Komodo (Varanus komodoensis) mangrupakeun kadal badag nu ukur aya di
Kapuloan Sunda Alit, Indonésia. Ieu sato téh golongan kadal pangbadagna nu
hirup kénéh nepi ka kiwari, panjangna rata-rata 2-3 méter. Di alam liar, nu
jalu beuratna kira 70 kg, sedengkeun nu dikandangan (kukutan) bisa leuwih ti
éta. Komodo pangbadagna nu kungsi kacatet panjangna 3,13 m, kalawan beurat
166 kilo, kaasup kahakanan anu can kacerna dina beuetungna[1]. Komodo kaasup
kulawarga kadal monitor, Varanidae.
Ayana komodo mimiti dilaporkeun ku urang Éropah taun 1910, nu salajengna
sumebar ka sakuliah dunya, sahingga ngirut Peter Ouwens, pupuhu Musium
Zoologi Bogor, Jawa Kulon, medalkeun makalahna taun 1912. Taun 1980, Taman
Nasional Komodo diresmikeun pikeun miara populasina.
Kadaharan
Komodo mah karnivora. Najan mimindengna mah dahar bangké, hasil
panalungtikan nunjukkeun yén komodo ogé sok moro mangsana, migunakeun kabisa
lumpatna nu bisa nepi ka 20 km/h. Najan teu dianggap sato peurahan, huntu
(baham) komodo téh sok pinuh ku rupa-rupa baktéri. Sakali digégél, najan
bisa ngejat gé mangsana moal bisa manggapulia, sabab bakal katarajang
inféksi nepi ka paéhna dina jangka ukur saminggu. Komodona mah kari
nuturkeun tapakna (bau bangkéna).
Mangsa komodo téh rupa-rupa, di antarana bagong, embé, uncal, jeung munding.
Di alam liarna mah malah komodo téh boga watek kanibal. Manusa ogé
kalaporkeun aya nu kungsi jadi korban komodo.
Komodo nu leutik kénéh boga cakar nu bisa dipaké pikeun naék tangkal, tapi
mun geus kolot mah ukur dipaké salaku pakarang.
Populasi
Komodo kaasup spésiés nu kaancam punah, sarta kadaptar dina Daptar Beureum
IUCN. Kiwari aya kira 6.000 komodo nu hirup, di antarana di pulo Komodo (
1.700), Rincah (1.300), Gili Motang (100), jeung Florés (kira 2.000).
Baranahan
Usum jalangan komodo lumangsung antara bulan Méi jeung Agustus, disusul ku
endogan bulan Séptémber. Komodo bikang neundeun endogna dina taneuh atawa
pasésaan kai. Sakali ngendog téh rata-rata 20-an, nu disileungleuman salila
7 bulan. Sanggeus megar, anak komodo lolobana hirup dina tatangkalan pikeun
nyingkahan pamangga. Komodo nincak sawawa dina umur 5 taunan, panjangna kira
2 m, nu bisa hirup nepi ka 30 taunan.
Panalungtikan DNA
Sababaraha waktu ka tukang, panalungtikan migunakeun analisis DNA jeung
téhnik lianna di Universitas Melbourne nunjukkeun yén horéng komodo téh
peurahan (atawa boga gén nu ngahasilkeun peurah) sarta kaasup Toxicofera.
Hasil ieu penting pikeun anggapan tradisional ngeunaan évolusi Squamata,
sabab bukti DNA nunjukkeun yén kadal jeung oray modéren téh tepung dina
karuhun 200 taun ka tukang.
Média
Vidéo Varanus komodoensis di Karajaan Sato Disney
* Varanus komodoensis #1 (iber koropak)
* Varanus komodoensis #2 (iber koropak)
* Varanus komodoensis #3 (iber koropak)
* Teu bisa nempo vidéona? Baca pitulung média.
Baca ogé
* Megalania prisca (kadal Varanid raksasa nu geus lastari)
* Naga Éropah (naga mitos)
Rujukan jeung tumbu kaluar
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina
kaca Varanus komodoensis
* World Conservation Monitoring Centre (1996). Varanus komodoensis. 2006
IUCN Red List of Threatened Species. IUCN 2006. Dipulut ti 11 May 2006.
Listed as Vulnerable (VU B1+2cde v2.3)
* The Komodo Dragon by Claudio Ciofi, Scientific American (March 1999)
* Woodland Park Zoo
* Komodo Dragon Central web directory
* Discovery of venom in monitor lizards
Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Komodo"
Kategori: Sato | Alam liar Asia | Fauna Indonésia
--
sikandar
www.urang-sunda.or.id
su.wikipedia.org
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/