Baraya,  karuhun urang teh geuning karunyaeun ka US, tah geuning  
ayeunamah
tos aya metoda nu gaib teu kedah dirusiahkeun keur nulungan US, keur  
naon atuh
disusulumputkeun eta metoda naha lain di amalkeun ka baraya anu  
hayang terang
eta elmu karuhun, da urang teh erek mulih ka jati mulang ka asal.

Ku kuring di guratan ieu seratan Mr Rido sareng Kang Ilen
Carana / metodana jentrekeun atuh Kang, punten ah seueur tomaros.

shalat istisqo......., sareng nyarang hujan mah asa teu aya metoda na  
(?).
________________________________________
taon 2007 bakal aya kajadian anu ageung..
ka hiji: urang sunda bakal naek,jaya

kadua: loba deui jalma nu neangan harta karun .. tapi
ngan meunang sacara hakekat..nyaeta harta
karuhun.nyaeta meunang elmu ti leluhur..
__________________________________________

Dina metakeun metoda masih acan kaharti jentrena jeung hasilna ngan
sa ukur ningali hasilna, sami wae urang lalajo pilem mayar karcis tapi
teu terang proses nyien eta carita pilem. Lamun dina silat mah ningali
pendekar ngapung / ngaleungit tapi tara ngajarkeun elmuna ka muridna.
Muridna ngan bisa sa ukur lalajo eta pendekar ngaleungit dinu caang.

Ieu aya conto metoda anu euweuh rusiah di data dokumen tantara Amerika
keur merangan  Vietnam teu kudu make misil, boom, jeung ala teknologi  
canggih,
tapi make hujan ameh sa kota kabanjiran lilana bulanan.

Kieu geura carana / metodana:
1. Tingali awan di langit lokasina pas luhureun kota Vietnam
2. Siapkeun alat angkut  udara
3. Siapkeun bahan kimia mangrupa uyah sareng nu sanesna
4. Pasawat keur ngangkut uyah di semprotkeun ti luhur awan ngango alat
      pompa semprot keur uyah,  atawa tembakeun gumpalan uyah di  
luhur gumpalan awan.
5. Tah produkna hujan, teras wae banjir.
6. Hasilna teu jadi perang manusa jeung manusa silih bedil,
7. Hasilna ngaruntuhkeun integrasi sagala sektor perkotaan, ekonomi  
jeung sajabana

Ka hayang kuring US teh upami gaduh elmu ti karuhun cara medarkeuna
jiga conto  nu di luhur ameh US bisa mararaju palalinter.
Nu kedah di ulik ku US bisa heunteu narima elmu luluhur karuhun US,
aya naon atuh ...ma enya kudu dirusiahkeun  eta elmu teh keur US, komo
deui keur kamajeungan urang sararea sa Sunda akur baraya.
Kumaha yeuh upami aya US neangan keur gawe / komo deui jaman ayeunamah
masih hese keur kabutuhan  ngebulna dapur,  aya rusiah rusiahan  
heunteu...?

cag
yan
www.silatpdusa.com


On Feb 6, 2006, at 3:01 AM, ilen kardani wrote:

> Baraya,
>
> Haneut keneh pisan sim kuring ngalaman dua kali kaluhungan sunda
> diterapkeun kana nyarang hujan. Hatur uninga wae, di urang mah aya  
> elmu
> kanggo nyarang hujan, aya oge elmu kanggo nurunkeun  
> hujan........kumaha
> prak-prakanana eta mah rusiah tukang sulap...moal dibejakeun.
>
> 1. Waktos acara seren taun anu lamina 5 dinten (18-22 Januari), teu  
> turun
> hujan sakeclak-keclak acan, padahal di lembur sejen mah harita teh  
> nuju
> hujan unggal dinten....na ari tos beres acarana ping 22....sonten  
> na turun
> hujan ngagebret pisan siga meunang nyicikeun. Bukti yen kaluhungan  
> sunda
> dipake, sanes ukur kabeneran ku usum, tapi kabeneran ditedunan  
> pamaksudan
> ku Nu Maha Ngersakeun.
>
> 2. Minggon kamari pisan ping 31 Januari, sim kuring nanggap wayang  
> golek
> seja nyambut taun baru sunda....Anu ceuk ramalan cuaca mah bandung teh
> bakal diguyur ku hujan, komo deui ngepas pisan sareng imlek anu  
> biasana mah
> urang Cina ngarepkeun diguyur ku hujan. Mung diparengkeun Ku Nu  
> Ngersakeun,
> pamenta sangkan hujan teu turun dina poe harita ditedunan ku
> Anjeuna....atuh acara wayang golek teh tiasa lumangsung tur pinuh  
> ku nu
> nongton nepi ka rengsena........
>
> Kabayang lamun dina eta dua acara hujan ngagebret, tangtu moal aya nu
> daratang da embungeun kajibrugan.....
>
> Pami carios ngadatangkeun hujan, kantos hiji waktos aya manager pabrik
> ngumaha ka salah sawios sepuh.....dupi nu janten bangbaluh nyaeta dina
> waktu eta pisan pabrikna nuju di serang ku demonstran...Saur eta  
> sepuh "
> Keun urang kirim hujan ti dieu ngarah nu demo bubar".......teu  
> kungsi sa
> jam ti harita turun hujan silantang di eta wewengkon, antukna nu  
> daremo teh
> bubar saharita.
>
> Saleresna di ajaran islam oge aya anu disebat shalat istisqo,  
> nyaeta kanggo
> neneda ka Nu Kagungan sangkan nurunkeun hujan...Mung pami dina palebah
> nyarang hujan mah asa teu aya metoda na (?).
>
> Baktos,
>
> ilen kardani
>
>
>
>
> At 01:37 PM 2/6/2006, you wrote:
>> Baraya,
>>
>> Dua poe ka tukang si kuring narima sms ti salah saurang sepuh di  
>> Bandung,
>> unina kieu: "Menurut ramalan cuaca/meteorologi di Bandung 1 feb   
>> akan hujan
>> lebat & baai, nyatana HENTEU, ciciren ELMU SUNDA leuwih unggul,  
>> disarang ku
>> SARINGAN bisa raat".
>>
>> Sajongjongan saba'da maca eta sms si kuring. Jorojoy aya  
>> sababaraha pananya
>> jero hate, diantarana:
>>
>> 1) Naha enya aya keneh elmu Sunda samodel nyaring hujan sangkan  
>> teu jadi?
>> Lamun aya keneh, siga kumaha metodelogina?
>> 2) Naha enya eta elmu anu boga epistimologi beda jeung elmu  
>> sakolaan teh
>> leuwih unggul tinimbang elmu sakolaan (aplikasina dina soal hujan/  
>> angin
>> puyuh di pamarentahan aya di BMG)?
>> 3) Naha aya ku wanian eta sepuh ngaku2 elmu Sunda leuwih onjoy,  
>> naha enya?
>> atawa eta mah kabeneran wae? (sakapeung rada ngaenyakeun oge sabab
>> sababaraha waktu ka tukang aya kajadian anu rada sarua, waktu  
>> ribut2 perkara
>> Gn. Papandayan arek bitu (deui) anu leuwih gede, tapi teu tulus  
>> (pakait eta
>> kajadian, salah saurang ajengan di Garut ngaharewos....salila aya  
>> "anta
>> fiihi", Insya Alloh moal kajadian bancangpakewuh teh, tah ayeuna  
>> mah teangan
>> wae, saha-saha jeung dimana wae dumukna sang "anta" teh)
>>
>> Cag heula, ayeuna mah mangga diantos pamairan ti baraya sadaya,  
>> ngomentaran
>> perkara bancangpakewuh (bencana alam) disawang tina elmu naon wae.  
>> Diantos.
>>
>> baktos,
>> manAR
>>
>>
>> [Non-text portions of this message have been removed]
>>
>>
>>
>> PENTING..!
>>
>> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>>
>> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
>> berupa pencabutan membership.
>>
>> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk  
>> selalu
>> mengupdate antivirusnya.
>>
>> Yahoo! Groups Links
>>
>>
>>
>>
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai  
> sanksi berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk  
> selalu mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke