Kang Maman,
Koreksi sakedik, jigana dina seratan Kang Maman (di
handap), kalimah "Rupina ieu teh pangaweruh tina
globalisasi", maksudna "pangaruh" nya? sanes
"pangaweruh". Sugan akur, kitu oge.
Noong perkara nyiapkeun barudak jadi "warga negara
dunia", sakedapan mah eta istilah teh jiga gagah nya.
Coba urang toong ilustrasi nu kapanggih ku kuring di
lembur batur jiga dongeng ieu. Di pusat karamean kota
Kuala Lumpur, pangangguran nitenan jelema nu balawiri
ka ditu ka dieu. Rupa-rupa bangsa bisa kapanggih, ti
mimiti anu kulitna hideung lestreng, sawo asak,
beureum, koneng, nepi ka nu bule aya.
Naon nu matak helok, nu kapanggih dina eta komunitas
jelema multi-ras jeung warna kulit tea, kira-kira jiga
kieu: aya babah panggih jeung babah cas cis cus
nyarita ku basa babah, aya keling panggih jeung keling
cas cis cus nyarita ku basa keling, aya bule panggih
jeung bule cas cis cus nyarita ku basa bule, aya
malayu panggih jeung malayu cas cis cus nyarita ku
basa malayu. Pondok carita, dina komunitas nu "global"
tetela hiji seler batur masih migunakeun identitas
basa kaseleranana. Tapi upama komunikasina geus lintas
bangsa, lain jeung papada selerna sorangan, kakara
migunakeun basa komunikasi nu dipikaharti ku dua
pihak, malayu atawa inggris.
Balik kana perkara "warga negara dunia", naha naon
atuh ari "warga negara dunia" teh. Naha pikeun jadi
"warga negara dunia" kudu eureun heula jadi "warga
bangsa Sunda". Atawa urang bisa jadi "warga negara
dunia" ku cara tetep jadi "warga bangsa Sunda".
Kuring rek nyoba noong perkara di luhur, teuing bener
henteuna mah. Upama urang nitenan hiji bangsa, pikeun
ngabedakeun jeung bangsa sejenna, jigana bisa
dilakukeun kucara milih sababaraha parameter nu bisa
dijadikeun ciciren pangbedana. Diantara ciciren nu
bisa diukur diantarana meureun perkara warna kulit,
basa, jeung wilayah geografina. Urang cokot we salah
sahijina, ciciren "basa" salaku parameter pikeun
ngabedakeun hiji seler ti seler sejenna.
Ayeuna urang nyoba-nyoba nyieun hubungan antara
kumpulan seler jeung kumpulan basa. Sebut wae kumpulan
kahiji, kumpulan seler, A = {sunda, jawa, madura,
bali, bugis, cina, india, arab, aria, eropa}. Kumpulan
kadua, kumpulan basa, B = {basa sunda, basa jawa, basa
madura, basa basa bali, basa bugis, basa cina, basa
india, basa arab, basa jerman, basa inggris}. Meureun
model hubunganana teh pasti "hiji ka hiji", nyaeta
tiap seler mibanda basa husus basa selerna.
Upama dunya geus jadi global tea, kumaha komunikasina?
Bisa jadi modelna salah aahiji tina dua alternatif
ieu: 1) migunakeun salah sahiji tina basa dina
kumpulan B jadi basa panganteur sarerea; atawa 2)
nyiptakeun basa anyar di luar basa dina kumpulan B. Nu
katitenan ku urang ayeuna jigana model kahiji nu
dipake teh, jiga dina kontek nasional migunakeun basa
Indonesia, kontek globalna migunakeun basa Inggris,
atawa basa sejenna. Alternatif kadua mah, jigana can
aya ahli linguistik nu nyieun eksperimen. Padahal
alternatif kadua teh, alternatif paling adil, rarasaan
mah, sabab teu aya dominasi basa hiji seler ka basa
seler sejen.
Upama kitu, nu disebut "warga negara dunia" teh
sabenerna mah lain perkara nu gagah. Tapi perkara
dominasi hiji seler ka seler sejen. Alias perkara
leungitna salah sahiji identitas hiji seler,
kulantaran kadeseh ku seler sejen. Nu ideal, ceuk
kuring ieu mah, hadena mah ciciren seler masih tetep
dipiara (basa lokal, misalna), tapi bisa komunikasi
jeung seler sejen dina kontek global. Wallahu'alam.
(mh)
--- Kang Maman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Upami rerencangan sim kuringmah, nyiapkeun
> murangkalihna janten "warga negara dunia", sanes
> sunda, jawa, atanapi indonesia.
> Rupina ieu teh pangaweruh tina globalisasi.
=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Home is just a click away. Make Yahoo! your home page now.
http://us.click.yahoo.com/DHchtC/3FxNAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/