“Bewara Kagiatan Ngalalana”
Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Seja bade ngabewarakeun ka sadayana yen Insya Alloh bade ngayakeun acara
Ngalalana Ka Pangandaran & Batu Karas.
GAMBARAN KAGIATAN
Kagiatan ieu intina mah dina raraga silih wanohkeun silih asah, asih, asuh
diantawis baraya anu sok pirajeunan kukulamprengan di jagat maya. Sareng
ngabrungbrangkeun rieutna mastaka alatan seueurna sareng pahibutna padamelan di
kantor sewang-sewangan. Tah tina kagiatan ieu akhirna mah nya tali duduluran
tiasa manjang sapanjang-panjangna, nya boh nu bade bisnis, milari padamelan
(pami aya, he…he…), milari jodo, milari mantu, sareng anu sanesna.
Peryogi kauningan kusadayana, yen dina kagiatan ieu estuning mayunkeun sikep
kamandirian urang. Hartosna, dina kagiatan ieu teu dipasihan fasilitas dugi ka
transport, penginapan (di pangandaran wungkul aya), tuangeun. Estuning sadayana
teh ku urang ti urang, sareng kanggo urang, saur basa legeg nah meureun
swababarengan (ner teu nya?). Terutami di Batu Karas urang teh ngekamp, masak
nyalira atanapi meser nyalira.
Kahoyong mah tina perjalanan ieu urang tiasa ngadamel samodel dokumentasi boh
dina bentuk tulisan atanapi photo kalayan lengkep. Teras hasilna urang
lebetkeun kana web http://www.urang-sunda.or.id supados sing saha wae sareng
timana wae tiasa muka sareng terang kumaha kaayaan objek wisata anu aya di
tatar sunda khususna Pangandaran. Pan hawatos pisan, kapungkur mah Pangandaran
teh salasawios objek anu diminati pisan ku para turis, na ari ayeuna sepi.
Sareng informasi ngeunaan objek wisata di internet teh mani langki pisan.
ANAPON LOKASI ANU BADE DITUJU
1. Pangandaran (Cagar Alam, Cagar Alam Laut, Goa-goa jsb)
2. Batu Karas (maen salancar, sunset-sunrise, jsb)
WAKTOS ACARANA
Dinten Kemis – Saptu, Ping 17 – 19 Agustus 2006
RENCANA JADWAL KAGIATAN
Acara kagiatan ieu kirang langkung umumna sapertos kieu.
Kemis, 17 Agustus 2006
08.00 – 09.00 : Kempel di Term. Kp. Rambutan
09.00 – 17.00 : Perjalanan ka Batu Karas
17.00 – 19.00 : Istirahat + Ngekamp+ Makan+Sholat
19.00 – 22.00 : Acara Malam + Games
22.00 – 05.00 : Memeres bulu soca
Jum’at, 18 Agustus 2006
05.00 – 11.00 : “Kumaha Dinya”
11.00 – 13.00 : Sholat Jum’at (Kanggo Pameget)
13.00 – 14.00 : Beberes nu teu beres
14.00 – 16.00 : Angkat ka Pangandaran
16.00 – 22.00 : Kumaha Dinya, Ulin, Beubeuleuman
Lauk
22.00 – 05.00 : Memeres bulu soca
Saptu, 19 Agustus 2006
05.00 – 07.30 : Kumaha Dinya
07.30 – 17.00 : Ngaprak Cagar Alam (Laut +
Leuweung), guha2, dll.
17.00 – 19.00 : Ngaso deui
19.00 - : Balik ka Imah
PERLENGKAPAN ANU KEDAH DICANDAK / DISAYOGIKEUN
1. Peralatan masak + makan.
2. Parafin per orang na 2 bungkus.
3. Tenda / Dome.
4. Bade nyandak gitar sareng sajabana oge mangga.
FORMULIR PENDAFTARANANA
Nami Lengkep :
Alamat :
No HP/Tlp. :
E-mail :
YM ID :
Jumlah anu bade ngiring :
Ngiring Angkat : Jakarta / Bandung / Tepang di
Pangandaran *)
*) Coret anu teu peryogi
Formulir ieu mugi dikintunkeun ka email : [EMAIL PROTECTED] japri wae.
PENDAFTARAN
Biaya pendaftaran : Rp. 45.000/jalmi (teu kalebet transport,
konsumsi,logistic)
Pendaftaran + konfirmasi di tutup dugi ka ping 9 Agustus 2006.
Transferkeun ka Saderek Amin Mutamin No. Rek. 0014369631 Bank BNI Dukuh
Bawah Jakarta, saren pami tos transfer mugi ngawartosan ka Kang Amin Mutamin -
0811959177
FASILITAS ANU DISAYOGIKEUN
Kaos, penginapan di Pangandaran
TIM FASILITATOR / EO
Koordinator : Ki Runa Inawan
Bendahara /Paleuitan : Kang Amin Mutamin
Tukang Jepret : Kang Dudi Herlianto
Tukang Nyusun Acara : Kang Yugi Budiana Malik
Tukang Kaditu-kadieu : Kang Irpan Rispandi
Contact Person :
Runa Inawan – 0818109410 YM: runainawan / runa_inawan
Kang Amin – 0811959177 YM: ojimasid
Kang Irpan - +628888091440 [EMAIL PROTECTED]
Info salajengna sumangga kanggo dibuka di :
http://inawan.multiply.com
http://inawan.blogs.friendster.com
ESTIMASI BIAYA ANU DIPERYOGIKEUN
~ Transportasi PP : Rp. 180.000 (AC) / ekonomi tangtos sahandapeun
~ Tiket : Rp. 15.000 (Cagar Alam Pangandaran + Batu
Karas)
Hatur Nuhun
Baktos,
Wassalamu'alaikum WR. Wb.
TIM EO
---------------------------------
Apakah Anda Yahoo!?
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
[Non-text portions of this message have been removed]
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
See what's inside the new Yahoo! Groups email.
http://us.click.yahoo.com/2pRQfA/bOaOAA/yQLSAA/IotolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/