Inna lillahi wa inna ilahi rojiun. Pamugi pangersa Ramadhan KH mulih ka jati mulang ka asalna aya dina rido Pangeran, Gusti Alloh anu murbeng alam, kalayan ditampi iman islamna. Atuh ka kulawargi anu dikantunkeunana pamugi aya dina sabar tawakal nampi ieu cocoba.
Inget keneh, poe Saptu kamari basa aya gempungan ngeunaan citra divisi (kodam) Siliwangi di Gedong Sate, abah Olot anu calik gigireun nyarios kl kieu: "Lamun bisa hayang komunikasi jeung Kang Ramadhan (alm), rek nepikeun informasi ngeunaan bajoangna div Siliwangi, yen anu sabenerna, teu salilana meunang peperangan divisi Siliwangi teh, khususna di Riau". Anu dicaritakeun ku Abah Olot teh ngeunaan peperangan antara divisi Siliwangi ngalawan Walanda di Riau. Harita pimpinan ti divisi Siliwangi teh Jendral Akil Padmanegara, urang Garut (di jaman kamerdekaan, Kang Akil, kitu Abah Olot nyebatna, kungsi jadi gubernur Riau). Abah Olot sigana rek ngingetan jembarna ka saha bae, yen dina nulis sajarah kudu saujratna, nu hideung kudu ditulis hideung, anu beureum kudu ditulis beureum. Kamari, basa tepung deui jeung abah Olot, waktu narima beja yen Pa Ramadhan KH tos ngantunkeun, ngan bati ngalimba bari ngado'a. Pamugi anjeunna ditampi iman Islamna, kenging ni'mat kubur. Amin. baktos, manAR On 3/20/06, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kuring kungsi maca bukuna Ramadhan KH, biographina Bu Inggit. Eta > buku teh tepi ka kucel da dibaca sababaraha balikan. Bakating ku > reueus ka Bu Inggit pacampur jeung rada keuheul ku nasib bu Inggit. > Hanjelu ngan sadar ieu teh biographi alias carita sabenerna lain > dongeng Pangeran jeung Putri dina carita Hans Andersen. > > Ramadhan KH di awal G30 S/PKI kungsi ditewak sareng ramana Bimbo da > disangka PKI, tapi dileupaskeun deui da teu aya buktos. Anjeunna > geuning dipikahormat pisan ku adina tokoh PKI Aidit, nyaeta Sobron > Aidit nu ayeuna aya di Paris. Lamun teu lepat mah Aidit nu ieu jadi > Warga nagara Perancis. Nyanggakeun seratan Sobron Aidit kangge > pangeling-ngeling ka Ramadahan KH, kenging nyutat ti millis tatanggi : > > > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
