ditinggali tina fungsi. basa teu katapelan nilei. "alus", "bener",  "hade", 
"geulis", "kasep", "goreng", "butut", jsb, teu ngagambarkeun  kanyataan inti 
basa eta, tapi MATERI anu digambarkeuna. matak  sabenerna, basa mah teu 
kaenteupan ku nanaon. estu sakabehna aya dina  diktum kasapukan antara entitas 
anu merlukeun eta basa. ringkesna, ceuk  kuring, basa penting ngan keur 
ngawangun relasi tur komunikasi. 
  
  2. Basa Salaku Identitas
  Basa jadi ciri identitas budaya hiji entitas, ngawujud nalika basa eta  geus 
jadi basa pulitik. kunaon urang jadi bangsa Indonesia anu bahasana  Indonesia 
oge, sabab basa geus asup kana ranah pulitik. basa geus lain  sakadar alat keur 
komunikasi, tapi oge alat politik boh keur rahayat,  atawa keur pamarentah. ti 
dieu, basa jadi penting diwengku ku ugeran  anu baku. basa jadi kudu aya 
aturana, sabab hal pakuat-kait jeung etika  pulitik tur budaya hiji bangsa. 
dina konteks ieu, leres kasauran Radja  Ali Haji ( anu ngarang Gurindam 12 
tea), yen "Basa Ciciren Bangsa".  mata ceuk Yusril basa anu kacau, nyincirikeun 
bangsa anu kacau. 
  
  kuring jadi inget ka Lee Kuan Yew, Perdana Menteri Singapura munggaran.  
salah satujuh inti pangwangunan SIngapura nyaeta ngajadikeun basa  Inggris 
salaku basa pulitik. milih basa inggris, hanteu Malayu atawa  China, lain 
pilihan anu gampang. Lee. waktu eta teu ngajelaskeun naon  alesan intina. 
sabada lengser, anjuen kakara ngajelaskeun naon alesana  bet basa inggris anu 
dipilih. di antarana, eta teh basa keur komunikasi  di sakuliah dunya, khususna 
keur basa ilmiah (akademik) jeung basa  bisnis. tetela pilihan Lee teu 
nguciwakeun. sok sanajan sabaraha persen  kontribusina eta basa inggris kana 
kasuksesan singapura kudu  ditalungtik deui, tapi pilihan Lee, ceuk kuring mah, 
pas. 
  
  Hartina,  basa jadi identitas budaya hiji entitas, mun aya dorongan pulitik. 
mun teu kitu, basa bakal tetep marjina. 
  
  3. Basa Sunda
  Ieu pamadegan kuring. Keur kuring, basa sunda penting salian ti  keur 
pasualan identitas, yen kuring urang sunda. tapi leuwih jero deui,  basa sunda 
teh salah sahiji alat keur neuleuman DUNYA AKADEMIK   urang sunda bareto. ti 
dinya, sabenerna urang bisa ngajelaskeun deui  siga kumaha urang kudu 
hirup-hurip jst. 
  salian ti eta, basa sunda penting ku sabab masih aya keneh entitas anu  make. 
jeung kuring, sacara emosional, masih ngarasa perlu gaul jeung  entitas eta 
make basa ibu, nyaeta basa Sunda. 
  
  4. Basa Sunda, Basa Pulitik Urang Sunda
  ngan sok sanajan kitu, kuring boga pamadegan yen basa teu bisa  
terus-terusana ulukutek dina alam romantis. urang tetep kudu realistik  
ninggali kahareup, kudu aya gerakan pulitik dina hal make basa. basa  sunda, 
bisa tetep eksis, ceuk kuring, lain ngan ku gerakan kabudayaan,  tapi justru 
kudu ku gerakan pulitik. matak anu kudu diwangun nyaeta,  gerakan pulitik siga 
kumaha anu kudu dilakukeun, eta kudu terus  didiskusikeun ku urang
  
  cag
  
  baktos
  
  tantan
          

    Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
    

                    
        
---------------------------------
    YAHOO! GROUPS LINKS  
  
      
    Visit your group "urangsunda" on the web.
     
    To unsubscribe from this group, send an email to:
 [EMAIL PROTECTED]
     
    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.  
  
      
---------------------------------
  
  
          



=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke