teh nenny,
   
  saha tah kakasihna atanapi jenenganna emang teh neny teh, di cimaungna 
atanapi pasir huni bumina teh?
   
   
  hatur nuhun,
  s4d3w4
  

nenny yunus <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  Sampurasun...
   
  Kang, puguh aneh tapi nyata tehmasih seueur di tatar sunda teh geura hiji 
carita anu ku abdi kaalaman pakuat pakait sareng "Ramalan Cuaca di alam tatar 
Sunda " ping 9 pebruari 06 kamari.
  ceuk radio oge ceuk tetempoan jam dalapan enjing-enjing teh cimahi alum 
pihujaneun, der  kapilanceuk ngajak silaturahmi ka pun paman di banjaran.
   
  harita hoream kacida da kedah nyupiran ( maklum can kantos nyupiran mobil ka 
banjaranmah tebih),
  alesan rek hujan wae, abdi hoream angkat ka banjaran, naha da ari garing 
tikoro mapatkeun pelet hoream, kring teh telepon ti pun paman, moal kahujanan 
alo anjeunmah geura buru rek disinggray hujanna cenah, enggal kadieu, kitu 
wartana dina kirining teh.
  Percaya teu percaya, lahaola sajah si ambu teh, bring muru garasi mobil, ari 
nyampak supir tah keur manaskeun mobil, atuh jampe hoream teh saat harita keneh 
deerr kami muru banjaran.
   
  Ramalan cuaca, disingrai ku kasundaan enya wae da ari nepi karak wae hujan 
turun di buruan bumi pun paman, sagede-gede kalapa kenging marud,
  Salami dijalanmah muhun " Udara Cerah "....... Panasaran ngurilingan kota 
bandung  bada ti Banjaran enya wae hujan, cicadas, kopo, padalarang, komo 
gasibumah anu nuju HPN ning nya, ngucur ti langit, ngan aneh tapi nyata dina 
mobil disarengan ku pun paman luhur mobil mah garing alias...... mangga bade 
percanten bade henteu... salami jalan-jalan mobil anu ku abdi ditumpangan mah 
teu kahujanan ageung.... tah hag siah...eta kitu bukti hujan disarang teh, ka 
teuing ach, Metologina mah kang oman, akang anu apal masalah KI hujan mah 
,kuring teu wani tataros ka pun paman anu yuswana tos 84 taun gigireun..... 
kitu tah baraya.
   
  Bilih panasaran mangga wae bujeng anjeuna di bumina di banjaran handapeun 
gunung Puntang, 
   
  tos ach...
   
  baktos
  Teh nenny

oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  Baraya,

Dua poe ka tukang si kuring narima sms ti salah saurang sepuh di Bandung,
unina kieu: "Menurut ramalan cuaca/meteorologi di Bandung 1 feb akan hujan
lebat & baai, nyatana HENTEU, ciciren ELMU SUNDA leuwih unggul, disarang ku
SARINGAN bisa raat".

Sajongjongan saba'da maca eta sms si kuring. Jorojoy aya sababaraha pananya
jero hate, diantarana:

1) Naha enya aya keneh elmu Sunda samodel nyaring hujan sangkan teu jadi?
Lamun aya keneh, siga kumaha metodelogina?
2) Naha enya eta elmu anu boga epistimologi beda jeung elmu sakolaan teh
leuwih unggul tinimbang elmu sakolaan (aplikasina dina soal hujan/ angin
puyuh di pamarentahan aya di BMG)?
3) Naha aya ku wanian eta sepuh ngaku2 elmu Sunda leuwih onjoy, naha enya?
atawa eta mah kabeneran wae? (sakapeung rada ngaenyakeun oge sabab
sababaraha waktu ka tukang aya kajadian anu rada sarua, waktu ribut2 perkara
Gn. Papandayan arek bitu (deui) anu leuwih gede, tapi teu tulus (pakait eta
kajadian, salah saurang ajengan di Garut ngaharewos....salila aya "anta
fiihi", Insya Alloh moal kajadian bancangpakewuh teh, tah ayeuna mah teangan
wae, saha-saha jeung dimana wae dumukna sang "anta" teh)

Cag heula, ayeuna mah mangga diantos pamairan ti baraya sadaya, ngomentaran
perkara bancangpakewuh (bencana alam) disawang tina elmu naon wae. Diantos.

baktos,
manAR


[
            
---------------------------------
Yahoo! Autos. Looking for a sweet ride? Get pricing, reviews, & more on new and 
used cars.

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.




  SPONSORED LINKS 
        Culture   Bahasa indonesia 
    
---------------------------------
  YAHOO! GROUPS LINKS 

    
    Visit your group "kisunda" on the web.
    
    To unsubscribe from this group, send an email to:
 [EMAIL PROTECTED]
    
    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 

    
---------------------------------
  



Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke