Syukur alhamdulillah pami nembe sauukur niat oge, nyirikeun yen pamarentah oge 
aya kahoyong. Memang dalah dikumaha oge pangwangunan naon bae oge kudu aya 
political will ti pamarentah. 
  Kabijakan2 pamarentah gede pisan pangaruhna. 
   
  Seratan kang Rahmat Rawyani :
  Sabda maca postingan kang Maman di handap, kuring jadi
mikir, geuning mani hese pisan hiji ide bisa
direalisir.
   
  Seueur penyebabna mah kang, tiasa ti internal atanapi ti eksternal. Ah ieu 
mah mangga kaji wae. Salawiosna tina kabijakan pamarentah anu teu/ngirang 
ngadukung. Sanes urang teras2an nyalahkeun pamarentah, mung geuningan 
kabuktosanana sapertos kitu. 
  Wengi dikosan sempet ngobrol sareng para dosen anu nuju nyuprih elmu di IPB 
perkawis perhatosan pamarentah kana widang panalungtikan. Simkuring naros ka 
anjeuna, kunaon margina widang panalungtikan di urang mah kirang perhatosanana 
ti pamarentah? Waleranana nyaeta, pamarentah minim pisan perhatosanana kana hal 
ieu. Ku kuring ditaros deui, kunaon tiasa kitu ? Saurna, mental para aparat 
pamarentah korup, dll. Ieu saluyu sareng pamadegan kang Maulana Yadiman - milis 
Tasik (Salah sahijina, tina sikep mental (oknum) aparat nu malah ngajadikeun 
kahayang jang ngamajukeun masyarakat ngaliwatan internet, ngan kur sakadar jadi 
proyek nu teu jelas tur jadi ladang KKN tea.)
   
  Saupami ieu kagiatan/program nyaeta program ngamasyarakatkeun widang IT dina 
hal ieu internet di tatar sunda tiasa kalaksanakeun, ieu ngagaduhan posisi 
strategis dina enggoning ningkatkeun IPM di Jabar. 
   
  Pami ningal tina sarana infrastruktur duka tah ayeuna tos dugi kamana 
perkembangan nana di Jawa Barat teh. Tah baraya anu kalebet kana infrastruktur 
teh naon wae sih ? Naon wae anu kedah dibangun teh ?
   
  Cag, sakitu bae heula, dina pipikiran mah tadi asa seueur keneh anu bade 
diserat, mung ngadadak hilap, he...he..ke deui we....
   
  Intina pami ieu gagasan tiasa kalaksanakeun, tangtos bakal mangaruhan kana 
sistem pola pikir masyarakat, mawa mangaruhan kana paekonomian masyarakat, 
sareng anu sanesna.
  
E_Ruska_Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
  Pamarentah urang ari niat mah aya jang ngamajukeun
dunya IT tapi sigana mah can maksimal meureun eta oge
tapi ari kamari ngaos di majalah SDA-ASIA cenah mah
pamarentah urang geus boga target sampe ka 2015 rek
"mengentaskan (bener kitu nulisna) kemiskinan dina
widang tehnologi informasi (internet) ceuk dina
majalah eta oge.

Ari nu karasa ku kuring mah enya akses internet
diurang teh mahal tapi padahal lamun nurutan konsep
RT/RW Net tea sigana mah bisa murahnnya da mayar
babarengan mung duka ieu Infrastruktur diurang sigana
can siap meureun eta oge......eta deui kamari ngaos
dina koran aya kasus cenah dibandung ku oknum-oknum
terkait ngamanipulasi tagihan salah sahijina akses
internet tapi geus dikurungan cenah mah he he....siga
hayam wae dikuringannnya.
Dugi ka kitunya eta batur neangan duit he he.....

Geus ah sakitu bisi loba salahna.

@ERN

--- Cep_Runa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

__________________________________________________
Apakah Anda Yahoo!?
Lelah menerima spam?  Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam  
http://id.mail.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page
http://us.click.yahoo.com/dpRU5A/wUILAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke