Baraya,

Naon anu didugikeun ku Bioeti tur dialokan ku Kang Riksanagara eta leres
bagian tina ajen inajen budaya Sunda, khususna dina miara jeung ngajaga
lingkungan. Anu katitenan ku sim kuring, lembaga atawa organisasi anu geten
ngabewarakeun (ngamasyarakatkeun deui) eta ajaran titinggal budaya urang
dina miara lingkungan nyaeta DPKLTS (Dewan Pemerhati Kehutanan dan
Lingkungan Tatar Sunda).

Dina salah sahiji presentasina, DPKLTS mintonkeun eta ajaran sarupa kieu:


"Kearifan Lokal dan Tata Ruang Keseksamaan DAS".  Saur Sepuh :

* *

•         Gunung                 - Kaian

•         Gawir                    - Awian

•         Cinyusu                 - Rumateun

•         Sampalan              - Kebonan

•         Pasir                     - Talunan

•         Dataran                 - Sawahan

•         Lebak                    - Caian

•         Legok                    - Balongan

•         Situ                       - Pulasaraeun

•         Lembur                  - Uruseun

•         Walungan              - Rawateun

•         Basisir                  - Jagaeun

Basa Indonesiana kurang leuwih kieu:

   - Gunung                          - Hutankan
   - Tebing                           - Tanami bambu
   - Mataair                           - Peliharalah
   - Tanah Kosong                 - Jadikan kebun
   - Bukit                              - Kelolalah dengan wanatani
   - Dataran                           - Kelola dengan pesawahan
   - Lembah                           - Jadikan untuk menampung air
   - Daerah terendah               - Jadikan kolam
   - Danau                             - Peliharalah
   - Desa                               - Urus yang benar
   - Sungai                            - Rawatlah
   - Pesisir                            - Harus dijaga

Katawis tina tarjamahan basa Indonesia, dina urusan basa pikeun ngurus
sarakan/lahan, basa Sunda langkung beunghar. Tingali upamana, kasus
tarjamahan pikeun "lebak" jeung "legok" anu susah diindonesiakeun
(ditarjamahkeun kana basa sejen)

baktos,
manAR

On 8/2/06, Cacandran Riksa Nagara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Kahatur Bioeti,
>
> Sinareng Hormat,
>
> Gunung kaian, Gawir awian , Cinyusu rumateun, Pasir talunan, Sampalan
> kebonan, Walungan rawatan, Dataran sawahan, Situ pulasareun, Lembur uruseun,
> Basisir jagaeun.
>
> : kenging tina SMS nyasar ka nomer sim kuring, nu ngirim na dugi
> denget ieu teu aya nu ngaku saha.
>
>
> Upami teu lepat anu gaduh prinsip hirup sapertos kieu teh nya kedahnamah
> sadaya urang sunda anu nyaah ka lingkungan nana; ka tanah Parahyangan nana
> anu di pika cinta anu dipikadeudeuh,...sakaterang sim kuring upami anu gaduh
> prinsip kieu teh diantara na inohong Sunda, Kang Mubiar Purwasasmita; salah
> sahiji anggota Dewan Pemerhati Kehutanan dan Lingkungan Tatar Sunda
> (DPKLTS); mangga tiasa ditoong ku Bioeti di ramat loka:
>
> http://www.sundanet.com/artikel.php?id=217
>
> Bioeti kenal ka Kang Mubiar?
>
> Baktosna
>
> Riksanagara
>
>
> ---------------------------------
> See the all-new, redesigned Yahoo.com.  Check it out.
>
> [Non-text portions of this message have been removed]
>
>
>
> PENTING..!
>
> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>
> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
> berupa pencabutan membership.
>
> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
> mengupdate antivirusnya.
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke