Baraya sadaya, Sigana bulan desember keur pagawe pamarentahan mah payus upama disebut bulan pakepuk. Sabenerna lain keur pagawe pamarentahan wae, sabab boh swasta atawa LSM oge loba anu kagiatanan ngigelan atawa ngigel dina program-program pamarentah. Kukituna, bulan desember teh bisa jadi bulan pakepuk keur sarerea. Anapon anu jadi bahan pakepuk rupa-rupa. Ti mimiti laporan-laporan, pamariksaan ti pengawas, ngarengsekeun pagawean, jst. Katambah deui, bulan desember ayeuna pas jeung waktuna anu bade jaroh ka tanah suci. Nya munasabah lamun seueur dulur urang anu kacida pakepukna dina bulan desember ieu teh nepi ka arang nganjang ka milist. Hal ieu teh kaalaman pisan ku sorangan.
Mangsa akhir ngulampreng tumaninah ka milist teh mun teu salah minggu kadua bulan desember 2005. Laju pleng wae ti harita nepi ka akhir desember ieu karek aya waktu rineh. Tanggal 18-19 Desember 2005 kaparengkeun si kuring kudu ka Yogyakarta nungkulan rapat koordinasi laporan akuntabilitasn instansi pamarentah satingkat dirjen. Alhamdulillah, pagawean di kantor ngeunaan eta jejer jadi conto keur instansi lain. Balik ti Yogya, ngan sapoe reureuh, biur deui ka Ciamis, ngalongok pun biang. Acara maneuh ari ngalongok pun biang mah, bubuhan geus jadi kawajiban si kuring putrana anu padumukanana pang caketna ka palinggihan anjeunna di Ciamis. Mulang ti Yogyakarta-Ciamis, kasampak internet di kantor gering, antenena kabentar gelap. Jeung deui, sanajan internet normal, di kantor geus nyampak dua pagawean badag anu merlukeun perhatian khusus. Anu dua teh nyaeta: Kahiji, nyusun perencanaan stratejik (visi, misi, dugi ka kagiatan) Unit anyar di lingkungan dirjen kantor (aya reorganisasi anu engkena kantor si kuring ayeuna robah tina direktorat tata lingkungan geologi jeung kawasan pertambangan jadi pusat lingkungan geologi, tah si kuring kabagean nyusun perencanaan stratejik eta pusat). Kadua, nyusun perencanaan jangka menengah (2007-2008) Unit anyar tadi pikeun asupan program di lingkungan departemen. Lumayan, matak bujur monyeteun nungkulan pagwean teh. Sok sanajan kitu, alhamdulillah, ayeuna mah tos rada rineh. Poe rebo minggu anu karek liwat kaparengkeun si kuring bisa milu nungkulan pajemuhan tim anu bade nyerat buku "napak tilas kisunda". Ieu buku teh garapanana Disbudpar, minangka lajuninglaku pajemuhan ngeunaan jejer sarupa di Bogor sawatara bulan ka tukang. Garapan "napak tilas kisunda" teh disawang tina akademis mah keuna kana garapan jejer sajarah kabudayaan (Sunda). Dina pajemuhan, kempel para budayawan sareng sajarawan Sunda, diantawisna: Kang Saini KM, Ceu Nina Lubis, Kang Yus Ruslan, jsb (abah Surya oge kedahna hadir, namung aya pamengan jalaran ngaluuhan riuangan jejer anu sami di tingkat Nasional di Jakarta). Dina eta pajemuhan, karasa aya 2 wanda heabna kahayang: 1) heabna anu hayang nulis sajarah kabudayaan Sunda dina wanda akademis (anu ceuk salah saurang dulur urang mah kana baris "garing" sabab eusina ukur taun jeung tanggal, ceuk kasarna mah); 2) heabna ti anu aya kahayang nulis sajarah kabudayaan dumasar ajen-inajen poko jeung naon manfaatna keur jaman kiwari. Duka teuing, naha si kuring rek terus aya di tim eta atawa moal, kumaha geletuk batuna, kecebur caina wae. Anu jelas, si kuring lamun ditalek rada condong kana heab anu kadua. Poe-poe akhir minggu kamari si kuring laju ka Jakarta jeung Bogor. Di Jakarta nepungan sababaraha dulur KUSnet Jakarta anu pakait jeung digitalisasi pustaka Sunda. Di Bogor marengan KUSnet Bogor pikeun madungdengkeun gawe bareng jeung Megaswara TV, tv-na urang Bogor. Kapayun saugan pareng jeung katanagaan, mangga urang pedar, naon wae rarancang garapan hasil pajemuhan teh. Pangapunten ka dulur-dulur di Itenas, undangan acara kabudayaan anu hade kacida di Itenas tos teu katanagaan (ngan nepi ka ngirim sms ka MJ, nyuhunkeun dihapunten teu tiasa nungkulan oge pangdugikeun hapuntenna ka panitia). Nalika rada rineh ieu pareng aya waktu mukaan milist, kacida bungahna. Bungah ku hiji ku dua, majengna kamekaran guaran-guaran di milist. Orokaya, waktu jeung tanaga keur meujeuhna langlayeuseun kacapean teuing. Jejer-jejer anu sararae di milist anu aya kana 2 mingguna teu diimeutan teh bati dibacaan saliwatan-saliwatan wae. Sok sanajan kitu, Insya Alloh kahareup pareng aya waktu milu aub boh mairan atawa posting jejer-jejer anu sawanda. Mangga urang neraskeun jejer-jejer guaran di milist, pamugi urang salawasna dipaparinan kakiatan. manAR [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
