Baraya, Hapunten upami sabagean tina posting ieu ngarupakeun posting kaduakalina. Ieu obrolan dina chatting abdi + Kang Yaya pamugi aya manfaatna. Ka Kang Yaya: Ngiring belasungkawa anu saageung-ageungna, pamugi anu ngantunkeun ditampi iman islamna, kalebet anu maot di jalan Alloh, atuh ka sadaya anu dikantunkeun pamugi aya dina sobar tawekal. Amin:
o_arahman: Kang...ngiring belasungkawa anu sageung-ageungna Rukayadi Yaya: hatur nuhun Kang o_arahman: duh mani nyodcod tuur ngupingna oge Rukayadi Yaya: muhun atuh...kaping 18 Juli 2004 raka abdi ngantunkeun, kang oman ge panan ngalayad harita, kaping 17 Juni 2005 suamina ngantunkeun, kaping 24 Juni 2006 anak + incuna ngantunkeun o_arahman: Gusti........... Rukayadi Yaya: kurang ti 3 taun anak-minantu-incu-bunyut punbiang ngantunkeun o_arahman: Inna lillahi wa inna ilahi rojiun o_arahman: urang tiasa sedih parat dugi ka langit, namung urang ukur tiasa ngabudalkeun naon2 abu dijinkeun ku Alloh Rukayadi Yaya: sumuhun kang o_arahman: sing kiat Kang o_arahman: masih pasrah sumerah ka pangeran o_arahman: gunakeun timbangan anjeunNa sanes timbangan urang salaku makhluk dina ngemutanana Rukayadi Yaya: pun biang mah nyarios kieu: "Tong nanya kumaha sedihna ema, tapi perhatikeun bagaimana ema mengatasi kesedihan" o_arahman: leres pisan Rukayadi Yaya: pun biang mah kiat pisan o_arahman: reueus kang... o_arahman: tah eta salah sawios hikmahna o_arahman: AnjeunNa "ngamaotkeun" ku cintaNa anu moal kahartos ku urang salaku anu awam Rukayadi Yaya: leres.... o_arahman: salira dimana ayeuna? Rukayadi Yaya: di korea o_arahman: moal mulih rupina? Rukayadi Yaya: moal...da saur kulawargi teu kedah.... o_arahman: muhun masing tawekal wae o_arahman: mangga didoakeun pisan Rukayadi Yaya: hatur nuhun Baktos, manAR [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Yahoo! Groups gets a make over. See the new email design. http://us.click.yahoo.com/XISQkA/lOaOAA/yQLSAA/IotolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
