Haturan Kang MJ

Ieu aya asa-usul Vernakular kaitana jeung elmu wangunan, abad 17  
masehi , asalna ti Latin "vernaculus" hartosna "domestik / lokal",  
"asli kadaerahan / kasukuan".

Ari  dina  wujud wangunan metakeun  kagunaan jeung sifat-sifat  
lokalna, sanes jentul wangunan jiga monumen.
Conto-conto kasundataan hiji imah ngandelkeun sifat fungsi kasundaan:
Dina bahan tina bilik / hinis, panto rasamala jeung jandela aya  
ngaran "jalusi" keur tujuan pentilasi.
Kitu oge hateup tina hiris, atanapi tina daun kalapa upami imahna  
caket ti tangkal kalapa.
Bahan anu teuras tina batu sareng pasir ciliwung.

Lamun tina wujd imah aya kolong gunana keur ngingon embe, itik, meri,  
marmot, hayam.
Lamun pakarangan  keur ngebon hasilna aya tatangkalan  tomat, bawang  
daun jeung sajabana jiga dapur hirup
jadi teu kedah meser ka warung.
Oge upami aya balong halamanana cocok pisan keur miara lauk: lele,  
gurame, lauk emas, sepat siem udang meuereun.

Tah sakitu wae

yan
nyc


ORIGIN early 17th cent.: from Latin vernaculus ‘domestic,  
native’ (from verna ‘home-born slave’ ) + -ar 1 .
On Jan 31, 2006, at 10:50 PM, mj wrote:

>
> istilah Vernakular duka teuing timana asalna. harti ilaharna mah,  
> kirata we,
> cara jelema barangjieun make matrial nu aya disabudeureunana, oge teu
> kasebut saha2na nu nyieun (arsitek atawa desainerna), hartina aya nu
> nyieunna  mah, ngan teu jentre. atawa mun hiji wangunan, teu puguh  
> saha
> arsitekna, da dijieun teh estuning nurutuan nu geus ilahar,nu geus  
> biasa
> dijarieun, boh dina rupana oge matrialna.
>
> pangna kitu, di urang, hiji wangunan atawa barang bisa kasebut teu
> dirancang ku ngan ku hiji jelema. atawa mun aya hiji jelema nyieun  
> hiji
> barang, siga karajinan tina awi di rajapolah, tatanggana oge nyarieun.
> jeung teu matak masalah siga di negeri deungeun nu katalian ku hak  
> cipta
> tea. karya di urang sipatna milik balarea, jadi make adat kulon ayeuna
> rada riweuh. da can biasa di urang hiji karya dimiliki eksklusif kunu
> nyieuna.
>
> nya mun noong imah sunda, make cara vernakular, tangtuna lumpatna kana
> matrial nu biasa dipake. kayaning awi, kai jeung barayana. eta kitu  
> soteh
> nunjuk ka imah model baheula nu dijieun ku karuhun urang. teknologi
> kenteng van jatiwangi meureun harita can aya, beh dieu, dina ayana  
> jauh
> jeung  teu kabeuli. jadi sanajan teknologi anyar geus aya, urang masih
> keneh bisa manggih imah vernakular nu make hateup/atap tina injuk  
> jeung
> sajabana.
>
> kitu deui parabot imah sejena, utamana parabot dapur nu loba make  
> bahan
> tina awi,jeung parabot tengah imah atawa rohangan sejena nu make  
> pandan
> pikeun samak atawa kai pieun lomari.
>
> perkara dapur, sanajan teknologi geus ngaganti suluh, nya ayana kompor
> jadi make minyak tanah atawa make gas, parabot sejena masih bisa  
> make nu
> dijarieun model vernakular tea. siga wadah/tatakan piring atawa  
> piringna
> sakalian, bisa ku anyaman awi tea.
>
> imah jeung parabot model kieu ayeuna karasa ahengna jeung jadi  
> unik, payu
> pikeun hotel resort (hotel paranti piknik) oge rumah makan nu has menu
> sunda. sabab -soal imah- geus lila oge urang make vernakular cara  
> anyar,
> eta make tembok bata jeung kenteng tea. make apu ayeuna make semen.  
> jadi
> salian piknik teh urang oge nganjang ka baheula. kitu deui mun  
> urang dahar
> make piring mah geus biasa, mun make parabot tina anyaman awi, komo  
> jeung
> menu sunda nu geus lawas, matak pedo.
>
> imah model vernakular sunda kitu payu, sabab kalolobana turis atawa  
> urang
> sorangan oge, resep neangan ciri nu  has atawa otentik ti hiji
> tempat,kaasup parabot jeung model imah.
>
> kahayang mah, dina raraga micinta produk budaya dulur sorangan,  
> tonk he
> love ari ngalangkung ka rajapolah, balanja barang2 has wewengkon  
> dinya.
> kitu deui  mun ka plered atawa padalarang, peseran barang2  
> karajinan urang
> dinya. dikoleksi di imah sewang2an jadi mere suasana sunda. sabab  
> produk2
> budaya eta bisa mere ciri has budaya urang. eta kabeh bisa kasebut  
> desain
> vernakular. di padalarang aya cabe beureum badag pisan, kohkol eta mah
> lain pikeun nyambel eta mah. hehe.
>
>
> mj
>
> http://geocities.com/mangjamal
>
>
>
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai  
> sanksi berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk  
> selalu mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke