Djang Hadji (DH), hehehe.
Nuhun infona. Upama salse mah, cing scan atuh
sagemblengna, perlu pisan keur bahan rujukan. 

Nuhun,
MH

--- Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> sapertos nu dicarioskeun kapungkur di bumi aya buku
> kumpulan pupuh,
> judul : lagu-lagu pupuh
> kenging : mang koko jeung p nataprawira
> penerbit : mitra buana, 1983, bandung
> 
> pupuh 17 lengkep diserat dina eta buku, contona
> pupuh pangkur dihandap ieu.
> =========
> *PANGKUR*
> 
> laras : sal�ndro
> surupan : 1=tugu
> 
> **b�bas wirahma*
> 
> bapa doblang pada terang
> kumis baplang nuruban biwir nu jeding
> pipi kemong irung mancung
> panon buringas h�rang
> gor�ng omong gawang geuweung harung gampung
> pantrang mayar kana hutang
> licik sarta sok curaling
> 
> hiji mangsa bapa doblang
> weureu gadung kabebeng gulang-guling
> jol nu nagih hutang sarung
> gancang ngor�jat hudang
> ngambek nyereng bari ngamang-ngamang pentung
> bapa doblang leng ngol�ang
> labuh nyungkur biwir suwing
> 
> **tandak/panambih*
> 
> gerakan : kering
> 
> euleuh, itu bapa doblang
> notorogan boro ba� kumis baplang
> puas nyorang weureu gadung
> beuteung bebeng lieur lanjung humaregung
> matak og� hirup urang
> entong bedang bedegong curaling
> bisi kawas bapa doblang
> wawales tisuksruk jeung suwing
> 
> mana kalakuan urang
> kudu bener ulah leuwih ulah kurang
> sabab laku lampah urang
> mawa jalan lara bagja nu disorang
> usik malik beurang peuting
> Gusti Alloh nu h�man nu asih
> ucap lampah hat� wening
> ciri jalma utama beresih
> ----
> tah sakitu, dina eta pupuh diwangun ku dua bagean.
> bebas wirahma sareng
> tandak/panambih..
> 
> sakitu nu kapihatur, nyanggakeun
> 
> dh
> he he he poho pernah ngaplod ka blog nu geus jadi
> runtah, tapi karek dua
> pupuh. toong di
> http://deha.wordpress.com/tag/sunda/pupuh/
> 
> On 6/9/06, Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
> >
> >  haturan kang santosa,
> >
> > ieu cek elmu permeureunan nu ku sim kuring
> dicepeng.
> > sim kuring gaduh buku pupuh nu 17 kangge budak
> sd-smp. dina buku eta
> > unggal pupuh dicontoan (minimal) ku dua pada. pada
> kahiji purwakantina
> > saluyu jeung ugeran pupuh, ngan pada kadua mah
> henteu. biasana diluhureun
> > pada kadua sok aya tulisan. panambih. tah duka
> pada kadua pupuhasmarandana di kusnet teh nu disebat
> panambih tea atapi sanes. nu kedah
> > ngajawab ieu mah ahli pupuh panginten. mangga
> kapayun, gan!
> >
> > punten bilih nyanyahoanan..
> > dh
> >  On 6/9/06, trias santosa <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
> >
> > >
> > > Mangga lereskeun pupuh Asmarandana dina Kusnet !
> > > didieu:
> > >
> http://www.urang-sunda.or.id/ePupuh/asmarandana.htm
> > >
> > > Lepatna bait kadua teu murwakanti
> > > Saha nu ngarang baik kadua?
> > >
> > > Wasalam
> > > Kang Santosa
> > >
> > > Asmarandana Eling-eling mangka eling
> > > Rumingkang di bumi alam
> > > Darma wawayangan bae
> > > Raga taya pangawasa
> > > Lamun kasasar lampah
> > > Nafsu nu matak kaduhung
> > > Badan anu katempuhan
> > >  *Eling-eling masing eling
> > > Di dunya urang ngumbara
> > > Laku lampah nu utama
> > > Asih ka papada jalma
> > > Ucap tekad reujeung lampah
> > > Tingkah polah sing merenah
> > > Runtut rukun sauyunan
> > > Hirup jucung panggih jeung kamulyaan *
> > >
> > >
> > >
> > >
> > > --
> > > ~:ngad�k sac�kna, nilas saplasna:~
> > > :.lembur deudeuh.:
> > > http://banjarasih.blogsome.com
> > >
> >
> 
> 
> -- 
> ~:ngad�k sac�kna, nilas saplasna:~
> :.lembur deudeuh.:
> http://banjarasih.blogsome.com
> 
> 
> [Non-text portions of this message have been
> removed]
> 
> 


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Everything you need is one click away.  Make Yahoo! your home page now.
http://us.click.yahoo.com/AHchtC/4FxNAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke