--- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> To: [email protected]
> CC: [email protected]
> From: "oman abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]>
> Date: Fri, 9 Jun 2006 16:57:29 +0700
> Subject: [Urang Sunda] Re: Pupuh -> Aya Masalah
> Gede...!!
> 
> Ki Hasan (Mh), Kang Aj, oge baraya sadaya,
> 
> Saeutik mairan, jeung satemenna mah ieu teh talatah
> ti abah Surya
> kapungkur. Mudah-mudahan teu jadi masalah, saeutikna
> teu jadi masalah
> gede :).
> 
> Eta, lebah audio kantetan unggal pupuh. Satemenna,
> cara
> ngahaleuangkeun hiji pupuh, utamana sekar ageung,
> henteu sarua antara
> hiji daerah jeung daerah sejenna. Upamana, haleuang
> Asmarandana antara
> Priangan kaler, tengah jeung pakidulan eta rada
> beda. Lamun dina basa
> mah sebut wae ieu teh masalah 'dialek' atawa soal
> lentong.
> 
> Tah, kusabab anu dikantetkeun dina file nangkod
> audio teh ngan hiji
> (asana unggal pupuh ngan hiji conto wanda/cara
> ngahaleuangkeun, nya?),
> aya alusna upama dina tiap file audio teh ditambahan
> katerangan anu
> nuduhkeun ti wewengkon mana wae eta wanda/cara
> ngahaleuangkeun audio
> pupuh conto teh. Nya etang-etang mitembeyan
> ngebrehkeun (sakaligus)
> ngahargaan unak-anik budaya urang. Ngan, meureun
> jadi PR (pagawean
> imah), lain wae keur Ki Hasan, tapi keur urang
> sadaya. PR neangan
> sumber daerah audio pupuh anu kapilih.
> 
> baktos,
> manAR
> 
> 
> On 6/9/06, Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Ki, oge baraya sejenna,
> >
> >   Anu tangtu mah aturan  pupuh teh aya dua:
> >
> >   (1) Kudu murwakanti (hiji pada aya sabaraha
> padalisan, saban  padalisanna
> > aya sabaraha engang jeung ditungtungan ku sora
> aksara hirup  naon) .
> > Contona, Maskumambang: 12-i, 6-a, 8-i, 8a
> >
> >   (2) unggal pupuh boga jiwa sewang-sewangan
> (tengtrem, bingung, banyol,
> > gumbira, jste). Aturan kadua leuwih hese tibatan
> aturan kahiji.  Kukituna,
> > baheula keur di SD, guru kuring teu mentingkeun
> aturan kadua  eta, tapi
> > aturan kahiji mah mutlak. Contona, Maskumambang
> ngagambarkeun  kanalangsaan,
> > ngenes hate.
> >
> >  Aya masalah gede nyatana mah dina  perkara pupuh
> teh. 17 pupuh anu aya di
> > http://urang-sunda.or.id/ePupuh/epupuh.htm (tur
> dicutat ku
> > http://lssitb.f2o.org/kamus/?wk=CategoryPupuh):
> >
> >   (1) Pada kadua unggal pupuh teu tumut kana
> aturan kahiji, teu  murwakanti.
> > Sigana eta pada kadua teh bisa dianggap "alok"
> bae, ulah  dianggap bagian
> > tina pupuh, malah mun bisa mah dipiceun.
> >
> >   (2) Lamun dibandingkeun jeung tulisan sejen
> ngeunaan pupuh (toong salah
> > sahijina di
> http://www.sundanet.com/artikel.php?id=21),
> sareretan  kuring
> > ningali bedana aturan purwakanti pupuh Gurisa
> (cing tengetan nu  lianna): di
> > www.urang-sunda mah sapada teh aya 8 padalisan,
> ari di  www.sundanet mah 6
> > padalisan.
> >
> >   Sok urang pada menerkeun.
> >
> >   AJ


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Everything you need is one click away.  Make Yahoo! your home page now.
http://us.click.yahoo.com/AHchtC/4FxNAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke