--- In [email protected], Kang Maman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> nu jadi pasualan nu kumaha atuh SORA SUNDA teh ???
> Geus buled acan, atanapi ngan hawar hawar wungkul
> ayana???
>
> Salam
> mz
>
Sora Sunda? Muhun, nya, Kang. Nu kumaha sora Sunda teh?
Nanging, sateuacan dugi ka dinya, widian sim kuring kangge
ngomentaran pamendak Kang Rayni.
Leres, Kang Rayni. Dina seuhseuhannanna mah, saheulaanan paling
heunteu, nya ku ngamangpaatkeun partey nasional nu aya ayeuna.
Langkung praktis. Komo, keur urang anu awam, nu sanes politisi
atanapi minim pangalaman dina perkawis ieu. Eta bae, ningali hiji
sepuh nu hoyong ngadamel partai Sunda siga kitu teh, tos bade kana
tujuh taunna, katingalna teh masih keneh jalan di tempat.
Strategi anjeunna, sateuacan ngadamel partey, bade ngadegkeun heula
ormas. Nanging, dugi ka wangkid kiwari, sakaterang, eta ormas teh
nembe ka buku proposal. Teu kabeayaan. Artos anjeunna mung cekap
kanggo nyitak buku proposal tadi. Padahal, anjeunna sanes jalmi nu
bolostrong ku pangalaman popolitikan siga urang (baca: sim kuring).
Lian ti kantos janten salah sahiji pupuhu AMS teh, anjeunna oge lami
di DPR. Upami teu lepat mah aya kana 3 periodena. Ngawakilan Golkar.
Hartosna, ceuk pipikiran urang, asa piraku inohong pantar anjeunna
teu iasa ngayakinkeun jalmi sanesna kanggo ngadegkeun ormas siga
kitu. Kalabet ngayakinkeun jalmi-jalmi nu garaduheun artos sangkan
kersa ngiring ngabeayaan eta "proyek". Nanging, pangalaman sareng
kapercekaan anjeunna teh meh taya tapakna. Padahal, lian ti
pangalaman tadi, platform sareng program-program eta (calon) ormas
atanapi partey teh matak pikauruyeun.
Ku emutan sim kuring, hal ieu aya pakaitna sareng sikap "emoh partey"
nu sok ngagebleg sareng "emoh politik" di masarakat urang. Malah,
pan, ku alatan politik massa mengambang atanapi politik "mayoritas
tunggal", oge kalakuan naon nu disebat partey tea, masarakat urang
mah siga nu ijid kana politik teh. Ongkoh, saur pun MJ mah, urang
Sunda teh moralna luhung pisan (atawa luhung teuing?). Ari politik
tea, pan sok loba ekolna, nu seseringna teu sapagodos jeung moral.
Ieu sanes bae tiasa kauninga dina seueurna golput mangsa pemilu
kamari, sanaos sim kuring teu apal sabaraha persisna di Jawa Barat
sareng Banten, nu mayoritas wargana nya urang Sunda tea. Tapi, oge
tiasa kaaos tina sikep (sawatara) inohong Sunda, nu kantos kakolongan
atanapi kabaca pamendakna ku sim kuring.
Sawatara waktos ka pengker, sim kuring, sareng sawatara batur, hoyong
ngayakeun gempungan naon nu disebat masarakat/komunitas adat, nu
diasumsikeun salaku representasi Sunda nu (masih) otentik. Gempungan,
nu satadina bade ngainventarisir pasoalan-pasoalan atanapi nu
dianggap pasoalan ku naon nu disebat masarakat adat, teh teu cios.
Alatannana, pedah dina proposal disabit-sabit perkawis politik. Da
leres, dina eta proposal disebatkeun ayana sesi nu ngabahas perkawis
politik. Nu intina mah, kumaha kinten-kintenna strategi politik
masarakat adat sangkan kapentingan aranjeunna katedunan.
Padahal, tadina, eta hasil gempungan teh bade diajengkeun ka panitia
Seren Taun Cigugur, ritual nu ku emutan sim kuring saparakanca
pangrempegna, nu sok direumbeuyan ku pasamoan masarakat adat. Manawi
kaangge janten agenda dina pasamoan-pasamoan adat nu aya di Cigugur
tadi. Nanging, sawatara inohong adat nu dikolongan, katingalna masih
keneh "sieun" -- malah ceuceub pisan -- ku kokocapan politik
eta. "Pulitik, nipu kanu leutik," kitu kasauran salah sahiji sepuh,
ngebrehkeun kaceuceubna.
Nipu ka nu leutik. Nyaeta pisan, katingalna, nu nempel di masarakat
urang. Balukarna, nya urang janten ngajauhan naon nu disebat politik
eta. Jajauheun kana nyieun partey sorangan, keur jadi aktivis atawa
simpatisannana ge aralimeun. Antukna, nya partey-partey teh (umumna)
dieusian ku pareman jeung elit-elit avonturir tea.
Kukituna, sae pisan jargon nu diangge ku Abah Iwan (Abdulrachman,
mantan anggota Bimbo), waktos anjeunna ngiring janten pamilon pilihan
Walikota Bandung sawatara waktos ka pengker. "Abdi mah lain rek maen
pulitik. Tapi, politik. Nempo ka nu leutik," saur anjeunna, dina
sawatara pasamoan. Hanjakal, eta jargon teh teu didukung ku "Tim
Sukses" nu perceka. Prak-prakan kampanyena teu luyu jeung jargon
tadi. Nu diarajak ngawangkong teh elit deui, elit deui. Tetebiheun ka
jalma leutik. Ongkoh, deui-deui kabentur ku soal beaya. Lian ti ku
aturan atanapi sistem harita: Masih mercayakeun ka wawakil rahayat di
DPRD.
Sikep a-politik kitu oge nu katingal di umumna gerakan-gerakan ka-
Sunda-an nu pating pecenghul saatos narekabna hawa reformasi, otonomi
daerah, oge KIBS. Cobi bae titenan ku urang: Umumna, organisasi-
organisasi eta, pasti udagannana sarupaning "ngamumule budaya jeung
basa Sunda". Teu aya, asana, nu togmol bade ngusahakeun
(memperjuangkeun) syiar Sunda di kancah nasional. Komo di dunya
global mah. Gema Jabar (Gerakan Masyarakat Jawa Barat),
organisasi "ka-Sunda-an" nu pinuh ku konglomerat Jawa Barat, oge
nyalingker ku ngagedekeun pelatihan atanapi pendidikan.
Kaayaan siga kitu, "ngamumule budaya jeung basa", oge katingali di
kusnet (milis-milis ka-Sunda-an). Sanes bae dina posting-posting nu
aya. Tapi, oge pidato-pidato resmi inohong atanapi pupuhu-pupuhuna.
Kamari, waktos HBHÂ Kusnet di Cipanas, dipayuneun kamera Megaswara TV,
TVna Urang Bogor, Cikeas, Jasinga, Sentul, Cijayanti, Jonggol,
Ciseeng, Pasir Angin, jeung sajabana; Ua Sas, sesepuh Kusnet, oge
nyarios kitu: "Ngamumule basa jeung budaya Sunda," saur anjeunna,
waktos ditaros ngeunaan udagan Kusnet.
Siga Gema Jabar nu ngagedekeun diklat, program "ngamumule budaya
jeung basa" eta tangtos bae teu lepat. Nanging, numutkeun sim kuring,
babasaan eta teu nambah kasadaran politik bangsa urang. Komo upami
umumna organisasi idek liher di dinya, nu sakapeung ti kelebuh kana
sarupaning seremonial atanapi artifisial mah: Cekap ku ngadamel
rombongan degung, ngangge bendo upami sakalina sumping ka hiji
pasamoan atanapi kariaan, atanapi -- siga nu katingal di Pemkab
Subang -- miwarang kumna padamel ngarangge gawe sontog sareng
kampret hideung tiap dintenKemis.
Sareng deui, di urang, nu aranna "budaya" teh sok dihartoskeun sempit
janten ngan "saukur" seni sareng basa. Sanaos leres eta janten
jajantung hiji bangsa atanapi komunitas, tapi pan budaya oge pasti
patarema sareng aspek kahirupan lianna. Kalebet, politik (kakuasaan)
sareng ekonomi (karaharjaan). Malah, teu arang, nya dua hal eta nu
maehan jeung ngahirupkeun hiji budaya (kalebet basana).
Har, geuning tos ngagebay, nya? Atos heula, ah. Perkawis sora Sunda
mah keun engke heula. Ayeuna mah mangga giliran nu sanes. Hususon
kanggo Kang Nana: Tong asa kagebah ku pangacaprukan sim kuring. Saha
nu terang, pamendak salira anu langkung leres. Mangga, Kang...
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/